salila teu make basa jerman, perancis mah masih kahartos kang heu heu....tapi 
kang ulah nyalahkeun basa seler sejen lamun teu bisa basa sunda. Ayeuna mah 
basa 
sundana nu kudu moderat heula, engke liberal terus radikal heu heu....Pokona 
kawas founding fathers lah bisa 4-5 basa asing, tangtuna basa sunda na ge nagen 
pisan.

 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: Akang Tajimalela <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Jum, 3 Desember, 2010 10:35:58
Judul: Bls: [kisunda] Ngalamun baduy jadi modern

  
Nambihan kang...sapuk sareng akang
Modern, kuno, primitif, moderat, liberal jeung radikal saukur ukuran jelema, 
anu 
nilai na relatif. Anu nyieun beda teh urang salira. Katambah diurang mah 
lolobana elmuna "elmu sapi", lantaran lila teuing dijajah, jadi "cangkang" teh 
janten patokan atanapi pedoman, sanes esensi,Nu rada hese ayeuna mah toh 
ka"campur" sareng pulitik jeung neangan duit....hahah.


Urang nyandak conto misalna masalah "...buta aksara", sok disebat keun 
Indonesia 
hese memenuhi target MDG, lantaran tingginya wilangan buta aksara, tara 
dijelaskeun ku pemerentah buta aksara teh buta aksara naon?? kan loba anu 
dilembur teu bisa maca tapi bisa maca al-quran, komo jaman baheula mah.Ngaji 
teh 
hal anu lumrah. Padahal mun urang terang leuwih seueur nu teu tiasa maca huruf 
laten, midamel buku ulah make hurup laten tapi make hurup  arab.Urang sunda nu 
tiasa make bahasa sunda pemerentah damel buku make bahasa sunda.

Lantaran salah "guru"na jeung lila teuing dijajah, kabeh jelema disakompet daun 
keun. "Cangkang" janten hal anu "penting". Dugikeun urang mah leuwih bangga 
bisa 
bahasa Inggris atau deungeun tibatan bahasa indung sorangan.Janten asa tojaiyah 
mun aya jelema nyebatkeun "aing mah teu bisa bahasa Inggris, tapi bisa mun basa 
sunda mah jago..." bisa diseungseurikeun ku HRD mun ngalamar gawe mah...padahal 
nu tolol mah HRDna.

Mun urang jelema pinter tur cerdas mah moal dugikeun ka kitu, moal nepikeun 
seuri ngabalakatak mun aya bangsa deungeun nyebatkeun " Satteee,,...pulang 
kampung nih"...eta mah lain pikaseurieun kudun tapi pikareueus ku urang, mun 
urang jelma berpikir mah.Hanjakal loba nu pinter asa tara mikir. 

Urang deugeun anu make paripolah jeung bahasa urang, 500 
dolar....hahahaha..tereh atuh budaya urang menguasai  dunia...teu percaya?? 
cobi 
tinggali dana2 toyota fondation keur budaya sorangan atanapi deungeun.Tiasa 
dicobi oge mun urang diajar Karate atanapi Tae Kwon Do, butuh waragad, datang 
wae ka kedutaan Jepun atanapi Korea, rek sabaraha?? coba mun penca silat datang 
ka kedutaan Indonesia...susuganan dibere atanapi dipenta 
(diduitkeun)......hahaha jadi radikal urang mah.

Jadi mun ditingali hikmahna, jelema mah mun diajar MODERAT teras sok "naek 
tingkat" janten LIBERAL, mun atos liberal sok naek tingkat deui janten RADIKAL, 
janten wargi milis ulah aneh mun aya pemuda bau lisung, kulantaran pinter 
sakola 
dikota, mun teu kuat2na jaga diri bisa jadi radikal....komo mun guruna Dr 
Azhari 
mah....hahahaha

Tos heula...mudahan ngartosnya, rada sesah sareng pabaliut bahasana.

TM
--- Pada Rab, 1/12/10, Tubagus Rifki L <[email protected]> menulis:


>Dari: Tubagus Rifki L <[email protected]>
>Judul: [kisunda] Ngalamun baduy jadi modern
>Kepada: [email protected]
>Tanggal: Rabu, 1 Desember, 2010, 3:27 PM
>
>
>  
>Rek ngiluan nyarita Baduy..
>Kula rada hese nerjemahkeun ieu tulisan,Towards the modern Kanekes , sabab teu 
>bentes nyarita dina basa Sunda. Ari kula kurang panuju kanu nyebutkeun Baduy 
>eta 
>'primitif.' Sanajan enya di mandala Kanekes taya sakola, jeung loba keneh nu 
>buta aksara, tapi maranehna bisaeun nyieun baju sorangan. Tanahna eweuh nu 
>bisa 
>meuli, ti jiga puncut atawa dago di Bandung nu beak ku engkoh-engkoh.
>Baktos ah ti Banten..
>Rifki
> 

 

Kirim email ke