Acara eta digelar ku mahasiswa dina raraga Geography day, teu aya makalah anu khusus. Panicia teu ngabagikeun makalah. Sumber utamana mah tina buku gan Santos sareng gan oppenheimer.
Aya saurang pemakalah dosen geografi, anu madukeun geografi sareng arkeologi. Ceuk inyana teh, paninggalan undakan sareng batu-batu menhir anu pabalatak di sakuliah wewengkon Sumatera, Banten, Sukabumi (segaranten), Jawa tengah, jawa Timur, Sulawesi (toraja) dugi ka Papua, boa-boa eta teh salah sahiji titinggal peradaban ti atlantis. Ari kuring mah gaduh pendapat kieu. Boa-boa Urang Kanekes siga ayeuna teh dihaja supaya urang nalungtik leuwih jero, lain ngan sakadar budayana anu masih pengkuh miara adat istiadat ti karuhun. tapi perlu oge disaliksik tina perkara genetikna. Upama wae masyarakat siga urang Kanekes, Urang Dayak jeung suku bangsa sejenna di nagri Korea atawa Jepang anu masih ngagem budaya asli teu kacampuran budaya modern, dipariksa sacara genetis siga anu ditaratas Prof. Sangkot Mardjuki ti Eijkman, pasti munel tah hasil panalungtikanana. baktos, mrachmatrawyani ________________________________ From: Jalak Pakuan <[email protected]> To: [email protected] Sent: Sat, December 11, 2010 1:56:18 AM Subject: Kang Yani Bls: Sundaland & Sundanese Bls: [kisunda] Sundaland Asa ngadadak pisan moal kaudag KO. Nitip ka Kang Haji Yani mugi tiasa ngagaduhan makalah sareng eusi padungdengan di seminar. Salam JP Makarya Mawa Raharja
