Ieu ku sim kuring dijudulan deui klarifikasi heula siliwangi, supaya teu ngaleor ngobrolna kapayun urang tegeskeun heula: Ieu siliwangi nu, mana? Siliwangi Sri Baduga atanapi salah sahiji raja pasca Bubat?
salam JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Halimunan <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sab, 4 Desember, 2010 16:24:15 Judul: [kisunda] Sajarah siliwangi 1# Loba versi ngeunaan siliwangi di jaman anjeuna masih kumelendang, boro2 sakuliah sunda, dalah di hiji daerah wae versina beda2, aya anu kaharti ku logika aya anu bener2 teu kaharti ku logika. Ngan di daerah kuring mah ukur beda carita soal siliwangi teu matak jadi papaseaan nepika kaluar bahasa sia aing jiga di ieu milis. Kuring lain rek pundung, kuring bener rek pamit tapi dikudukeun nepikeun ieu carita heula, rek aya anu sarua atawa henteu, teu jadi pasualan jang kuring. Dimimitian ku soal siliwangi na, anjeuna raja sunda, manusa, persis jiga urang, euweuh bedana, borojol, gede, hirup jeung maot. Ngan nu ngabedakeun anjeuna raja anu kawentar ti tatar sunda nu disebut pajajaran. Siliwangi lain maung, dahar daging asak lain daging atah jsb. Siliwangi oge boga kaleuwihan jeung kakurangan saperti manusa biasana, siliwangi teu tilem, ngahiang atawa ngaleungit ka alam sejen jeung hirup nepika ayeuna Nu kudu diturutan ti siliwangi teh nyaeta kamampuanna ngahijikeun sakabeh tatar sunda, dipikaserab ku tatanggana. Ngan siliwangi teu ati2 ka jalma2 disabudeureuna, nepika teu nyangka aya nu hianat ka dirina, neopika pajajaran ieu runtuh teu nyesa saeutik2 acan ku hianat ti dulurna. Sakitu heula, Cag NB: mun kuring rek dikaluarkeun ti ieu milis gara2 nulis ieu, heug wae kuring mah tarima hehehehe
