Tapi seueur US lebet ka na agama eta , kunaon nya ?

--- In [email protected], richadiana kartakusuma 
<richadianakartakus...@...> wrote:
>
> nu aya mah BUDAYA SUNDA mah hanteu TELENGES TUR KEJI 
> 
> 
> 
> 
> 
> ________________________________
> From: Abbas <abas_ami...@...>
> To: [email protected]
> Sent: Sat, July 24, 2010 5:07:38 AM
> Subject: [kisunda] Re: (unknown)
> 
>   
> Ibu tohaan, ibu teh urang Galuh asli , Bu ?
> Dongeng nu dihandap teh, asa model Helan Van Troy.
> Ngan didieu Helenna janten Harisbaya.
> Paingan atauh paingan, di tatar sunda mah ampir teu aya hukum rajam teh; da 
> ti 
> kapungkur ge tos diluluguan ku para menakna; teu aya
> hukum rajam teh. Ieu namina fleksibel tea panginten.
> Duka atuh, alias Wallahualam tea. Hahahaha.
> Kumaha tah Bu ? Ibu Tohaan ?
> 
> --- In [email protected], tohaan.kayuwangi@ wrote:
> >
> > Harita tangtu  arapaleun aya hukum rajam nepi ka tewas. Menak turunan raja 
> > oge 
> >lain jalma nu dikecualikeun.
> > Powered by Telkomsel BlackBerry®
> > 
> > -----Original Message-----
> > From: Dudi Herlianto <dudi.herlianto@>
> > Sender: [email protected]
> > Date: Fri, 23 Jul 2010 17:15:20 
> > To: <[email protected]>
> > Reply-To: [email protected]
> > Subject: Re: [kisunda] (unknown)
> > 
> > haturan kang maman, bagea tepang. oge kang ii oge baraya sadaya. dongeng yen
> > dayeuh luhur kantos janten puser karajaan sumedang larang nu kantos kakuping
> > ku kuring mah kieu:
> > 
> > basa prabu geusan ulun ngora keneh manehna nyantri ka pangeran cirebon
> > (hilap deui namina mah), prabu geusan ulun kapincut ku hiji istri, ratu
> > harisbaya. hanjakal eta istri teh geus jadi pamajikan pangeran cirebon. ngan
> > prabu geusan ulun teu cau ambon dikorangan. ratu harisbaya ge kapincut,
> > purun. duanana sapuk kabur ti cirebon keur merjoangkeun cintana. terang
> > dikaburkeun ku pamajikanna, pangeran cirebon tangtu teu narimakeun. anjeunna
> > ngudag nu kakaburan. keur nyingkahan pangudag eta, prabu geusan ulun nepi ka
> > mindahkeun puser dayeuh kakawasaanna ti kutamaya ka dayeuh luhur. ahirna,
> > kajadian nu matak ngerakeun ieu teu ditungtungan ku perangna dua karajaan
> > sadulur (bapa prabu geusan ulun, pangeran santri tea teh turunan sunan
> > gunung jati, pendiri cirebon. cenah). kadua pihak nepi kana kasapukan,
> > pangeran cirebon nalak ratu harisbaya. sedengkeun prabu geusan ulun
> > masrahkeun daerah majalengka ka cirebon.
> > 
> > ngeunaan hanjuang nu aya di alun-alun kutamaya, eta aya hubunganna jeung
> > kajadian di luhur. opat kandaga lante nu ti pajajaran tea harita geus
> > ngawula ka prabu geusan ulun. basa terang prabu geusan ulun diuudag ku
> > pangeran cirebon, embah jayaperkosa (embah sayanghawu) kandaga lante
> > pangdipikakolotna indit ka wates sumedang cirebon keur naheun pasukan
> > pangudag. samemehna, melak heula hanjuang nu di pojok alun-alun tea, bari
> > ngucap, lamun hanjuang eta terus hirup eta teh tanda yen manehna oge masih
> > keneh hirup. kitu deui sabalikna, lamun hanjuang paeh, tanda manehna oge
> > geus paeh.
> > 
> > kacaritakeunna mah, embah jayaperkosa teu panggih jeung pasukan pangudag
> > cirebon. manehna balik deui ka kutaraja. anjog, ningali hanjuang masih keneh
> > hirup tapi kota geus parongpong. ditinggal ngungsi ku pangeusina ka dayeuh
> > luhur. tungtungna manehna nyusul ka dayeuh luhur. nepi ka dimakamkeunna di
> > dinya. ku netelina kana kajadian eta, embah jayaperkosa kedal ucap, teu
> > meunang aya jalma nu datang ka makamna make baju batik cirebon.
> > 
> > kitu manawi, dongeng sumedang larang ngeunaan dayeuh luhur jeung hanjuang
> > pojok alun-alun kutamaya nu kungsi mampir ka ingetan simuing. leres atawa
> > salahna mah kuring ge teu apal.
> > 
> > o enya, daerah sanes nu kungsi jadi puser sumedang, salian leuwihideung,
> > kutamaya, jeung dayeuh luhur nyaeta canukur.
> > 
> > nuhun,
> > 
> > dudi
> > 
> > 2010/7/23 <mamansms@>
> > 
> > >
> > >
> > > Sumuhun kitu ari cariosan sepuh urang the. Aya hiji tempat kulonen
> > > panyingkiran, upami teu lepatmah di kampung Barak ayeuna the nuju [
> > > pembebasan tanah] duka bade di damel naon eta the. Ari nguping mah naha
> > > leres bade di damel situs kota Sumedang larang. Baktos. Kang dedeng
> > >
> > > Powered by Telkomsel BlackBerry®
> > > ------------------------------
> > > *From: * "Ii Sumirat" <sumirat@>
> > > *Sender: * [email protected]
> > > *Date: *Fri, 23 Jul 2010 13:23:23 +0700
> > > *To: *<[email protected]>
> > > *ReplyTo: * [email protected]
> > > *Subject: *RE: [kisunda] (unknown)
> > >
> > >
> > >
> > >  *"lamun geus aya nu melak tangkal hanjuang eta ciri cirina kabupaten arek
> > > pindah (nya ka anu ayeuna tea geus kabuktian), terus lamun geus aya anu
> > > melak haur (?) di alun alun (Lingga) kabupaten bakal pindah deui ka belah
> > > kulon (ekeur ayeuna)"  *
> > >
> > > kitu cenah ceuk kolot mah tibaheula sok ngadenge sikuring… Duka tah 
> > > meunang
> > > blue print timana bisa nyarios kitu asa miheulaan ahli tata kota J
> > >
> > >
> > >
> > > *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> > > Behalf Of *mamansms@
> > > *Sent:* Friday, July 23, 2010 11:09 AM
> > > *To:* [email protected]
> > > *Subject:* Re: [kisunda] (unknown)
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > Leres pisan gan Ii Sumirat panginten kawit na ti sumedang nya, janten eta
> > > hanjuang the dugi ka kiwari masih keneh aya, di desa Kutamaya anu 
> > > kapungkur
> > > mah jenengan na the desa Padasuka namung di mekarkeun janten dua desa 
> > > nyaeta
> > > desa Kutamaya sareng desa mulyasari. Hapunten bilih lepat.
> > >
> > > Powered by Telkomsel BlackBerry®
> > >  ------------------------------
> > >
> > > *From: *"Ii Sumirat" <sumirat@>
> > >
> > > *Sender: *[email protected]
> > >
> > > *Date: *Fri, 23 Jul 2010 09:42:25 +0700
> > >
> > > *To: *<[email protected]>
> > >
> > > *ReplyTo: *[email protected]
> > >
> > > *Subject: *RE: [kisunda] (unknown)
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > Kutamaya na teh anu cirina tangkal hanjuang nya kang ? Palebah dayeuh 
> > > luhur
> > > mah sami teu pernah nguping, da eta mah tempat tarilem na cenah..
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> > > Behalf Of *Maman Heryadi
> > > *Sent:* Thursday, July 22, 2010 1:32 PM
> > > *To:* [email protected]
> > > *Subject:* [kisunda] (unknown)
> > >
> > >
> > >
> > 
> > -- 
> > d-: dudi herlianto :-q
> > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke