Nuhun Kang Imun.
Tah tos jentre ayeuna mah, perkara nara sumberna, najan nara sumberna beda
ti nu biasa.

Uing aya dua kapanasaran:

Kahijina, perkara metodologina, hehehe, asa sarius teuing nya istilahna.
Maksud teh, kumaha eta carana,
nepikeun ka Kang Imun bisa komunikasi sareng nu jadi guru. Tapi keun we
heula pasualan ieu mah tong
waka dijawab heula nya, ngarah eusining pedaranana teu ngabuntut bangkong.
Laju kanu kadua we heula.

Pasualan kaduana, perkara eusining lalakon Siliwangi nu katampa ku Kang Imun
ti Ki Santang, kumaha eta
teh lalakonna. Asana pangateur caritana mah tos aya dua balikan (dua judul
"sajarah siliwangi 1#"), jigana cukup nya. Tah kumaha lalakon saterusna. Sok
der ah Kang Imun geura teraskeun.

-mh-

2010/12/6 Halimunan <[email protected]>

>
>
> Neruskeun caritaan saacana yen ieu carita lain ukur dongeng atawa harewos
> goib.. Kuring saparakanca estu ngorehan diditu didieu jang nambah kayakinan
> kana carita guru kuring ngeunaan sabagean kajadian nu dialaman ku siliwangi
> harita, guru kuring bisa nyaritakeun kusabab anjeuna ngalaman sorangan,
> nempo sorangan jeung ngadenge sorangan kajadian eta.
>
> Kunaon bet disebut guru? Lain kusabab nurunkeun elmu goib, batin jsb, lain
> oge nurunkeun atawa mere kakuatan ka kuring saparakanca, anjeuna disebut
> guru kusabab loba mamatahan alusna hirup jadi jelema teh jiga kumaha, nyarek
> mun alah, ngabenerkeun mun bener, jeung hiji deui, guru kuring eta nu
> nyaritakeun kajadian siliwangi nepika maotna.
>
> Kunaon guru kuring eta aya nepika ayeuna? Kusabab lain bangsa manusa,
> kajeun sasama mahluk, anjeuna lain bangsa manusa, tapi bangsa jin, anu
> umurna beda jeung kuring, jeung bangsa manusa.
>
> Kusabab kitu, anjeuna bisa nyaritakeun naon nu kaalaman ku anjeuna, naon
> anu jadi amanah siliwangi nu kudu ditepikeun ka turunan siliwangi ayeuna,
> ngarah apal kajadian sabenerna.ditepikeun ka kuring jang diteruskeun ka
> balarea, rek di percaya atawa henteu, rek di baca atawa henteu, teu jadi
> pasualan jang kuring, kuring ngan ukur kaamanahan nepikeun wungkul.
>
> Saha ari guru kuring saparakanca teh, kaasup guruna kang nonggerak, nu
> arang bijil ari teu perlu mah, beda jeung kuring nu rada sakainget. Guru
> kuring teh asmana SANTANG, KI SANTANG, atawa ku kuring mah disebit SI AKI.
>
> Kukituna, hampura mun engke dina cara nepikeun henteu saluyu jeung kaidah
> nulis nu aya, kusabab kuring lain tukang nulis artikel, teori, makalah jeung
> sajabana, sakali deui hanmpura dina kakurangan cara nepikeun ieu carita
> engkena.
>
>  
>

Kirim email ke