Eta abah aya keneh cimalaka jeblog hehe Abah Waluya muhun ayeuna mah janten robih sikuring kadang saban minggu uih ka Cimalaka desana kebonkalapa (ayeuna asup ka Cisarua), carita cimalaka pamandian teh ayeuna rada kurang tepat dan kadang sok hese cai ari usum halodo mah sami jeung tempat sejena. Keretek cimalaka - sumedang tos teu aya, aya keneh oge cimalaka - cipanteuneun, sareng cimalaka - licin (lembur bapa sikuring). Tah ceuk kolot cipanteuneun cenah baheulana paragi ngamandian kuda jeung domba, abah Waluya mah panginten ngalaman. Jaman sikuring mah tos henteu. Oh enya kuring meunang lalandian keur Cipanteuneun hulu cai the dilandi ku Ci Punten Nun (maksdnya cipanteunen caina ukur ngaliwat keur urang dinya sorangan).
Baktos Ii Sumirat -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Waluya Sent: Friday, July 23, 2010 3:48 PM To: [email protected] Subject: Nostalgia: Padasuka Sumedang --> Re: [kisunda] (unknown) > From: [email protected] > Leres pisan gan Ii Sumirat panginten kawit na ti sumedang nya, janten eta > hanjuang the dugi ka kiwari masih keneh aya, di > desa Kutamaya anu > kapungkur mah jenengan na the desa Padasuka namung di mekarkeun janten dua > desa nyaeta desa > Kutamaya sareng desa mulyasari. Hapunten bilih lepat. Heuheuheu ...mani nyeblak maca "desa padasuka", inget ka almarhumah pun Nini. Pun Nini teh aslina urang dinya, ngan ngalih ka Cimalaka, ngiring ka pun Aki nu asli urang Gelembung Cimalaka (Sumedang oge). Keur budak sok dibawa nganjang ku pun Nini teh ka Padasuka, nepungan wargina sakalian ngalongok sawah. Ti Lembur di Cimalaka "nyarter" delman ka kota Sumedang, tapi ngan bisa tepi ka Ragadieum da ka Padasuka mah jalanna taringgul ku batu jeung lamun usum hujan jeblog ditambahan kudu meuntas sasak Cipeles nu geus butut jeung barolong. Pun Nini teh geus siap-siap, selop sanes dianggo tapi malah diais, kuring oge sarua sendal dijingjing, terus leumpang nyeker. rarasaan teh mani jauh pisan. Komo pas meuntas sasak Cipeles mah, kuring sok sawan, da geus barolong, sedengkeun dihandap cai mani muih. Ku Nini teh sok dituntun dicekelan pageuh: "Hayoh wanikeun Jang...hayoh wanikeun ngalengkah". Bari suku ngadaregdeg kuring ngawani-wani maneh. Sasak teh asa panjang pisan, meuntas teh seuseut tepina. Bras weh ka lembur Bojong, tidinya keneh geus loba nu nanya atawa nini sok tunyu-tanya ka sakur nu wawuh. Papanggih deui jeung sasak walungan leutik, cibitung. Sarua sasakna butut, ngan kulantaran pondok, teu pikasawaneun siga sasak Cipeles. Tepi weh ka lembur asalna Nini, Cibitung. Nini biasana nganjang ka bumi raina, kuring nyebut Nini Usu, meureun pedah Nini Usu teh bungsuna, ari Pun Nini mah pangais bungsu. Nini biasana nganjang tepika jam 2-3 sore, da sakapeung sok unjung-anjang ka wargina nu sanes. Kuring mah sok ngiclik nunutur, loba pisugemaeun, da eta sok loba nu maparin artos. Saku jadi merekis ku duit pamerean. Nu hoream teh palebah balik, kudu leumpang jeung kudu meuntas sasak cipeles deui. Tepi ka Ragadieum Mang Anung kusir delman geus nungguan, sajam leuwih kakara tepi ka lembur deui, da puguh jalan ka Cimalaka teh nanjak. Ayeuna sasak Cipeles geus alus, mobil balawiri padahal baheula Padasuka nu sabenerna mah deukeut jeung kota Sumedang, mani asa jauh pisan. Nganjang kadinya ti Cimalaka siga rek nganjang ka tempat nu jauh pisan. Kuring ayeuna osok ngaliwat ka lembur eta, tapi ukur ngaliwat da puguh nu waranoh geus teu araya. Ngan sakapeung lamun mawa mobil sorangan, kuring sok eureun heula, palebah makam Uyut jeung Nini-Aki ti gigir nu kabeneran teu jauh ti jalan. Tara turun tina mobil, ukur sakeudeung kunyam-kunyem ngadoa, mugi-mugi ararnjeunna nu tos teu araya, kenging rahmat tinu Maha kawasa. (Sakadar nostalgia, Sumedang di taun 1960'an) Baktos, WALUYA ------------------------------------ Yahoo! Groups Links ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
