hahah.....atuh puguh kang, ulah aneh mun seler sejen teu tiasa bahasa sunda 
mah, eta mah alami. Mun seler sejen make bahasa sunda, justru kedah di 
apresiasi ku urang2  anu urang sunda....lain di seungseurikeun. Sae tiasa 
bahasa naon oge tapi tetep bahasa indung mah nu utama, mun bahasa deugeun bisa 
tapi bahasa indung pabaliut sok pasti jelema teu "baleg".....hahahahahah

--- Pada Jum, 3/12/10, Jalak Pakuan <[email protected]> menulis:

Dari: Jalak Pakuan <[email protected]>
Judul: Bls: Bls: [kisunda] Ngalamun baduy jadi modern
Kepada: [email protected]
Tanggal: Jumat, 3 Desember, 2010, 2:52 AM















 
 



  


    
      
      
      salila teu make basa jerman, perancis mah masih kahartos kang heu 
heu....tapi kang ulah nyalahkeun basa seler sejen lamun teu bisa basa sunda. 
Ayeuna mah basa sundana nu kudu moderat heula, engke liberal terus radikal heu 
heu....Pokona kawas founding fathers lah bisa 4-5 basa asing, tangtuna basa 
sunda na ge nagen pisan.
 Makarya Mawa Raharja

Dari: Akang Tajimalela
 <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Jum, 3 Desember, 2010 10:35:58
Judul: Bls: [kisunda] Ngalamun baduy jadi modern








 



    
      
      
      Nambihan kang...sapuk sareng akangModern, kuno, primitif, moderat, 
liberal jeung radikal saukur ukuran jelema, anu nilai na relatif. Anu nyieun 
beda teh urang salira. Katambah diurang mah lolobana elmuna "elmu sapi", 
lantaran lila teuing dijajah, jadi "cangkang" teh janten patokan atanapi 
pedoman, sanes esensi,Nu rada hese ayeuna mah toh ka"campur" sareng pulitik 
jeung neangan duit....hahah.

Urang nyandak conto misalna masalah "...buta aksara", sok disebat keun 
Indonesia hese memenuhi target MDG, lantaran tingginya wilangan buta aksara, 
tara dijelaskeun ku pemerentah buta aksara teh buta aksara naon?? kan loba anu 
dilembur teu bisa maca tapi bisa maca
 al-quran, komo jaman baheula mah.Ngaji teh hal anu lumrah. Padahal mun urang 
terang leuwih seueur nu teu tiasa maca huruf laten, midamel buku ulah make 
hurup laten tapi make hurup
 arab.Urang sunda nu tiasa make bahasa sunda pemerentah damel buku make bahasa 
sunda.
Lantaran salah "guru"na jeung lila teuing dijajah, kabeh jelema disakompet daun 
keun. "Cangkang" janten hal anu "penting". Dugikeun urang mah leuwih bangga 
bisa bahasa Inggris atau deungeun tibatan bahasa indung sorangan.Janten asa 
tojaiyah mun aya jelema nyebatkeun "aing mah teu bisa bahasa Inggris, tapi bisa 
mun basa sunda mah jago..." bisa diseungseurikeun ku HRD mun ngalamar gawe 
mah...padahal nu tolol mah HRDna.
Mun urang jelema pinter tur cerdas mah moal dugikeun ka kitu, moal nepikeun 
seuri ngabalakatak mun aya bangsa deungeun nyebatkeun " Satteee,,...pulang 
kampung nih"...eta mah lain pikaseurieun kudun tapi pikareueus ku urang, mun 
urang jelma berpikir mah.Hanjakal loba nu pinter asa tara mikir. 
Urang deugeun anu make paripolah jeung bahasa urang, 500 
dolar....hahahaha..tereh atuh budaya urang menguasai
 dunia...teu percaya?? cobi tinggali dana2 toyota fondation keur budaya 
sorangan atanapi deungeun.Tiasa dicobi oge mun urang diajar Karate atanapi Tae 
Kwon Do, butuh waragad, datang wae ka kedutaan Jepun atanapi Korea, rek 
sabaraha?? coba mun penca silat datang ka kedutaan Indonesia...susuganan dibere 
atanapi dipenta (diduitkeun)......hahaha jadi radikal urang mah.
Jadi mun ditingali hikmahna, jelema mah mun diajar MODERAT teras sok "naek 
tingkat" janten LIBERAL, mun atos liberal sok naek tingkat deui janten RADIKAL, 
janten wargi milis ulah aneh mun aya pemuda bau lisung, kulantaran pinter 
sakola dikota, mun teu kuat2na jaga diri bisa jadi radikal....komo mun guruna 
Dr Azhari mah....hahahaha
Tos heula...mudahan ngartosnya, rada sesah sareng pabaliut bahasana.
TM
--- Pada Rab, 1/12/10, Tubagus Rifki L <[email protected]> menulis:

Dari: Tubagus Rifki L <[email protected]>
Judul: [kisunda] Ngalamun baduy jadi modern
Kepada: [email protected]
Tanggal: Rabu, 1 Desember, 2010, 3:27 PM















 
 



  


    
      
      
      Rek ngiluan nyarita Baduy..
Kula rada hese nerjemahkeun ieu tulisan, Towards the modern Kanekes , sabab teu 
bentes nyarita dina basa Sunda. Ari kula kurang panuju kanu nyebutkeun Baduy 
eta 'primitif.' Sanajan enya di mandala Kanekes taya sakola, jeung loba keneh 
nu buta aksara, tapi maranehna bisaeun nyieun baju sorangan. Tanahna eweuh nu 
bisa meuli, ti jiga puncut atawa dago di Bandung nu beak ku engkoh-engkoh.
Baktos ah ti Banten..
Rifki



    
     

    
    


 



  









    
     








    
     

    
    


 



  










Kirim email ke