Sapikiran tapi teu wani pok.

Antosan geura bah ke lamun aya open recruitment kanggo kuncen anyar ieu
tambah lieur.. 

Pasihkeun we otoritas ieu ka ahlina (BMKG tp meuren).

 

Baktos 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Waluya
Sent: Thursday, October 28, 2010 8:22 PM
To: [email protected]
Subject: [kisunda] Mbah Marijan ....

 

  

Mbah Marijan geus maot, maotna sagala "seungit": Mayitna kapanggih keur
sujud, waktu tadi dikuburkeun, nu nganteurkeun rebuan, nu haladir oge loba
lain jalma samanea, aya para gegeden jeung kaum pesohor ti jakarta.
Media-media nyarebutkeun cenah Mbah Marijan teh picontoeun, sabab conto
jalma tuhu kana tugas, parentah ti raja Yogya, jadi kuncen Gunung Merapi
tepi ka perlayana ....

Tapi hate leutik kuring teu pati narima, lain arek nyalahkeun Mbah Marijan
nu geus maot, tapi kalakuan kaleuleuwihi tinu hirup ka Mbah Marijan. Kunaon
Mbah Marijan bet siga "dipahlawankeun"? Padahal si Mbah ieu, sacara teu
langsung, ngakibatkeun belasan jelema nemahan pati. Lamun wae manehna harita
daek dievakuasi, meureun korban moal loba kitu. Sikep "bedegong" si Mbah teh
lain picontoeun sabab nyilakakeun. Anehna hal ieu teu ditonjolkeun, nu
ditonjolkeun teh hal-hal nu positipna wungkul.

Umumna dina bancang pakewuh, sok mucunghul "pahlawan kamanusaan", jalma nu
teu nolih kana dirina, nulungan nu sejen supaya salamet. Jalma-jalma ieu sok
dihaja dimucunghulkeun/ ditonjolkeun ku media. Tapi dina bancang pakewuh
Merapi taun 2010 mah, aya kaanehan, nu ditonjolkeun teh lain "pahlawan
kamanusaan", tapi "kabedegongan" nu disebutkeun "pengabdian tuhu kana tugas
parentah raja".

Sugan aya baraya anu bisa leuwih jero nempo, cik msayarakat di nagara urang
teh keur ngalaman "gejala" naon ieu teh?

Baktos,
WALUYA



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke