bah tiasa upami guru salira janten narasumber diskusi? keun lah tempat jeung snekna mah abdi nu naggung. kaleresan di bogor kuring sabalad sok ngayakeun diskusi ngeunaan sajarah sunda. jigana hade upama carita ieu di diskusikeun di darat. ngarah langkung teleb. henteu saarah wae...
2010/12/8 Halimunan <[email protected]> > > > Maung di pajajaran dijadikeun simbul nagara, simbul gagah rongkahna maung. > Sarua jeung nu ayeuna dipake di ieu nagri nyaeta manuk dadali. > > Manusa jeung maung beda jinis, nu hiji disebut jelema, ari maung mah sato, > nepika iraha oge tetep sato, nu kapinterana moal ngaleuwihan manusa anu geus > ditakdirkeun jadi khalifah di ieu dunya. Caritaan aya manusa nu robah jadi > maung, ukur dikira2, ukur dongeng panganteur sare, manusa bakal borojol, > hirup jeung maot tetep jadi manusa, kitu oge maung jeungsasatoan sejena. > Moal aya manusa anu maot jadi maung jsb, pake uteuk urang ulah ukur neureuy > buled kapercayaan anu teu dumasar kana hukum alam, hukum nu geus dijieun ku > mantenna jang ngajaga ieu alam teu paburantak. > > Urang sunda oge sarua, siga manusa sejenna nu kumelendang di alam dunya, > borojol jadi manusa, hirup jadi manusa, jeung maot tetep jadi manusa, > kawatesan ku umur, euweuh nu bisa hirup salilana kajaba ti iblis. Euwueh nu > bisa pindah ka alam sejen, boro2 ka alam sejen nu can puguh jiga kumaha, > pindah tina darat ka cai ge moal aya nu bisa hirup. > > Jadi euweuh bangsa manusa anu bisa kumelendang atawa asup ka alam jin, > atawa alam sejenna. Manusa mah geus kodratna moal bisa nyabrang ka alam > sejen. Lamun bangsa jin geus dibere kawenangan sabagean bisa asup ka alam > jelema, kajeun teu kabeh bisa oge, naon buktina? Guru kuring buktina, bisa > asup ka alam manusa nyaritakeun nu kaalaman harita jeung eyang prabu > siliwangi. > > Ari siliwangi kumaha ? Nya sarua wae, da borojol ti indung bapa manusa, > borojol jadi manusa, hirup jadi manusa, nepikeun ka maotna tetep jadi > manusa, dikuburkeun dina taneuh, jiga manusa sejena. Teu leuwih teu kurang, > teu ngaleungit, tilem, ngahiyang atawa pindah ka alam sejen, guru kuring > saksina, guru kuring nu nungkulan maotna, guru kuring nu nyaksian > ngamakamkeuna. Guru kuring nu katitipan amanah nepikeun ieu carita saacan > siliwangi tilar dunya. > > sakali deui, maung ukur simbul, maung loreng jadi simbul kagagahan, jang > urusan perang, silat jsb, di nagri sancang dipingpin ku hiji jin ngarana > IJAJ. Maung bodas simbul tina urusan kasakit, urusan ngubaran nu gering jsb, > di sancang dipingpin ku jin nu ngarana TUBA, maung hideung simbul tina > urusan kadunyaan dipingpin ku jin nu ngarana KULE. Simbul, sakabeh eta ukur > simbul jang urang sunda, urang moal bakal bisa robah jadi sato nu ngarana > maung, nu hirupna di leuweung, tara make baju2 acan, tara mandi, tara ngosok > huntu jsb. Ulah daek disebut turunan maung atawa bakal jadi maung, > ngaragrageun darajat sorangan. > > Ari siliwangi atawa ki santang bisa digeroan ayeuna ? MOAL!! Mun aya jin > siluman nu datang ka manusa ngaku2 siliwangi nu ngawujud maung atawa nu > sejena, ulah daek diperdaya. Ulah daek di bobodo ku bangsa guru kula anu teu > hideng, anu ngahaja ngabobodo supaya jalma2 tambah bodo. > > Nu geus maot ikhlaskeun, tinggal turutan nu alusna, jauhan nu gorengna, > kajeun kalah kumaha geus moal bisa balik deui, moal bisa digero deui. > > Naon ari pamacan, pamacan ukur wujud tina lengkah2 maung nu diterapkeun > kana silat, ukur eta, henteu leuwih, mun aya nu gegerem kasurupan kokoreh, > cacakar kana taneuh, eta sarua, jin siluman nu rek ngabobodo, lain kaasupan > maung. Euweuh maung nu bisa ngaeleungit jeung asup kana raga manusa, aya oge > ngarontok mun panggih dileuweun paduduaan jeung maung. Eta jurig nyiliwuri > nu nginjeum raga manusa jang ngabobodo manusa nu babari di bobodo, nu teu > daek maca alam jeung maca diri. > > Tah kitu katerangan guru kuring pasualan maung, jadi maung jeung pamacan nu > aya di urang, sugan kaharti > > __ > ___ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
