nu kabaca ku kuring mah, fatwa atawa himbauan atawa naon wae ngaranna nu
dikaluarkeun ku persis justru keur ngahukum nu hirup. hukuman salian keur
ngadatangkeun epek kapok, teu ngalaksanakeun deui. oge bisa keur
panyingsieun, sangkan teu dilakukeun.

kuring pns di pemda sumedang jadi sieun korupsi gara-gara aya fatwa persis
eta. sieun engke mun geus ngababatang euweuh nu nyalatkeun. misalkeun.

conto hukum sejen nu model kieu nyaeta, nu tara salat asup naraka :p

2010/8/11 Abbas <[email protected]>

>
>
> Saleresna mah nu maot mah dihukumna ku Gusti.
> Jadi tindakan teu nyalatkeun teh, keur nu hirup.
> Tuh tempo, matak ge sing bener kalakuan; pan teu dishalatkeun tah !?
> Eta efek psychologisna nu diharep teh.
>
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, "Waluya"
> <waluya2...@...> wrote:
> >
> > > "Abbas" <abas_amin08@> wrote:
> > > Kapan ustadz mah apal ka na aturan. Jadi harepan sarerea
> > > ulah mirucaan teu bener. Kitu tah philosofina.
> >
> > Kieu we atuh Bah AA, supaya agama "ngiringan" dina ngabarantas korupsi
> mah. Tinimbang "ngahukum" nu puguh geus maot, mending ngahukum nu hirup
> keneh. Carana:
> >
> > 1. Teu meunang narima sumbangan ti koruptor. Nu nyumbang duit keur
> ngawangun masjid atawa tempat ibadah sanesna kudu dipaluruh heula duitna
> meunang timana, duit "halal" atawa duit "haram" (Eh ketang aya kitu duit nu
> haram? ...hehehehe).
> >
> > 2. Nu rek munggah haji atawa umrah, dipariksa heula timana duitna, komo
> nu sering bolak balik mah.
> >
> > Sok mangga, aya nu wantuneun henteu?
> >
> > Salam,
> > WALUYA
> >
> _._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke