Sababaraha waktu kaliwat, aya website di multiply, khusus ngeunaan wayang. nu bogana urang jawa, tapi manehna nga-apresiasi oge kana wayang sunda. inget-inget poho naon alamatna. ingetna teh aya "prabu"-an.
terus kuring google, key wordna 'wayang' jeung 'prabu'.
mucunghul link ieu :

wayangprabu.com

mangga wae tingalian.

--
R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupaling Ningrat, teureuh Planet Krypton



On 07/29/2010 04:05 PM, Dudi Herlianto wrote:

hehe... ari buku wayang mah duka naon nu sae. ngan mun rajeun kokoreh di internet ge da balatak atuh bahan bacaeun ngeunaan wayang mah...

2010/7/29 Ii Sumirat <[email protected] <mailto:[email protected]>>

    Caritana dimodif sakumaha saur kang Dudi, kulataran wayang
    dijadikeun alat nyebarkeun islam harita.  Jadi lamun teu kitu,
    Pandawa anu gambaranana selalu bener teh (bodas saur bah AA) jadi
    moal kacitrakeun kitu. Ah naon naon teh geuning di urang mah kitu
    tara sajelentrena, utamana sejarah loba anu kadang ngalieurkeun.

    Pami hoyong terang carita2 wayang kieu jeung falsafahna ayana dinu
    buku naon (namina) sareng dimana ? bilih kang Dudi terang

    Tambah panasaran. Hehe

    *From:* [email protected] <mailto:[email protected]>
    [mailto:[email protected] <mailto:[email protected]>]
    *On Behalf Of *Dudi Herlianto
    *Sent:* Thursday, July 29, 2010 2:55 PM


    *To:* [email protected] <mailto:[email protected]>
    *Subject:* Re: [kisunda] Re: B Kombayana ka - 9

    poliandri memang teu pati dikenal di urang. komo sanggeus islam
    asup mah. cek carita drupadi dina wikipedia ge kitu, dirobahna
    kapoliandrianna teh sabab carita wayang diluyukeun jeung ajaran nu
    anyar. wayang nu memang jadi kasenian populer harita terus
    dimodifikasi, dimanfaatkeun ku da'i-da'i keur nyebarkeun islam.

    ngan kuring mah teu satuju mun poliandri dianggap goreng, ukur
    lantaran nu boga pasangan leuwih ti hiji teh pihak awewena. malah
    kamandang saurang bloger mah poliandri leuwih loba manpaatna
    tinimbang poligini. cobi geura toong di dieu:
    http://www.bebekrewel.com/polyandri/
    <http://www.bebekrewel.com/polyandri/> . lamun dipikir-pikir mah
    eta kamandang teh aya benerna haha.

    ngan (deui), memang lamun urang bisa nyaho kumaha cara ngabedakeun
    anak hasil poliandri versi mahabarata, bakal jadi kanyaho nu alus. :)

    ._,___




--
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk



Kirim email ke