kecap wewengkon pakulonan nu kuring karak apal nyaeta: 'doangna' nu mun cek
pawetanan mah eta teh: 'jigana, sigana'. apal teh pedah di pakulen rea urang
ditu, aya nu ti serang, rangkas jeung pandeglang. najan pabeulit sabab sok
ngabaliut jeung 'doang' batawi, resep kuring mah mun manggih kecap anyar
teh. janten sok lah kaka, pake geura carek banten teh ku dia, di dieu. ku
kami dijurung :p.

nb: mun urang kuningan nyebut 'di dinya' teh 'di dia'

2010/12/2 mh <[email protected]>

>
>
> Tah geuning aya urang Banten, sok lah pedar Kang Rifki, jiga kumaha tah
> kahirupan baraya Kanekes teh.
> Jiga hade upama migunakeun bahasa Sunda dialek Kanekes.
>
> Der Kang!
>
> 2010/12/1 Tubagus Rifki L <[email protected]>
>
>
>>
>> Rek ngiluan nyarita Baduy..
>> Kula rada hese nerjemahkeun ieu tulisan, Towards the modern 
>> Kanekes<http://imo.thejakartapost.com/baduy/2010/11/10/towards-the-modern-baduy/>
>>  ,
>> sabab teu bentes nyarita dina basa Sunda. Ari kula kurang panuju kanu
>> nyebutkeun Baduy eta 'primitif.' Sanajan enya di mandala Kanekes taya
>> sakola, jeung loba keneh nu buta aksara, tapi maranehna bisaeun nyieun baju
>> sorangan. Tanahna eweuh nu bisa meuli, ti jiga puncut atawa dago di Bandung
>> nu beak ku engkoh-engkoh.
>> Baktos ah ti Banten..
>> Rifki
>>
>
>  
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke