Tah kitu atuh ari posting teh, ulah ukur hahaheheh kjsaasmn iamscmksajch, make jeung ngaku-ngaku urang israel sagala. Jeung saha deuih nu rek dikaluarkeun? Kakara dikitukeun wae ni pundung, kawas lain urang sunda wae...
sikandar kumincir.blogspot.com 2010/12/4 Halimunan > Loba versi ngeunaan siliwangi di jaman anjeuna masih kumelendang, boro2 > sakuliah sunda, dalah di hiji daerah wae versina beda2, aya anu kaharti ku > logika aya anu bener2 teu kaharti ku logika. > > Ngan di daerah kuring mah ukur beda carita soal siliwangi teu matak jadi > papaseaan nepika kaluar bahasa sia aing jiga di ieu milis. > > Kuring lain rek pundung, kuring bener rek pamit tapi dikudukeun nepikeun > ieu carita heula, rek aya anu sarua atawa henteu, teu jadi pasualan jang > kuring. > > Dimimitian ku soal siliwangi na, anjeuna raja sunda, manusa, persis jiga > urang, euweuh bedana, borojol, gede, hirup jeung maot. Ngan nu ngabedakeun > anjeuna raja anu kawentar ti tatar sunda nu disebut pajajaran. > > Siliwangi lain maung, dahar daging asak lain daging atah jsb. Siliwangi oge > boga kaleuwihan jeung kakurangan saperti manusa biasana, siliwangi teu > tilem, ngahiang atawa ngaleungit ka alam sejen jeung hirup nepika ayeuna > > Nu kudu diturutan ti siliwangi teh nyaeta kamampuanna ngahijikeun sakabeh > tatar sunda, dipikaserab ku tatanggana. Ngan siliwangi teu ati2 ka jalma2 > disabudeureuna, nepika teu nyangka aya nu hianat ka dirina, neopika > pajajaran ieu runtuh teu nyesa saeutik2 acan ku hianat ti dulurna. > > Sakitu heula, > > Cag > > NB: mun kuring rek dikaluarkeun ti ieu milis gara2 nulis ieu, heug wae > kuring mah tarima hehehehe >
