Nya mudah-mudahan wae atuh pamarentah leres-leres tiasa ngabereskeun ieu kajantenan kan kajantenan ieu the sanes sakali dua kali. Sigana mah peryogi tah pamarentah studi banding ka nagara anu ngintun TK kaluar nagreg tapi boa-boa atosnya studi banding mung ......jalan-jalan wungkul.
Ari ngaos sareng nguping dimedia mah pamarentah teh ngecam protes kana kajantenan ieu cenah mung duka ngecam sareng protes kasaha. Nya urang duakeun wae mugia korban kenging kaadilan kitu deui kanu nyiksa sing meunang hukuman anu satimpal. Ern Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: "JeBe" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 19 Nov 2010 12:30:01 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: Bls: [kisunda] Deui TKW disiksa, sungutna digunting.... Data tinggal data kang.... Ti taun jebot ge data mah rea Ngan da ari pamarentah/pamingpinna teu bogaeun kanj** mah percumah dijejelan data jeung info sakumaha ge Sent from MobilePhone® -----Original Message----- From: "Eko Ruska Nugraha" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 19 Nov 2010 09:04:10 To: kisunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: Bls: [kisunda] Deui TKW disiksa, sungutna digunting.... Tah geuning pamarentah tos gaduh data kanggo bahan evaluasi menyeluruh (naon sundana) mah. Kantun dipaluruh kunaon tiasa kanjanten siga kieu, apa prosedur pengiriman tki aya nu lepat kalebet kendala bahasa upami eta bahasa kunaon tiasa kakitun ka nagara tujuan ? Upami eta prosedurna parantos leres euh boa-boa majikanana kirang sehat. Tos sakitu heula Ern Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Dudi Herlianto <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 19 Nov 2010 09:59:38 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: Bls: [kisunda] Deui TKW disiksa, sungutna digunting.... urang ningali data yu! ternyata tki nu disiksa teh sanes ratusan deui. tapi geus ngahontal rebuan dina dangka sataunna. nepi ka mei 2010, cek data nu dikaluarkeun ku menkokesra, datana tiasa diunjal di dieu data masalah kepulangan tkib 2010<http://data.menkokesra.go.id/sites/default/files/Masalah%20Kepulangan%20TKIB,%202010%20%28Mei%2031%29_0.pdf>, penganiayaan ka tki aya 1879 kasus. kasus ieu teh di luar kasus pelecehan seksual jeung majikan bermasalah. tina data ieu kaungkab yen kajadian penganiayaan sabagean gede memang kajadian di tatar wetan tengah (nu arab tea, hus ah sara!), jumlah kasusna nepi ka 1684, leuwih ti 89%-na! panglobana di arab saudi 1.060 kasus (56,4%!). naha bisa kitu? leutikna kasus penganiayaan di luar arab saudi bisa wae lantaran memang jumlah tki di saudi loba dibanding jeung nu sejen. cek iber nu kapanggih, saudi teh nagara kadua panglobana nu dijugjug ku tki sanggeus malaysia. dina februari 2010, tina 2,7 jutaan tki sakira 930 rebu indit ka saudi (atawa sakitar 34%). memang mun dibabandingkeun antara kasus penganiayaan jeung jumlah tki nu aya oge, jumlah penganiayaan di saudi memang loba pisan. urang bandingkeun jeung di malaysia nu jadi pangjugjugan utama tki. cek data februari 2010 keneh, aya sakitar 1,2 juta tki di nagara eta (atawa 44%), jumlah kasus penganiayaan nu dikaluarkeun ku menkokesra di malaysia aya 41 (2% tina total). atawa urang bandingkeun jeung taiwan, nu jadi pangjugjugan 130 rebu tki (5%) nu oge remen kabejakeun aya tki nu dianiaya, kasus penganiayaan tki di ieu nagara aya 38 (2%), di ieu dua nagara (malaysia jeung taiwan) kasus penganiayaan masih di handapeun persentase jumlah tki. ningali data-data di luhur, urang tangtu bisa ngahubung-hubungkeun jeung naon wae. bisa ka suku, agama, ras, atawa antar-golongan. tangtu gumantung ka kapentingan nu ngahubung-hubungkeunna. tah ayeuna mah urang hubungkeun we eta data teh jeung perbudakan (hah naon sundana nya?). tanggal 2 desember 1949, pbb nyieun konvensi keur ngeureunan padagangan manusa jeung eksploitasi ngalacurkeun jalma sejen. nepi ka ayeuna eta tanggal dijadikeun poe internasional ngarupus perbudakan. terus urang lumpatkeun kana budaya, kuring can kungsi manggihan bangsa malaysia jeung taiwan boga budaya kuat dina perbudakan, sejen jeung bangsa arab. malah di saudi perbudakan teh nembe dilarang dina taun 1962. jadi asa henteu salah-salah teuing lamun penganiayaan tki dihubungkeun jeung budaya budak di arab. ngan tangtu asa kaleuleuwihi lamun disambungkeun deui kana agama (najan nu disebut ku kang ilen mah arab jeung karesten, sanes islam jeung karesten, kuring mah ngarasa entitas nu disebut kadua, agama manan bangsa, nu kimpel leuwih karasa). kuring ningali, agama teh parobahan/anti budaya nu geus aya, bos evolusi boh revolusi. salahsahiji revolusi nu dilakukeun ku datangna muhamad (islam) kana budaya arab teh nya dina perbudakan ieu. perbudakan samemeh datangna islam, cek carita mah teu mandang kamanusan. budak dianggap milik sagemlengna nu bisa dikumaha bae ku nu bogana. islam datang, budak teh mimiti dibere hak, najan teu gemleng, tapi budak dina islam kudu diperlakukeun leuwih manusiawi. ngan hanjakalna, islam henteu nepi ngaharamkeun/ngalarang perbudakan. henteu jiga parobahan hukum hamr (inuman nu matak mabok), nu najan ngahambalan tapi tepi ka diharamkeunna. perbudakan di arab khususna saudi kakara dilarang dina taun 1962 ku alpukah desekan ti... derengdengdengdeng... amerika! (huhuy amerika jadi pahlawan euy!) ngan nyakitu tea, najan legal formalna mah perbudakan teh geus dilarang, tapi keuna kana babasan adat kakurung ku iga, kabiasaan nu ngadarah ngadaging teh masih dipuhit ku sababara rebu gurultul manusa (deuh lumpat deui kana oknum nya?). tug tepi ka masih rebuan tki dikakaya henteu dianggap manusa. biwirna digunting. innalilahi, mugya samesta murbeng alam geura mere wawales ka maranehna nu culika. henteu kudu cilaka, tapi sing garewat sadar. kakaya manusa ka manusa sejen sing geura tinggal sajarah, henteu ukur di arab, tapi di mana wae! tos ah analisis susuganan si kuring teh dugi ka dieu bae, bisi tambah ngalantur, tambah reumbeuy ku salah. cag Pada 17 November 2010 18.57, Ilen Kardani <[email protected]> menulis: > > > Tos ratusan TKW nu disiksa bebeakan ku majikanana di luar negeri tapi nu > enggeus-enggeus mah euweuh katerusanana sabab para aparat teu mampuh nembus > birokrasi kaadilan di luar negeri. > > Sent from my iPhone > > On Nov 17, 2010, at 15:01, [email protected] wrote: > > > > Cing urang antosan kumaha tah simajikanana kedahna mah dihukum nusatimpal > jeung pamarentah urang kedahna mah tiasa neken tah ka pamarentah arab. > Kapayuna mah kedahna keluarga sicalon majikan the kedah diparios heula > kasehatanana gering atanapi henteu tangtos ieu kalakuan anu ditarima ku > simiati ieu mah kalakuan jelema gering. > > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * Jalak Pakuan <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Wed, 17 Nov 2010 06:18:15 +0800 (SGT) > *To: *<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *Bls: [kisunda] Deui TKW disiksa, sungutna digunting.... > > > > Asa leungit harepan, beda jeung wawanen sarta gawe pamarentah Philipina > dina masalah pagawe di LN. > > > ------------------------------ > *Dari:* Waluya <[email protected]> > *Kepada:* <[email protected]>[email protected] > *Terkirim:* Ming, 14 November, 2010 20:00:01 > *Judul:* [kisunda] Deui TKW disiksa, sungutna digunting.... > > > > Kira-kirana tuntutan naon ti Pamarentah jeung Rakyat Indonesia ka nagara > Arab Saudi, nu warga nagarana nyiksa TKW Indonesia kaleuleuwihi tepika > ngagunting sungutna sagala? > > Atawa meureun cukup ngabetem, cicing? > > Senin, 15/11/2010 08:57 WIB > TKW di Arab Saudi yang Mulutnya Digunting Itu Bernama Sumiati > Nurul Hidayati - detikNews > >_,___ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
