Maung di pajajaran dijadikeun simbul nagara, simbul gagah rongkahna maung.
Sarua jeung nu ayeuna dipake di ieu nagri nyaeta manuk dadali.
Manusa jeung maung beda jinis, nu hiji disebut jelema, ari maung mah sato,
nepika iraha oge tetep sato, nu kapinterana moal ngaleuwihan manusa anu geus
ditakdirkeun jadi khalifah di ieu dunya. Caritaan aya manusa nu robah jadi
maung, ukur dikira2, ukur dongeng panganteur sare, manusa bakal borojol, hirup
jeung maot tetep jadi manusa, kitu oge maung jeungsasatoan sejena. Moal aya
manusa anu maot jadi maung jsb, pake uteuk urang ulah ukur neureuy buled
kapercayaan anu teu dumasar kana hukum alam, hukum nu geus dijieun ku mantenna
jang ngajaga ieu alam teu paburantak.
Urang sunda oge sarua, siga manusa sejenna nu kumelendang di alam dunya,
borojol jadi manusa, hirup jadi manusa, jeung maot tetep jadi manusa, kawatesan
ku umur, euweuh nu bisa hirup salilana kajaba ti iblis. Euwueh nu bisa pindah
ka alam sejen, boro2 ka alam sejen nu can puguh jiga kumaha, pindah tina darat
ka cai ge moal aya nu bisa hirup.
Jadi euweuh bangsa manusa anu bisa kumelendang atawa asup ka alam jin, atawa
alam sejenna. Manusa mah geus kodratna moal bisa nyabrang ka alam sejen. Lamun
bangsa jin geus dibere kawenangan sabagean bisa asup ka alam jelema, kajeun teu
kabeh bisa oge, naon buktina? Guru kuring buktina, bisa asup ka alam manusa
nyaritakeun nu kaalaman harita jeung eyang prabu siliwangi.
Ari siliwangi kumaha ? Nya sarua wae, da borojol ti indung bapa manusa, borojol
jadi manusa, hirup jadi manusa, nepikeun ka maotna tetep jadi manusa,
dikuburkeun dina taneuh, jiga manusa sejena. Teu leuwih teu kurang, teu
ngaleungit, tilem, ngahiyang atawa pindah ka alam sejen, guru kuring saksina,
guru kuring nu nungkulan maotna, guru kuring nu nyaksian ngamakamkeuna. Guru
kuring nu katitipan amanah nepikeun ieu carita saacan siliwangi tilar dunya.
sakali deui, maung ukur simbul, maung loreng jadi simbul kagagahan, jang urusan
perang, silat jsb, di nagri sancang dipingpin ku hiji jin ngarana IJAJ. Maung
bodas simbul tina urusan kasakit, urusan ngubaran nu gering jsb, di sancang
dipingpin ku jin nu ngarana TUBA, maung hideung simbul tina urusan kadunyaan
dipingpin ku jin nu ngarana KULE. Simbul, sakabeh eta ukur simbul jang urang
sunda, urang moal bakal bisa robah jadi sato nu ngarana maung, nu hirupna di
leuweung, tara make baju2 acan, tara mandi, tara ngosok huntu jsb. Ulah daek
disebut turunan maung atawa bakal jadi maung, ngaragrageun darajat sorangan.
Ari siliwangi atawa ki santang bisa digeroan ayeuna ? MOAL!! Mun aya jin
siluman nu datang ka manusa ngaku2 siliwangi nu ngawujud maung atawa nu sejena,
ulah daek diperdaya. Ulah daek di bobodo ku bangsa guru kula anu teu hideng,
anu ngahaja ngabobodo supaya jalma2 tambah bodo.
Nu geus maot ikhlaskeun, tinggal turutan nu alusna, jauhan nu gorengna, kajeun
kalah kumaha geus moal bisa balik deui, moal bisa digero deui.
Naon ari pamacan, pamacan ukur wujud tina lengkah2 maung nu diterapkeun kana
silat, ukur eta, henteu leuwih, mun aya nu gegerem kasurupan kokoreh, cacakar
kana taneuh, eta sarua, jin siluman nu rek ngabobodo, lain kaasupan maung.
Euweuh maung nu bisa ngaeleungit jeung asup kana raga manusa, aya oge ngarontok
mun panggih dileuweun paduduaan jeung maung. Eta jurig nyiliwuri nu nginjeum
raga manusa jang ngabobodo manusa nu babari di bobodo, nu teu daek maca alam
jeung maca diri.
Tah kitu katerangan guru kuring pasualan maung, jadi maung jeung pamacan nu aya
di urang, sugan kaharti
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/