Kang Halimun, Asa can kungsi ngabejaan eta palintangan samemeh kajadianana, duka mun ngabejaanana teu diumumkeun didieu mah ngan kuring teu kungsi maca eta totonden ti akang. Ngan nu kuring kungsi maca teh akang nyebatkeun Gunung Tangkuban Perahu moal waka bitu....
Secara umum, gunung bitu, walungan banjir, lini gede, tsunami, kahuruan, jrrd eta teh kajadian alam nu bakal kajadian iraha wae ngan can aya nu bisa mastikeun iraha pasna eta kajadian bakal lumangsung. Sanajan ahli geology oge lamun arek ngalamarkeun lini, ngan bisa nyarita tina skala waktu sataun atawa dua taun. Beda jeung samagaha anu bisa diramal pergerakan panonpoe-bulan-bumi nepikeun ka bisa disebutkeun jam sabaraha eta kajadian bakal lumangsung. baktos, ilen kardani ________________________________ From: Halimunan <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wed, December 8, 2010 2:10:55 AM Subject: [kisunda] Teu daek ngarti Kunaon teu daek wae kaharti ? Mun ceuk kuring rek aya lini, pasti moal lila taneuh oyag.jiga di mentawai Mun ceuk kuring rek aya cai datang, caah, banjir di mana2, siga di mentawai jeung banten ayeuna. Mun ceuk kuring gunung ngabeledug, nya bakal ngabeledug jiga merapi jeung bromo Mun ceuk kuring bakal aya angin ngamuk, nya bakal datang angin gede ngawut2 nu kaliwat Can cukup bukti kuring apal kanu opat eta ? Atawa kurang keneh nu kudu ditingalikeun ka balarea ngarah percaya ?
