> From: "Halimunan" <[email protected]>
> Jadi euweuh bangsa manusa anu bisa kumelendang atawa asup ka alam jin,
> atawa alam sejenna. Manusa mah geus
> kodratna moal bisa nyabrang ka alam sejen. Lamun bangsa jin geus dibere
> kawenangan sabagean bisa asup ka alam
> jelema, kajeun teu kabeh bisa oge, naon buktina? Guru kuring buktina, bisa
> asup ka alam manusa nyaritakeun nu kaalaman > harita jeung eyang prabu
> siliwangi.
Bangsa Jin? Wah eta mah urusan nu ghaib-ghaib. Kuring sorangan mah acan
kungsi papanggih sakali-sakali acan, dalah urutna oge henteu jeung bangsa
jin teh ..... .heuheuheu. Nu kuring teu ngarti, Halimunan (saparakanca) nu
kalawan "gagah perkasa", nantang Nyai Roro Kidul, pangawasa laut kidul dinu
karang di basisir Pelabuhan Ratu, geuning masih percaya kana ayana Jin?
Weleh umpama kitu mah. naon bedana jeung nu percaya ka Nyai Roro Kidul,
papada sarua percaya ka alam Ghaib? Nu teu bisa dibuktikeun ku panca-indera
atawa kadeteksi ku alat-alat. Tapi ketang, kalakuan ngajejeleh kapercayaan
batur, bari ngarasa nu dipercaya ku manehna pangbenerna, geus lumangsung ti
saprakna jelema boga kapercayaan. Jeung ku sifat ieu, jelema bisa silih
rogahala tepika nelasan sasamana. Dina sajarah kacatet, aya sababaraha
perang gede, akibat ngarasa "pangbener" jeung ngarasa batur nu teu sarua
"bakal asup naraka".
Ari kuduna mah, Halimunan (saparakanca) make prinsip saperti beus kota,
"Sesama Bis kota, dilarang saling mendahului" da sabenerna mah papada sarua,
sarerea oge percaya kanu ghaib-ghaib. Lamun make basa/ kecap-kecap nu teu
"arrogan" jeung nantang, meureun moal aya nu sindir sampir tepika
ambek-ambekan. Perkara nu "ghaib"na beda, teu sarua, ah teu masalah, da ieu
mah pakait jeung "rasa". Nu "ghaib" ukur kadeteksi ku "rasa", teu bisa
dideteksi obyektif make sains (elmu pangaweruh). Akibat make "rasa" ieu,
jadi "beda-beda" di unggal jalma, lir ibarat pangabeuki: Sanajan ceuk batur
jengkol teh teu ngeunah, bau jeung matak jengkoleun, kuring mah tetep we
ngadahar, da beuki .......
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/