o kitu, saleresna mah nami-nami kleub mengbal (tah ieu ngaran prah keur sepakbola di lembur kuring, wanda-tinulis-ucap-gancang tina maen bal) eta teh warisan liga perserikatan kapungkur nu saratus prosen amatir. da upami ningali aran kleub-kleub mengbal nu geus ti jaman samemehna profesional mah--jaman galatama-- henteu kitu. nya sami we jeung aran di luar. contona: mastrans bandung raya, arema malang, pelita jaya, kramayuda, petrokimia putra, semen padang, pupuk kaltim jsb.
tah mangsa liga perserikatan jeung galatama (liga sepakbola utama) ieu dihijikeun jadi liga indonesia, nu cenah boga tujuan keur ngawangun bisnis mengbal indonesia, kleub urut galatama nu nyesa dina liga indonesia terakhir tinggal 5 kleub, nyaeta: arema indonesia (tadina arema malang), pelita jaya, bontang fc (tadina pupuk kaltim), semen padang, jeung deltras (tadina gelora dewata). sesana 13 kleub urut pamilon liga perserikatan, nu ngan sakleub nu ngaranna beda jeung nu lian, sriwijaya fc (asalna mah sarua wae nyaeta persijatim. nu sanggeus pindah ka palembang robah jadi sriwijaya fc). ku kituna wajar wae upama ningali saliwatan mah ngaran kleub pamilon liga indonesia teh saragem. da mun ditingali dina liga indonesia munggaran mah (di dinya persib juara, sakali-kalina) nu diiluan ku 34 kleub, perserikatan jeung galatama teh jumlahna satengah-satengah. aya sababara teori nu bisa ngajelaskeun hal eta. salahsahijina kurangna biaya. bisnis sepakbola nu karak dimimitian tangtu ngaripuhkeun keur kleub-kleub pamilon. keur kleub urut perserikatan mah jigana teu pati masalah, sabab masih dibantuan ku duit rakyat. malah baheula mah sumber dana keur ngiluan liga meh 100% tina apbd. sedengkeun keur kleub urut galatamada nu sapinuhna ngandelkeun sponsor swasta nu biasana teu leupas tina masalah untung rugi, bisnis mengbal indonesia ditingali can bisa nguntungkeun. nya rea sponsor nu ahirna mundur. tungtungna kleub teu bisa terus ngilu liga. beakeun dana. contona naon nu kaalaman ku bandung raya. juara liga indonesia taun 1995/1996 kapaksa mundur sanggeus ditinggalkeun ku sponsorna, mastrans. balik ka narjamahkeun aran persib. keur hiji merk ngarobah persib rea rugina, utamana dina jangka pondok. nga-*branding* hiji aran teh teu gampang. komo sangkan bisa jadi merk nu sagede persib. nu najan dina ngaranna ngan ukur aya bandung, nu ngarasa miboga meh sajawa barat. hal ieu kacida nguntungkeunna keur ngadagangkeun persib. contona persib ayeuna nu munggaran jeung hiji-hijina kleub di liga indonesia nu meunang sponsor utama dina dangka tilu taun ka hareup. tapi ngarobah ngaran persib oge teu saeutik untungna ketang. utamana dina dangka panjang. ngaran persib nu kuno, tidak menarik, kurang kasep/geulis lah kahareupna mah bakal jadi bumerang. komo lamun aya kleub anyar nu jadi idola anyar urang sunda mah. alatan kleub nu boga aran leuwih gandang teh prestasina leuwih edun ti persib misalkeun. bakal ngabalukarkeun persib ditinggalkeun. usaha ieu lain teu kapikiran ku gegeden persib. malah mah anyar-anyar ieu aya upaya keur ngarobah lambang persib. cenah salian ti kurang hade sacara artistik, lambang nu ayeuna teh nyusahkeun dina neangan sponsor. sabab lambang nu ayeuna mah cenah masih nyokot tina lambang bandung. tah mun ningali wacana nu anyar aya ieu, bisa jadi upaya ngarobah aran persib jadi hiji kakuduan di waktu kahareup mah. heuheu.... naha kuring jadi mapatahan hiber ka heulang nya? mere nyaho ka papada nu geus nyaho. hapunten nu kasuhun, ieu seratan teh sanes dina raraga bade puminter, mung anu dipikahoyong ngarautan basa sunda nu masih keneh rea hinisna. sakali deui neda agung cukup lumur, jembar hapunten nu dipalar. ti sadayana. sakitu wae, cag! dudi persib, mun cek babaturan kuring mah persatuan sipakbola bandung saleresna dibacana ulah pérsib (cara dina kelek) tapi kudu persib (cara dina pepeg). 2010/9/23 yusep_rijal <[email protected]> > > > Hatur nuhun sateuacana kana waleran sesepuh sadaya :) > > janten kieu saleresna mah, lamun ningali kleub2 sepak bola di indonesia > nami na teh meni maririp, conto: Persib Bandung, Persiba Balikpapan, > Persibo, Persikabo, Persikab, Persibom jrrd > > benten sareng di luar nagreg (negeri) conto: Manchester United, Chelsea, > Liverpool (Inggris), di Itali aya Lazio, Roma, Juventus jrrd > > Tah ieu mah "menindaklanjuti" obrolan ngalantur sareng babaturan, > kumaha lamun kleub2 di tatar sunda mah nami na robah, jadi "Persatuan Sepak > Bola Indonesia" alias "Persi"-na dirobah kana Bahasa Sunda > > Aripek geuning meni hese narjamahkeun "Persatuan" sareng teu terang > ari "Sepak Bola" bahasa sunda anu baku na naon, janten weh naroskeun > ka para wargi sesepuh sadayana... he3x.. > > -"Persatuan" hese pisan gening dipilari padanan kata na, naha jadi > "Perhijian" atawa "Persatuan" da "Satu" oge sebenerna mah aya di bahasa > sunda buktina lamun nyebut jam 01:00 atawa 13:00 urang sunda nyebut na "jam > satu" sanes "jam hiji".. > > pokona lieur weh.. > > makana wargi sadaya "Persatuan Sepakbola Indonesia" naon atuh nya > bahasa sunda anu keren tur merenah?.. :) > > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, Dudi Herlianto > <dudi.herlia...@...> wrote: > > > > hehe, muhun nya jadi benten mun geus ditarjamahkeun mah. cobi kang yusep > > dadarkeun heula endog... eh... kanggo naon si persib teh kudu > > ditarjamahkeun. > > > > 2010/9/22 oman abdurahman <omana...@...> > > > > > > > > > > > > Mun arek ditarjamahkeun, kuring leuwih ngusulkeun "Beungkeutan Mengbal > > > Indonesia Bandung". Ngan orokaya, singkatanana jadi asa kabesekan : > BMIB. > > > > > > manar > > > > > > 2010/9/22 Deni Indra Kelana <lee_kel...@...> > __ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
