Muhun kang, asa bobodoran.. Tos puguh aya korban ku kabodoan kamari, eh diramekeun ku media, dibebener, dilelempeng
Na nya ari bodo teh di kukut ku maranehna beu... Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: "Ii Sumirat" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 29 Oct 2010 08:34:23 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: RE: [kisunda] Mbah Marijan .... Sapikiran tapi teu wani pok. Antosan geura bah ke lamun aya open recruitment kanggo kuncen anyar ieu tambah lieur.. Pasihkeun we otoritas ieu ka ahlina (BMKG tp meuren). Baktos From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Waluya Sent: Thursday, October 28, 2010 8:22 PM To: [email protected] Subject: [kisunda] Mbah Marijan .... Mbah Marijan geus maot, maotna sagala "seungit": Mayitna kapanggih keur sujud, waktu tadi dikuburkeun, nu nganteurkeun rebuan, nu haladir oge loba lain jalma samanea, aya para gegeden jeung kaum pesohor ti jakarta. Media-media nyarebutkeun cenah Mbah Marijan teh picontoeun, sabab conto jalma tuhu kana tugas, parentah ti raja Yogya, jadi kuncen Gunung Merapi tepi ka perlayana .... Tapi hate leutik kuring teu pati narima, lain arek nyalahkeun Mbah Marijan nu geus maot, tapi kalakuan kaleuleuwihi tinu hirup ka Mbah Marijan. Kunaon Mbah Marijan bet siga "dipahlawankeun"? Padahal si Mbah ieu, sacara teu langsung, ngakibatkeun belasan jelema nemahan pati. Lamun wae manehna harita daek dievakuasi, meureun korban moal loba kitu. Sikep "bedegong" si Mbah teh lain picontoeun sabab nyilakakeun. Anehna hal ieu teu ditonjolkeun, nu ditonjolkeun teh hal-hal nu positipna wungkul. Umumna dina bancang pakewuh, sok mucunghul "pahlawan kamanusaan", jalma nu teu nolih kana dirina, nulungan nu sejen supaya salamet. Jalma-jalma ieu sok dihaja dimucunghulkeun/ ditonjolkeun ku media. Tapi dina bancang pakewuh Merapi taun 2010 mah, aya kaanehan, nu ditonjolkeun teh lain "pahlawan kamanusaan", tapi "kabedegongan" nu disebutkeun "pengabdian tuhu kana tugas parentah raja". Sugan aya baraya anu bisa leuwih jero nempo, cik msayarakat di nagara urang teh keur ngalaman "gejala" naon ieu teh? Baktos, WALUYA
