kuring sapuk bah, yen media jeung rea di antara urang teu proporsional ningali mbah marijan.
ngan kuring mah ningalina kasalahan teh lain di mbah marijan. teu wasa kuring nyalahkeun mbah marijan nu katingali polos pisan mah. da kasalahan ma ayana di kasultanan yogyakarta. heuheu. di era demokrasi ieu, ngan yogyakarta nu masih nyekel pageh tradisi feodalisme. di daerah sejen mah pan milih gubernur teh liwat pilkada sedeng di yogya estu ngaraja, sultan nu diwarisan kawasa ti kolotna langsung jadi gubernur saumur hirup. hal ieu mawa dampak ka handapna, loba jelema di yogya nu, kasarna mah, wani mere nyawa demi sultan. kumaha we carita prajurit karaton yogya nu daek teu dibayar. ukur dibere reueus pedah geus ngaladenan raja. jadi abdi dalem. nya kitu deui mbah marijan. leuwihna deui, cek beja, nu dianggap raja ku mbah marijan mah lain hb x tapi hb ix. raja nu ngangkat manehna jadi kuncen merapi. saking tuhuna ka ieu raja, manehna mah daek incah ti merapi lamun aya parentah ti hb ix. hanjakalna hb ix geus mangkat. ku kituna daek incahna mbah marijan geus hiji kamustahilan. (iwal hb ix daek datang mere ilapat ka mbah marijan saperti mbah mumun meunang ilapat lini... hihi). nya feodalisme nu geus ngorbankeun nyawa rahayat nu teu tuah teu dosa. jiga mbah marijan jeung tatanggana. sedengkeun mbah marijan mah ukur tuhu kana yakin. ngan memang yakinna ukur ngawulaan gusti dalem, lain ka kasalametan tatanggana. :( 2010/10/28 Waluya <[email protected]> > > > Mbah Marijan geus maot, maotna sagala "seungit": Mayitna kapanggih keur > sujud, waktu tadi dikuburkeun, nu nganteurkeun rebuan, nu haladir oge loba > lain jalma samanea, aya para gegeden jeung kaum pesohor ti jakarta. > Media-media nyarebutkeun cenah Mbah Marijan teh picontoeun, sabab conto > jalma tuhu kana tugas, parentah ti raja Yogya, jadi kuncen Gunung Merapi > tepi ka perlayana .... > > Tapi hate leutik kuring teu pati narima, lain arek nyalahkeun Mbah Marijan > nu geus maot, tapi kalakuan kaleuleuwihi tinu hirup ka Mbah Marijan. Kunaon > Mbah Marijan bet siga "dipahlawankeun"? Padahal si Mbah ieu, sacara teu > langsung, ngakibatkeun belasan jelema nemahan pati. Lamun wae manehna harita > daek dievakuasi, meureun korban moal loba kitu. Sikep "bedegong" si Mbah teh > lain picontoeun sabab nyilakakeun. Anehna hal ieu teu ditonjolkeun, nu > ditonjolkeun teh hal-hal nu positipna wungkul. > > Umumna dina bancang pakewuh, sok mucunghul "pahlawan kamanusaan", jalma nu > teu nolih kana dirina, nulungan nu sejen supaya salamet. Jalma-jalma ieu sok > dihaja dimucunghulkeun/ ditonjolkeun ku media. Tapi dina bancang pakewuh > Merapi taun 2010 mah, aya kaanehan, nu ditonjolkeun teh lain "pahlawan > kamanusaan", tapi "kabedegongan" nu disebutkeun "pengabdian tuhu kana tugas > parentah raja". > > Sugan aya baraya anu bisa leuwih jero nempo, cik msayarakat di nagara urang > teh keur ngalaman "gejala" naon ieu teh? > > Baktos, > WALUYA > > > ,___ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
