Tadina mah rek ngadepong. Tapi maca tulisan kang Oman meni ........ jadi hayang 
mere tanggapan.
Saestuna kuring jalma nu percaya yen Sundaland baheulana memang Sunda. Kuring 
pernah meunang informasi ti ambu Richadiana (ngaliwatan YM, email atwa 
facebook) cenah Sanjaya kakawasaanana nepi ka Filipina nu dibuktikeun ku ayana 
prasasti di ditu. Cenah mah si ambu teh rek nyieun buku sagala sual Sanjaya 
eta. Nya kuring gede hate Sunda = Sundaland bisa dibuktikeun sacara ilmiah 
(serius bin daria). Nya kuring ge gede hate aya heuheureuyan nu memper-memper 
SUNDA = Indonesia. Jadi nurutkeun kuring mah teu perlu heuheureuyan ieu 
dipisahkeun jejerna ti Sundaland. Tapi lamun nurutkeun para kuncen kudu 
dipisahkeun jejerna nya mangga.
Soal Jogja, terus terang kuring boga pamadegan anu beda. Lamun urang Jogja boga 
kasempetan jadi gubernur Jabar, nya kuring oge hayang nyaksian urang Jabar boga 
kasempetan jadi gubernur Jogja. Eta hungkul alesan kuring mah. Tapi kuring 
robah pikiran, teu neruskeun paguneman soal Jogja dina jejer Ngayogjakarto 
Hadiningrat sabab percuma, anu masalahna batur tapi nu paraseana urang.
Soal NKRI, kuring oge mindeng jadi delegasi Indonesia di forum regional 
mati-matian ngabela kapentingan Indonesia. Pernah oge didatangan ku urang 
Jepang nu ngamuk cenah Indonesia ngalanggar WTO gara-gara kuring nyieun aturan 
kandungan lokal. Tapi ku kuring disanghareupan ti gimir demi Indonesia. Jadi 
poma ulah dikait-kaitkeun sual Jogja jeung kacintaan kuring ka Indonesia. Pasti 
teu nyambung!
Cag heula kuring rek mulang sarta rek ngadidik anak ku bahan ajar IPA. Sugan 
isuk boga waktu sarta bisa nyambung gunem catur ieu.
Hatur nuhun. 



--- On Thu, 12/9/10, mh <[email protected]> wrote:

From: mh <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Sundaland
To: [email protected]
Date: Thursday, December 9, 2010, 3:50 AM















 
 



  


    
      
      
      Numatak mun uing, sok make tag, contona;

Selingan - Sundaland?

Ngarah teu salah harti nu macana


2010/12/9 oman abdurahman <[email protected]>
















 



  


    
      
      
      Justru eta KT, bisi aya anu nyangka diskusi Sundaland rek dibawa kaditu 
kadieu, ku kuring ditegeskeun deui bates-batens. Sundaland mah Sundaland wae 
sakumaha fakta kaelmuan, jajauhan tina hal-hal anu sakuduna jauh.



manar

2010/12/9 Jalak Pakuan <[email protected]>

















 



  


    
      
      
      Heu heu KO mah over seurieus lumpat kana hal NKRI, padahal aslina ieu 
tina utak atik angka/huruf nu  diasongkeun kang Asep terus diutak atik 
nanalaran. Tapi hade oge disigeung pan kaayaan ayeuna sensitif, haneuteun ku 
ngayogyahadiningrat. Diskusi sundaland ge orisinilna mah pan ngeunaan  geologi 
tapi terusna bisa kamana2.




Makarya Mawa Raharja



Dari: oman abdurahman
 <[email protected]>
Kepada: [email protected]


Terkirim: Kam, 9 Desember, 2010 15:53:52
Judul: Re: [kisunda] Sundaland








 



    
      
      
      Enya seug, ari sugan teh keur nguruskeun mana anu leuwih ti heula, kecap 
"Sunda" atawa "Indonesia". Ari pek teh keur ngutak-ngatik huruf :).

Ka para wargi sadaya, muga ulah lepat nya panampian. Maksudna ngasrogkeun data 
yen kecap "Sunda" leuwih ti heula ti kecap "Indonesia" di ieu milist lain arek 
ngutik-ngutik atawa nyisikudi soal "Sunda" vs "Indonesia" (dina harti NKRI). 
Tetep, Tatar Sunda teh bagean tina NKRI sakumaha urang Sunda eta bagian tina 
Bangsa Indonesia. Jadi, ngasongkeun patarosan pilihan antara Sunda (wilayah 
tatar budaya/suku) aya di (nyicingan) Indonesia (dina harti NKRI) atawa 
"Indonesia aya (nyicingan) di Sunda" eta henteu relevan.




Ieu mah nyaritakeun, yen dina elmu geologi jeung geografi khususna aya anu 
disebut "Sundaland" jeung...yen kecap Sunda mucunghulna leuwih ti heula 
tinimbang kecap "Indonesia" (wayahna da sakitu kaayaanana). Eta cenah perkara 
naha "Sundaland" teh hartina "taneuh Sunda"? Wah jauh teuing saeheulaanan mah. 
Boro-boro sakitu legana, taneuh anu aya ge dijarualan ka ...saha wae nu gaduh 
artos.




manar



 



2010/12/9 Dudi Herlianto <[email protected]>


















 



  


    
      
      
      mang oman, nu dijantenken masalah (hahay) ku sikuring mah sanes sundana, 
mung anagram 'ini soenda' sareng 'indonesia'. sababna mah, aya panganter nu 
nyebatkeun yen kalimah 'ini soenda' (janten sanes ukur kecap 'sunda') langkung 
payun tinimbang 'indonesia'. nu jadi kahariwang, najan rumaos kaleuleuwihi, 
bisi jadi aya anggapan yen kecap 'indonesia' teh asalna tina 'ini soenda'. nu 
tungtungna, tatar indonesia teh bogana urang sunda. urang sejenna ukur numpang, 
nu bisa unggal waktu diusir.... tuh pan leres, kaleuleuwihi, hihi...





2010/12/9 oman abdurahman <[email protected]>



















 



  


    
      
      
      Kecap "Sunda" geus aya ti taun abad ka-6 M atawa ceuk sakaol ti abad ka 
10 M (kumaha benerna titimangsa prasasti Kebon Kopi wae). Hal eta sakumaha dina 
prasasti Kebon Kopi (http://id.wikipedia.org/wiki/Sunda). Jadi, kecap 
"Indonesia" mah jauh leuwih ngora alias leuwih ti heula kecap "Sunda".






manar 


2010/12/9 Dudi Herlianto <[email protected]>



















 



  


    
      
      
      ejaan eta (nu ngangge oe) teh ejaan van ophuijsen. nu dijieun taun 1901. 
sedengkeun kecap indonesia (bade ngangge van ophuijsen atawa eyd sami wae) geus 
aya ti taun 1850, dina artikel nu ditulis ku james richardson logan. janten 
ageung keneh kamungkinan 'indonesia' heula manan 'ini soenda'. ku kituna naon 
nu diserat ku kang asep, ageung kamungkinan mung meleg-meleg heureuy.







halah naha kuring mah jadi serieus nya? :p
'ini teh soesoe, eneng mau?', 'mau, tapi tidak pake teh'. hehe

2010/12/9 Aschev Schuraschev <[email protected]>





















 



  


    
      
      
      

Langkung payun "ini soenda" atuh. Pan sateuacan Indonesia ngadeg, urang Walanda 
ngajar maos ka bangsawan pribumi. Kieu cenah:




Ini Boedi.Ini roemah Budi.
Ini Soenda.Kang Doedi oerang Soenda
Atos ah heureuyna, bilih kaleuleuwihi. Mangga dilajengkeun obrolan dariana. Sim 
kuring bade ngadepong deui.









--- On Thu, 12/9/10, Dudi Herlianto <[email protected]> wrote:







From: Dudi Herlianto <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Sundaland






To:
 [email protected]
Date: Thursday, December 9, 2010, 1:24 AM















 
 



    
      
      
      nu kieu mun teu lepat namina anagram. heureuy aksara....
sareng, saur saha 'ini soenda' nu ti payun? boa 'ini soenda' teh ti pengker 
sanggeus indonesia aya.

2010/12/9 Aschev Schuraschev <[email protected]>






















 



  


    
      
      
      

Upami teu acan engeuh ku warna, urang gentos atuh ku angka.
Kapungkur U teh diserta OE. Janten INI SUNDA kapungkur diserat INI SOENDA.





I N I   S O E N D A12 3   4 5  6  7 8  9
Upami ayeuna diserat deui (nanggo EYD) bari diutak-atik aksarana, nya janten:

I N D O N E S I A12  8 5  7 6  4 3 9



--- 











  









-- 
d-: dudi herlianto :-qpaciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk









    
     



 








      

    
     

    
    






  







__






  









-- 
d-: dudi herlianto :-qpaciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk






    
     

    
    






  










    
     








    
     

    
    






  










    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  











      

Kirim email ke