Naon buktina siliwangi(sri baduga),  jd mualaf? Da teu aya dasar anu nguatkeun 
yen mantena kungsi lebet islam. Lamun tea leres kitu ayana bagja temen. Tapi 
lamun teu oge moal ngurangan rasa hormat kuring kanu jadi karuhun. Ngan 
rarasaan kuring beja ti guru(lain guru bah imun) anu janten mualaf mah putrana 
nyaeta prabu kean santang
Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...!

-----Original Message-----
From: mh <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 4 Dec 2010 20:29:32 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: Siliwangi nu mana? Bls: [kisunda] Sajarah siliwangi 1#

2010/12/4 <[email protected]>

>
>
> Kumargi akang nu naros, ku abdi di waler, nu diwartosan ka abdi ti guru
> abdi ukur hiji siliwangi, nyaeta nu namina sri baduga nu nganut hindu, teras
> gentos nami janten rohmat saatos lebet islam.
>

Mun noong kailaharan dina artikel, upama urang ngarujuk ka hiji sumber, sok
make tapak-lacak sitasi, nu satersuna ngait ka referensi. tujuanana ngarah
pangaweruh teh bisa dikembangkeun ku balarea kalayan brukbrak.

Mun tulisan di luhur make jejak sitasi, meureun jiga kieu nya:

================================================
Kumargi akang nu naros, ku abdi di waler, nu diwartosan ka abdi ti guru abdi
ukur hiji siliwangi [1], nyaeta nu namina sri baduga nu nganut hindu, teras
gentos nami janten rohmat saatos lebet islam.

Rujukan
[1] Katerangan nu pakait jeung nara sumber
================================================

Ngarah ku batur teu disebut ukur klaim Kang Imun, aya hadena upama nara
sumberna rada dibahas.

Mangga lajengkeung deui.
-mh-

> ------------------------------
> *From: * Jalak Pakuan <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Sat, 4 Dec 2010 18:10:26 +0800 (SGT)
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Siliwangi nu mana? Bls: [kisunda] Sajarah siliwangi 1#
>
>
>
> Ieu ku sim kuring dijudulan deui klarifikasi heula siliwangi, supaya
> teu ngaleor ngobrolna kapayun urang tegeskeun heula:
> Ieu siliwangi nu, mana? Siliwangi Sri Baduga atanapi salah sahiji raja
> pasca Bubat?
>
> salam
> JP
>
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
>  ------------------------------
> *Dari:* Halimunan <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Terkirim:* Sab, 4 Desember, 2010 16:24:15
> *Judul:* [kisunda] Sajarah siliwangi 1#
>
>
>
> Loba versi ngeunaan siliwangi di jaman anjeuna masih kumelendang, boro2
> sakuliah sunda, dalah di hiji daerah wae versina beda2, aya anu kaharti ku
> logika aya anu bener2 teu kaharti ku logika.
>
> Ngan di daerah kuring mah ukur beda carita soal siliwangi teu matak jadi
> papaseaan nepika kaluar bahasa sia aing jiga di ieu milis.
>
> Kuring lain rek pundung, kuring bener rek pamit tapi dikudukeun nepikeun
> ieu carita heula, rek aya anu sarua atawa henteu, teu jadi pasualan jang
> kuring.
>
> Dimimitian ku soal siliwangi na, anjeuna raja sunda, manusa, persis jiga
> urang, euweuh bedana, borojol, gede, hirup jeung maot. Ngan nu ngabedakeun
> anjeuna raja anu kawentar ti tatar sunda nu disebut pajajaran.
>
> Siliwangi lain maung, dahar daging asak lain daging atah jsb. Siliwangi oge
> boga kaleuwihan jeung kakurangan saperti manusa biasana, siliwangi teu
> tilem, ngahiang atawa ngaleungit ka alam sejen jeung hirup nepika ayeuna
>
> Nu kudu diturutan ti siliwangi teh nyaeta kamampuanna ngahijikeun sakabeh
> tatar sunda, dipikaserab ku tatanggana. Ngan siliwangi teu ati2 ka jalma2
> disabudeureuna, nepika teu nyangka aya nu hianat ka dirina, neopika
> pajajaran ieu runtuh teu nyesa saeutik2 acan ku hianat ti dulurna.
>
> Sakitu heula,
>
> Cag
>
> NB: mun kuring rek dikaluarkeun ti ieu milis gara2 nulis ieu, heug wae
> kuring mah tarima hehehehe
>
>
>

Kirim email ke