baraya sadaya yang sawarga,
di sunda aya jenis prediksi anu karitu, disebutna uga.
anu ngaluarkeun uga, nyaeta manusa anu geus linuwih, luhung elmu jembar
pangaweruh, waspada permana tingal, jrek jrek jrek noooonnnng!
unggal wewengkon boga ugana sewang2an. eta katangtuan sabwana, lain di sunda
wae ngan beda ngaran wungkul.
kamampuan ngaluarkeun uga , gumantung kana 'grade'na nu mawauga
aya uga saukur lokal, oge anu sipat universal.
conto jayabaya uga bakal aya oray anu ngagelar sajawa, rel kareta api
conto, bandung heurin ku tangtung, pinuh ku wangunan, pinuh kunu
palinter/tangtungan
sukapura ngadaun ngora, galunggung ngadeg tumenggung jsbna.
tah ari perkara obahna jaman kumaha?
dina uga siliwangi-padjadjaran, negeskeun urang sunda bakal harudang ku
obahna jaman.
kumaha totonden jeung titimangsana?
mun gunung bitu disusul ku tujuh gunung, talaga bedah ti wetan, sora
tutunggulan ti gunung jrrd.
hartina ; bakal aya bencana alam anu rohaka, bakal aya panyakit endemik,
bakal aya perang 'sodara' ...dimana-mana.
mangsana datang dina opat ratus taun kalima ( diucapkeun taun 1579).
conto dina perayaan hiji sura 1944 cakasunda, make candrasangkalana
1944, bumi bhakti kerta adeg;..... adeg kerta bhakti bumi,
bakal muncul pamingpin anyar, anu ngagantikeun samememehna, nu mawa
parobahan!
uin boga kayakinan ieu uga miboga sipat universal.
sakumaha kayakinan uin ka eyang prabu siliwangi.
cag!
hn*R3M




2010/12/8 ilen kardani <[email protected]>

>
>
> Kang Halimun,
>
> Asa can kungsi ngabejaan eta palintangan samemeh kajadianana, duka mun
> ngabejaanana teu diumumkeun didieu mah ngan kuring teu kungsi maca eta
> totonden ti akang. Ngan nu kuring kungsi maca teh akang nyebatkeun Gunung
> Tangkuban Perahu moal waka bitu....
>
> Secara umum, gunung bitu, walungan banjir, lini gede, tsunami, kahuruan,
> jrrd eta teh kajadian alam nu bakal kajadian iraha wae ngan can aya nu bisa
> mastikeun iraha pasna eta kajadian bakal lumangsung. Sanajan ahli geology
> oge lamun arek ngalamarkeun lini, ngan bisa nyarita tina skala waktu sataun
> atawa dua taun. Beda jeung samagaha anu bisa diramal pergerakan
> panonpoe-bulan-bumi nepikeun ka bisa disebutkeun jam sabaraha eta kajadian
> bakal lumangsung.
>
> baktos,
>
> ilen kardani
>
>  ------------------------------
> *From:* Halimunan <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Wed, December 8, 2010 2:10:55 AM
>
> *Subject:* [kisunda] Teu daek ngarti
>
>
>
> Kunaon teu daek wae kaharti ?
>
>
> Mun ceuk kuring rek aya lini, pasti moal lila taneuh oyag.jiga di mentawai
>
> Mun ceuk kuring rek aya cai datang, caah, banjir di mana2, siga di mentawai
> jeung banten ayeuna.
>
> Mun ceuk kuring gunung ngabeledug, nya bakal ngabeledug jiga merapi jeung
> bromo
>
> Mun ceuk kuring bakal aya angin ngamuk, nya bakal datang angin gede ngawut2
> nu kaliwat
>
> Can cukup bukti kuring apal kanu opat eta ? Atawa kurang keneh nu kudu
> ditingalikeun ka balarea ngarah percaya ?
>
>
>  
>

Kirim email ke