Gejala tina frustasi bah, milari hal2 nu diluar nalar kanggo lumpat tina sagala karumitan bangsa nu siga kieu..
Saleresna mah nu ngamitoskeuna teu percanten kana mitos, ngan media tea ngahaja ngagegedekeun kajadian, nyebut sujud lah maotna (padahal saha wae mun kaduruk mah nya merengkel), pahlawan lah (pahlawan beulah mana da teu nahan gn ngabeledug).. Eta we kade kituh ka media.. Hayang ngaramekeun berita, kalah nyasarkeun umat.. Kade ah... Di hisab Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: "Waluya" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 28 Oct 2010 13:21:56 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Mbah Marijan .... Mbah Marijan geus maot, maotna sagala "seungit": Mayitna kapanggih keur sujud, waktu tadi dikuburkeun, nu nganteurkeun rebuan, nu haladir oge loba lain jalma samanea, aya para gegeden jeung kaum pesohor ti jakarta. Media-media nyarebutkeun cenah Mbah Marijan teh picontoeun, sabab conto jalma tuhu kana tugas, parentah ti raja Yogya, jadi kuncen Gunung Merapi tepi ka perlayana .... Tapi hate leutik kuring teu pati narima, lain arek nyalahkeun Mbah Marijan nu geus maot, tapi kalakuan kaleuleuwihi tinu hirup ka Mbah Marijan. Kunaon Mbah Marijan bet siga "dipahlawankeun"? Padahal si Mbah ieu, sacara teu langsung, ngakibatkeun belasan jelema nemahan pati. Lamun wae manehna harita daek dievakuasi, meureun korban moal loba kitu. Sikep "bedegong" si Mbah teh lain picontoeun sabab nyilakakeun. Anehna hal ieu teu ditonjolkeun, nu ditonjolkeun teh hal-hal nu positipna wungkul. Umumna dina bancang pakewuh, sok mucunghul "pahlawan kamanusaan", jalma nu teu nolih kana dirina, nulungan nu sejen supaya salamet. Jalma-jalma ieu sok dihaja dimucunghulkeun/ ditonjolkeun ku media. Tapi dina bancang pakewuh Merapi taun 2010 mah, aya kaanehan, nu ditonjolkeun teh lain "pahlawan kamanusaan", tapi "kabedegongan" nu disebutkeun "pengabdian tuhu kana tugas parentah raja". Sugan aya baraya anu bisa leuwih jero nempo, cik msayarakat di nagara urang teh keur ngalaman "gejala" naon ieu teh? Baktos, WALUYA
