2010/12/9 Aschev Schuraschev <[email protected]> > > > Saestuna kuring jalma nu percaya yen Sundaland baheulana memang Sunda. > Kuring pernah meunang informasi ti ambu Richadiana (ngaliwatan YM, email > atwa facebook) cenah Sanjaya kakawasaanana nepi ka Filipina nu dibuktikeun > ku ayana prasasti di ditu. Cenah mah si ambu teh rek nyieun buku sagala sual > Sanjaya eta. Nya kuring gede hate Sunda = Sundaland bisa dibuktikeun sacara > ilmiah (serius bin daria). Nya kuring ge gede hate aya heuheureuyan nu > memper-memper SUNDA = Indonesia. Jadi nurutkeun kuring mah teu perlu > heuheureuyan ieu dipisahkeun jejerna ti Sundaland. Tapi lamun nurutkeun para > kuncen kudu dipisahkeun jejerna nya mangga. >
Enya Si Ambu Dian, nu kiwari keur tilem ngahiyang ti jagat Ki Sunda, kungsi ngadongeng perkara pelat tambaga nu kapanggih di Filipina. Yen dia dipakumaha ku urang dinya sina pangmacakeun eusining eta dokumen bulukan teh. Jigana Si Ambu kiwari keur diolo tah ku urang sabrang lautan, pikeun kolabaorasi ngabahas barang bulukan.
