2010/12/4 <[email protected]> > > > Kumargi akang nu naros, ku abdi di waler, nu diwartosan ka abdi ti guru > abdi ukur hiji siliwangi, nyaeta nu namina sri baduga nu nganut hindu, teras > gentos nami janten rohmat saatos lebet islam. >
Mun noong kailaharan dina artikel, upama urang ngarujuk ka hiji sumber, sok make tapak-lacak sitasi, nu satersuna ngait ka referensi. tujuanana ngarah pangaweruh teh bisa dikembangkeun ku balarea kalayan brukbrak. Mun tulisan di luhur make jejak sitasi, meureun jiga kieu nya: ================================================ Kumargi akang nu naros, ku abdi di waler, nu diwartosan ka abdi ti guru abdi ukur hiji siliwangi [1], nyaeta nu namina sri baduga nu nganut hindu, teras gentos nami janten rohmat saatos lebet islam. Rujukan [1] Katerangan nu pakait jeung nara sumber ================================================ Ngarah ku batur teu disebut ukur klaim Kang Imun, aya hadena upama nara sumberna rada dibahas. Mangga lajengkeung deui. -mh- > ------------------------------ > *From: * Jalak Pakuan <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Sat, 4 Dec 2010 18:10:26 +0800 (SGT) > *To: *<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *Siliwangi nu mana? Bls: [kisunda] Sajarah siliwangi 1# > > > > Ieu ku sim kuring dijudulan deui klarifikasi heula siliwangi, supaya > teu ngaleor ngobrolna kapayun urang tegeskeun heula: > Ieu siliwangi nu, mana? Siliwangi Sri Baduga atanapi salah sahiji raja > pasca Bubat? > > salam > JP > > > Makarya Mawa Raharja > > > ------------------------------ > *Dari:* Halimunan <[email protected]> > *Kepada:* [email protected] > *Terkirim:* Sab, 4 Desember, 2010 16:24:15 > *Judul:* [kisunda] Sajarah siliwangi 1# > > > > Loba versi ngeunaan siliwangi di jaman anjeuna masih kumelendang, boro2 > sakuliah sunda, dalah di hiji daerah wae versina beda2, aya anu kaharti ku > logika aya anu bener2 teu kaharti ku logika. > > Ngan di daerah kuring mah ukur beda carita soal siliwangi teu matak jadi > papaseaan nepika kaluar bahasa sia aing jiga di ieu milis. > > Kuring lain rek pundung, kuring bener rek pamit tapi dikudukeun nepikeun > ieu carita heula, rek aya anu sarua atawa henteu, teu jadi pasualan jang > kuring. > > Dimimitian ku soal siliwangi na, anjeuna raja sunda, manusa, persis jiga > urang, euweuh bedana, borojol, gede, hirup jeung maot. Ngan nu ngabedakeun > anjeuna raja anu kawentar ti tatar sunda nu disebut pajajaran. > > Siliwangi lain maung, dahar daging asak lain daging atah jsb. Siliwangi oge > boga kaleuwihan jeung kakurangan saperti manusa biasana, siliwangi teu > tilem, ngahiang atawa ngaleungit ka alam sejen jeung hirup nepika ayeuna > > Nu kudu diturutan ti siliwangi teh nyaeta kamampuanna ngahijikeun sakabeh > tatar sunda, dipikaserab ku tatanggana. Ngan siliwangi teu ati2 ka jalma2 > disabudeureuna, nepika teu nyangka aya nu hianat ka dirina, neopika > pajajaran ieu runtuh teu nyesa saeutik2 acan ku hianat ti dulurna. > > Sakitu heula, > > Cag > > NB: mun kuring rek dikaluarkeun ti ieu milis gara2 nulis ieu, heug wae > kuring mah tarima hehehehe > > >
