Heueuh, hampura kula ka dulur-dulur ari ngomong jiga kieu. Kula saenyana teu nyaho kana ngarana undak-unduk basa nu di ajarkeun di sakola. Ngan meureun hade jang ngararamekeun jeung ngabuktikeun yen Sunda teh 'pluralis' loba ragemna.
Di kumaha-kumihi geh loba keneh nu ngomong Sunda di Banten, 'doangna' mah Banten geh sarua bae Sunda, Kulamah teu nyaho kana tuara-teori sakola, rek ngomong sakanyaho kula bae. Ari perkara Baduy, aya urang Sukabumi (Bapa Asep Kurnia) nu mangtaun-taun hirup di Leuwidamar jadi guru, bulak-balik asup ka tatar Kanekes ngajar hanacaraka, geus nyieun buku nu judulna "Saatnya Baduy Bicara," nu bisa dibeuli di gramedia. Kula lain rek promosi, wawuh geh heunteu jeung si Asep, ngan seunah kula ulah loba nyarita di dieu. Beuli bae ku dulur-dulur buku na di Gramedia tuluy baca. Tah dulur-dulur nu bisa program komputer, dina eta buku aya sistem kolenjer (pananggalan) coba di jieun program komputer nu metakeun sistem kolenjer Baduy jeung sitem gregorian. Meureunan sarua bae etageh jeung sistem pananggalan Sunda, boa-boa nu di Baduy eta sistem nu masih di pake. Ja, boh urang Bandung atawa urang Pandeglang mah geus teu makean kana kolenjer. Loba keneh rahasia Kanekes mah mun kudu di pedarkeun... sakitu bae heula, nu lojor tong dopopondok nu pondok tong dilolojor.. --- In [email protected], mh <khs...@...> wrote: > > Tah geuning aya urang Banten, sok lah pedar Kang Rifki, jiga kumaha tah > kahirupan baraya Kanekes teh. > Jiga hade upama migunakeun bahasa Sunda dialek Kanekes. > > Der Kang! > > 2010/12/1 Tubagus Rifki L <tbri...@...> > > > > > > > Rek ngiluan nyarita Baduy.. > > Kula rada hese nerjemahkeun ieu tulisan, Towards the modern > > Kanekes<http://imo.thejakartapost.com/baduy/2010/11/10/towards-the-modern-baduy/> > > , > > sabab teu bentes nyarita dina basa Sunda. Ari kula kurang panuju kanu > > nyebutkeun Baduy eta 'primitif.' Sanajan enya di mandala Kanekes taya > > sakola, jeung loba keneh nu buta aksara, tapi maranehna bisaeun nyieun baju > > sorangan. Tanahna eweuh nu bisa meuli, ti jiga puncut atawa dago di Bandung > > nu beak ku engkoh-engkoh. > > Baktos ah ti Banten.. > > Rifki > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
