Maenya?Naha tilu TKI nu jadi suster di rumah sakit King Fahd mah salamet teu 
dirogahala?Dina kasus Sumiati jeung Kimkim, moal kitu aya sabab lian? Misalna 
si dunungan nu pedit kesel pisan sabab geus mayar gede tapi meunangkeun badega 
nu teu bisa naon-naon?Kudu ditanyakeun ka urang Indonesia nu aya di ditu!
Sanajan upamana Sumiati jeung Kimkim kurang boga kamampuh/katerampilan, tetep 
kuring hayang maranehna meunang kaadilan. Si dunungan nu jarahatna kudu dihukum 
beurat. SBY kudu didorong sangkan Pamarentah Arab Saudi ngahukum si jahat.




--- On Fri, 11/19/10, Waluya <[email protected]> wrote:





Salian ti eta, meureun urang Arab Saudi mah rada keuna ku "STRESS", akibat ku 
lobana aturan-aturan nu ngalawan fitrah manusa. Dibandingkeun jeung 
nagara-nagara Arab tatanggana, Arab Saudi paling heuras dina aturan-aturan nu 
ngatur privasi jelema. Awewe Arab Saudi oge sigana nu paling keuna ku stress, 
sabab loba pisan aturan nu nyengker kahirupan maranehna. Tah stress ieu nu 
dilampiaskeun ka babu (nu kabeneran urang Indonesia). Sedengkeun Arab non 
Saudi, jauh leuwih bebas hirupna, nu matak jarang kareungeu aya TKW di rogahala 
di nagara-nagara eta.



Baktos,

WALUYA





    
     

    
    


 



  











      

Kirim email ke