Hade tah tulisan teh, kasep.



--- On Thu, 11/18/10, Dudi Herlianto <[email protected]> wrote:

From: Dudi Herlianto <[email protected]>
Subject: Re: Bls: [kisunda] Deui TKW disiksa, sungutna digunting....
To: [email protected]
Date: Thursday, November 18, 2010, 9:59 PM















 
 



  


    
      
      
      urang ningali data yu! ternyata tki nu disiksa teh sanes ratusan deui. 
tapi geus ngahontal rebuan dina dangka sataunna. nepi ka mei 2010, cek data nu 
dikaluarkeun ku menkokesra, datana tiasa diunjal di dieu data masalah 
kepulangan tkib 2010 , penganiayaan ka tki aya 1879 kasus. kasus ieu teh di 
luar kasus pelecehan seksual jeung majikan bermasalah. tina data ieu kaungkab 
yen kajadian penganiayaan sabagean gede memang kajadian di tatar wetan tengah 
(nu arab tea, hus ah sara!), jumlah kasusna nepi ka 1684, leuwih ti 89%-na! 
panglobana di arab saudi 1.060 kasus (56,4%!).


naha bisa kitu? leutikna kasus penganiayaan di luar arab saudi bisa wae 
lantaran memang jumlah tki di saudi loba dibanding jeung nu sejen. cek iber nu 
kapanggih, saudi teh nagara kadua panglobana nu dijugjug ku tki sanggeus 
malaysia. dina februari 2010, tina 2,7 jutaan tki sakira 930 rebu indit ka 
saudi (atawa sakitar 34%). memang mun dibabandingkeun antara kasus penganiayaan 
jeung jumlah tki nu aya oge, jumlah penganiayaan di saudi memang loba pisan. 
urang bandingkeun jeung di malaysia nu jadi pangjugjugan utama tki. cek data 
februari 2010 keneh, aya sakitar 1,2 juta tki di nagara eta (atawa 44%), jumlah 
kasus penganiayaan nu dikaluarkeun ku menkokesra di malaysia aya 41 (2% tina 
total). atawa urang bandingkeun jeung taiwan, nu jadi pangjugjugan 130 rebu tki 
(5%) nu oge remen kabejakeun aya tki nu dianiaya, kasus penganiayaan tki di ieu 
nagara aya 38 (2%), di ieu dua nagara (malaysia jeung taiwan) kasus 
penganiayaan masih di handapeun persentase jumlah
 tki.


ningali data-data di luhur, urang tangtu bisa ngahubung-hubungkeun jeung naon 
wae. bisa ka suku, agama, ras, atawa antar-golongan. tangtu gumantung ka 
kapentingan nu ngahubung-hubungkeunna. tah ayeuna mah urang hubungkeun we eta 
data teh jeung perbudakan (hah naon sundana nya?). tanggal 2 desember 1949, pbb 
nyieun konvensi keur ngeureunan padagangan manusa jeung eksploitasi 
ngalacurkeun jalma sejen. nepi ka ayeuna eta tanggal dijadikeun poe 
internasional ngarupus perbudakan. terus urang lumpatkeun kana budaya, kuring 
can kungsi manggihan bangsa malaysia jeung taiwan boga budaya kuat dina 
perbudakan, sejen jeung bangsa arab. malah di saudi perbudakan teh nembe 
dilarang dina taun 1962. jadi asa henteu salah-salah teuing lamun penganiayaan 
tki dihubungkeun jeung budaya budak di arab.


ngan tangtu asa kaleuleuwihi lamun disambungkeun deui kana agama (najan nu 
disebut ku kang ilen mah arab jeung karesten, sanes islam jeung karesten, 
kuring mah ngarasa entitas nu disebut kadua, agama manan bangsa, nu kimpel 
leuwih karasa). kuring ningali, agama teh parobahan/anti budaya nu geus aya, 
bos evolusi boh revolusi. salahsahiji revolusi nu dilakukeun ku datangna 
muhamad (islam) kana budaya arab teh nya dina perbudakan ieu. perbudakan 
samemeh datangna islam, cek carita mah teu mandang kamanusan. budak dianggap 
milik sagemlengna nu bisa dikumaha bae ku nu bogana. islam datang, budak teh 
mimiti dibere hak, najan teu gemleng, tapi budak dina islam kudu diperlakukeun 
leuwih manusiawi. ngan hanjakalna, islam henteu nepi ngaharamkeun/ngalarang 
perbudakan. henteu jiga parobahan hukum hamr (inuman nu matak mabok), nu najan 
ngahambalan tapi tepi ka diharamkeunna. perbudakan di arab khususna saudi 
kakara dilarang dina taun 1962 ku alpukah desekan ti...
 derengdengdengdeng... amerika! (huhuy amerika jadi pahlawan euy!)


ngan nyakitu tea, najan legal formalna mah perbudakan teh geus dilarang, tapi 
keuna kana babasan adat kakurung ku iga, kabiasaan nu ngadarah ngadaging teh 
masih dipuhit ku sababara rebu gurultul manusa (deuh lumpat deui kana oknum 
nya?). tug tepi ka masih rebuan tki dikakaya henteu dianggap manusa. biwirna 
digunting. innalilahi, mugya samesta murbeng alam geura mere wawales ka 
maranehna nu culika. henteu kudu cilaka, tapi sing garewat sadar. kakaya manusa 
ka manusa sejen sing geura tinggal sajarah, henteu ukur di arab, tapi di mana 
wae!


tos ah analisis susuganan si kuring teh dugi ka dieu bae, bisi tambah 
ngalantur, tambah reumbeuy ku salah. cag

Pada 17 November 2010 18.57, Ilen Kardani <[email protected]> menulis:
















 



  


    
      
      
      Tos ratusan TKW nu disiksa bebeakan ku majikanana di luar negeri tapi nu 
enggeus-enggeus mah euweuh katerusanana sabab para aparat teu mampuh nembus 
birokrasi kaadilan di luar negeri.

Sent from my iPhone

On Nov 17, 2010, at 15:01, [email protected] wrote:






 



    
      
      
      












Cing urang antosan kumaha tah simajikanana kedahna mah dihukum nusatimpal jeung 
pamarentah urang kedahna mah tiasa neken tah ka pamarentah arab. Kapayuna mah 
kedahna keluarga sicalon majikan the kedah diparios heula kasehatanana gering 
atanapi henteu tangtos ieu kalakuan anu ditarima ku simiati ieu mah kalakuan 
jelema gering.


Powered by Telkomsel BlackBerry®From:  Jalak Pakuan <[email protected]>
Sender:  [email protected]
Date: Wed, 17 Nov 2010 06:18:15 +0800 (SGT)To: 
<[email protected]>ReplyTo:  [email protected]
Subject: Bls: [kisunda] Deui TKW disiksa, sungutna digunting....

 



    
      
      
      
Asa  leungit harepan, beda jeung wawanen sarta gawe pamarentah Philipina dina 
masalah pagawe di LN.
 





Dari: Waluya <[email protected]>
Kepada: [email protected]

Terkirim: Ming, 14 November, 2010 20:00:01
Judul: [kisunda] Deui TKW disiksa, sungutna digunting....

  

Kira-kirana tuntutan naon ti Pamarentah jeung Rakyat Indonesia ka nagara Arab 
Saudi, nu warga nagarana nyiksa TKW Indonesia kaleuleuwihi tepika ngagunting 
sungutna sagala?

Atawa meureun cukup ngabetem, cicing? 


Senin, 15/11/2010 08:57 WIB
TKW di Arab Saudi yang Mulutnya Digunting Itu Bernama Sumiati 
Nurul Hidayati - detikNews


_,___






  









-- 
d-: dudi herlianto :-qpaciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk



    
     

    
    


 



  











      

Kirim email ke