Masalah mental atawa kumaha nya Bah Willy? Da lamun aya mufti, imam ti 
Mesir/Arab Saudi mah alakur tah! Kumaha mun ngondang wae mufti/ahli hisab ti 
ditu keur nangtukeun awal ramadhan jeung awal Syawal?

 ~ experientia docet sapientiam ~




________________________________
From: Waluya <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, August 11, 2010 23:12:55
Subject: Re: [kisunda] Puasa - Awal Puasa Bareng?

  
> From: JeBe
> Ceuk sakaterang sim kuring mah kunaon aya pasalia wae teh kulantaran aya 2 
> metode nu dianggo dina nangtukeun tos lebet > shaum atw syawal (nu utamina 
> mah) nyaeta Metode Rukyat sareng Metode Hisab

Lamun teu salah, NU oge tetep nganggo elmu hisab, ngan teu diutamakeun, nu 
utamana "bulan anyar" kudu katempo ku panon. Dina elmu Hisab (komo nganggo 
perhitungan astronomi modern mah)  nangtukeun "bulan anyar" teh tangtuna 
henteu hese, komo ayeuna aya komputer. Nu masalah teh dina nangtukeun 
SABARAHA DARAJAT ti ufuk "bulan anyar" katempo ku panon, sabab kamampuan 
nempo teh teu sarua, komo nempo nu jauh mah.  Tah masalah sudut tenjo ieu nu 
sabenerna teu rengse-rengse, euweuh kasepakatan.diantara akhli hisab oge. 
Matak teu aneh sanajan sarua make elmu hisab,  hasilna tetep beda. Jadi 
umpama hayang aya kasaragaman, mimitina kudu aya kasapagodosan heula 
diantara ahli elmu hisab. Tah lamun geus sapagodos, kakara ngajak badami 
kanu make metode rukyat .....

Supaya sapagodos, egoismeuna kudu dikurangan saeutik sauetik .....

Baktos.
WALUYA


 

Kirim email ke