waah... jelema bodo we anu guguru ka bangsa Jin mah, puguh jelema mah leuwih
luhur darajatna tibatan Jin.
On Wed Dec 8th, 2010 8:42 PM ICT Halimunan wrote:
>Maung di pajajaran dijadikeun simbul nagara, simbul gagah rongkahna maung.
>Sarua jeung nu ayeuna dipake di ieu nagri nyaeta manuk dadali.
>
>Manusa jeung maung beda jinis, nu hiji disebut jelema, ari maung mah sato,
>nepika iraha oge tetep sato, nu kapinterana moal ngaleuwihan manusa anu geus
>ditakdirkeun jadi khalifah di ieu dunya. Caritaan aya manusa nu robah jadi
>maung, ukur dikira2, ukur dongeng panganteur sare, manusa bakal borojol, hirup
>jeung maot tetep jadi manusa, kitu oge maung jeungsasatoan sejena. Moal aya
>manusa anu maot jadi maung jsb, pake uteuk urang ulah ukur neureuy buled
>kapercayaan anu teu dumasar kana hukum alam, hukum nu geus dijieun ku mantenna
>jang ngajaga ieu alam teu paburantak.
>
>Urang sunda oge sarua, siga manusa sejenna nu kumelendang di alam dunya,
>borojol jadi manusa, hirup jadi manusa, jeung maot tetep jadi manusa,
>kawatesan ku umur, euweuh nu bisa hirup salilana kajaba ti iblis. Euwueh nu
>bisa pindah ka alam sejen, boro2 ka alam sejen nu can puguh jiga kumaha,
>pindah tina darat ka cai ge moal aya nu bisa hirup.
>
>Jadi euweuh bangsa manusa anu bisa kumelendang atawa asup ka alam jin, atawa
>alam sejenna. Manusa mah geus kodratna moal bisa nyabrang ka alam sejen. Lamun
>bangsa jin geus dibere kawenangan sabagean bisa asup ka alam jelema, kajeun
>teu kabeh bisa oge, naon buktina? Guru kuring buktina, bisa asup ka alam
>manusa nyaritakeun nu kaalaman harita jeung eyang prabu siliwangi.
>
>Ari siliwangi kumaha ? Nya sarua wae, da borojol ti indung bapa manusa,
>borojol jadi manusa, hirup jadi manusa, nepikeun ka maotna tetep jadi manusa,
>dikuburkeun dina taneuh, jiga manusa sejena. Teu leuwih teu kurang, teu
>ngaleungit, tilem, ngahiyang atawa pindah ka alam sejen, guru kuring saksina,
>guru kuring nu nungkulan maotna, guru kuring nu nyaksian ngamakamkeuna. Guru
>kuring nu katitipan amanah nepikeun ieu carita saacan siliwangi tilar dunya.
>
>sakali deui, maung ukur simbul, maung loreng jadi simbul kagagahan, jang
>urusan perang, silat jsb, di nagri sancang dipingpin ku hiji jin ngarana IJAJ.
>Maung bodas simbul tina urusan kasakit, urusan ngubaran nu gering jsb, di
>sancang dipingpin ku jin nu ngarana TUBA, maung hideung simbul tina urusan
>kadunyaan dipingpin ku jin nu ngarana KULE. Simbul, sakabeh eta ukur simbul
>jang urang sunda, urang moal bakal bisa robah jadi sato nu ngarana maung, nu
>hirupna di leuweung, tara make baju2 acan, tara mandi, tara ngosok huntu jsb.
>Ulah daek disebut turunan maung atawa bakal jadi maung, ngaragrageun darajat
>sorangan.
>
>Ari siliwangi atawa ki santang bisa digeroan ayeuna ? MOAL!! Mun aya jin
>siluman nu datang ka manusa ngaku2 siliwangi nu ngawujud maung atawa nu
>sejena, ulah daek diperdaya. Ulah daek di bobodo ku bangsa guru kula anu teu
>hideng, anu ngahaja ngabobodo supaya jalma2 tambah bodo.
>
>Nu geus maot ikhlaskeun, tinggal turutan nu alusna, jauhan nu gorengna, kajeun
>kalah kumaha geus moal bisa balik deui, moal bisa digero deui.
>
>Naon ari pamacan, pamacan ukur wujud tina lengkah2 maung nu diterapkeun kana
>silat, ukur eta, henteu leuwih, mun aya nu gegerem kasurupan kokoreh, cacakar
>kana taneuh, eta sarua, jin siluman nu rek ngabobodo, lain kaasupan maung.
>Euweuh maung nu bisa ngaeleungit jeung asup kana raga manusa, aya oge
>ngarontok mun panggih dileuweun paduduaan jeung maung. Eta jurig nyiliwuri nu
>nginjeum raga manusa jang ngabobodo manusa nu babari di bobodo, nu teu daek
>maca alam jeung maca diri.
>
>Tah kitu katerangan guru kuring pasualan maung, jadi maung jeung pamacan nu
>aya di urang, sugan kaharti
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/