Caritana dimodif sakumaha saur kang Dudi, kulataran wayang dijadikeun alat
nyebarkeun islam harita.  Jadi lamun teu kitu, Pandawa anu gambaranana
selalu bener teh (bodas saur bah AA) jadi moal kacitrakeun kitu. Ah naon
naon teh geuning di urang mah kitu tara sajelentrena, utamana sejarah loba
anu kadang ngalieurkeun.

Pami hoyong terang carita2 wayang kieu jeung falsafahna ayana dinu buku naon
(namina) sareng dimana ? bilih kang Dudi terang

Tambah panasaran. Hehe 

 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Dudi Herlianto
Sent: Thursday, July 29, 2010 2:55 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Re: B Kombayana ka - 9

 

  

poliandri memang teu pati dikenal di urang. komo sanggeus islam asup mah.
cek carita drupadi dina wikipedia ge kitu, dirobahna kapoliandrianna teh
sabab carita wayang diluyukeun jeung ajaran nu anyar. wayang nu memang jadi
kasenian populer harita terus dimodifikasi, dimanfaatkeun ku da'i-da'i keur
nyebarkeun islam.

 

ngan kuring mah teu satuju mun poliandri dianggap goreng, ukur lantaran nu
boga pasangan leuwih ti hiji teh pihak awewena. malah kamandang saurang
bloger mah poliandri leuwih loba manpaatna tinimbang poligini. cobi geura
toong di dieu: http://www.bebekrewel.com/polyandri/ . lamun dipikir-pikir
mah eta kamandang teh aya benerna haha.

 

ngan (deui), memang lamun urang bisa nyaho kumaha cara ngabedakeun anak
hasil poliandri versi mahabarata, bakal jadi kanyaho nu alus. :)

 

2010/7/29 Ii Sumirat <[email protected]>

  

Muhun kang dudi, simkuring janten panasaran, mudah2an ki dalang AA tiasa
ngajelaskeun  : ) 

Ari biasana carita karajaan mah poligami tp ieu malahan poliandri 

 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Dudi Herlianto
Sent: Thursday, July 29, 2010 2:12 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Re: B Kombayana ka - 9

 

  

di wikipedia aya carita drupadi (http://id.wikipedia.org/wiki/Dropadi). di
dinya ge disebutkeun anak-anak drupadi ti pandawa. ngan kumaha cara
ngabedakeun mana-anak-saha-na mah henteu dijelaskeun, naha dina mahabarata
tes dna tos dikenal? atawa maranehna boga metoda nyalira? walohualam

 

:)






-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

___




-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk



Kirim email ke