Kang Asep oge baraya sadaya, sim kuring mah masih can bisa nalikeun sundaland (geologi) jeung urang sunda (sundanese). (Sementara Atlantis mah teundeun we heula jauh teuing ngabahasna).
Matak ku sim kuring dialungkeun statement: 1. naha Sundaland teh taneuh sunda hartina taneuhna urang sunda (area, kakawasaan);, atanapi 2. tempat cicingna urang sunda? atanapi 3. sundaland mah ngaran land, taneuh nu di"adjective"an sunda? test case #1. Lamun Sanjaya - Filipina kaitanana urang sunda (Sanjaya raja sunda) nu boga kakawasaan nepi ka Filipina. Lamun Filipina dianggap daerah kakawasaan urang sunda mangkana Filipina teh sundaland. Test: Indochina nu sundaland (geologi) asup kana kakawasaan urang sunda?. test case#2. lamun sundaland tempat cicingna urang sunda. Test: (1) naha etnis nu aya di sundaland (geologi) kabeh urang sunda? Bisa oge ngetes urang dayak kalimantan varian ti urang sunda (?) (2) lamun etnis2 di sundaland (geologi) lain urang sunda hartina aya proses migrasi nepi ka urang sunda kasingkirkeun ngan sesa di pulo jawa beulah kulon. test xase#3. kedah ngajawab sajarah statement urang jawa nu nganggap "kebetulan" we baheula urang bule panggih jeung urang sunda matak nyieun peta dingaranan sundaland. Intina lamun panggih jeung urang jawa dingaranan jawaland jste. Haturkeun sakieu heula, salam JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Aschev Schuraschev <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Kam, 9 Desember, 2010 17:21:07 Judul: Re: [kisunda] Sundaland Tadina mah rek ngadepong. Tapi maca tulisan kang Oman meni ........ jadi hayang mere tanggapan. Saestuna kuring jalma nu percaya yen Sundaland baheulana memang Sunda. Kuring pernah meunang informasi ti ambu Richadiana (ngaliwatan YM, email atwa facebook) cenah Sanjaya kakawasaanana nepi ka Filipina nu dibuktikeun ku ayana prasasti di ditu. Cenah mah si ambu teh rek nyieun buku sagala sual Sanjaya eta. Nya kuring gede hate Sunda = Sundaland bisa dibuktikeun sacara ilmiah (serius bin daria). Nya kuring ge gede hate aya heuheureuyan nu memper-memper SUNDA = Indonesia. Jadi nurutkeun kuring mah teu perlu heuheureuyan ieu dipisahkeun jejerna ti Sundaland. Tapi lamun nurutkeun para kuncen kudu dipisahkeun jejerna nya mangga. Soal Jogja, terus terang kuring boga pamadegan anu beda. Lamun urang Jogja boga kasempetan jadi gubernur Jabar, nya kuring oge hayang nyaksian urang Jabar boga kasempetan jadi gubernur Jogja. Eta hungkul alesan kuring mah. Tapi kuring robah pikiran, teu neruskeun paguneman soal Jogja dina jejer Ngayogjakarto Hadiningrat sabab percuma, anu masalahna batur tapi nu paraseana urang. Soal NKRI, kuring oge mindeng jadi delegasi Indonesia di forum regional mati-matian ngabela kapentingan Indonesia. Pernah oge didatangan ku urang Jepang nu ngamuk cenah Indonesia ngalanggar WTO gara-gara kuring nyieun aturan kandungan lokal. Tapi ku kuring disanghareupan ti gimir demi Indonesia. Jadi poma ulah dikait-kaitkeun sual Jogja jeung kacintaan kuring ka Indonesia. Pasti teu nyambung! Cag heula kuring rek mulang sarta rek ngadidik anak ku bahan ajar IPA. Sugan isuk boga waktu sarta bisa nyambung gunem catur ieu. Hatur nuhun. --- On Thu, 12/9/10, mh <[email protected]>wrote: >From: mh <[email protected]> >Subject: Re: [kisunda] Sundaland >To: [email protected] >Date: Thursday, December 9, 2010, 3:50 AM > > > >Numatak mun uing, sok make tag, contona; > >Selingan - Sundaland? > >Ngarah teu salah harti nu macana > > > >2010/12/9 oman abdurahman <[email protected]> > > >>Justru eta KT, bisi aya anu nyangka diskusi Sundaland rek dibawa kaditu >>kadieu, >>ku kuring ditegeskeun deui bates-batens. Sundaland mah Sundaland wae sakumaha >>fakta kaelmuan, jajauhan tina hal-hal anu sakuduna jauh. >> >>manar >> >> >>2010/12/9 Jalak Pakuan <[email protected]> >> >> >> >>>Heu heu KO mah over seurieus lumpat kana hal NKRI, padahal aslina ieu tina >>>utak >>>atik angka/huruf nu diasongkeun kang Asep terus diutak atik nanalaran. Tapi >>>hade oge disigeung pan kaayaan ayeuna sensitif, haneuteun ku >>>ngayogyahadiningrat. Diskusi sundaland ge orisinilna mah pan ngeunaan >>>geologi >>>tapi terusna bisa kamana2. >>> >>> >>> >>>Makarya Mawa Raharja >>> >>> >>> >>> >>> ________________________________ Dari: oman abdurahman <[email protected]> >>>Kepada: [email protected] >>>Terkirim: Kam, 9 Desember, 2010 15:53:52 >>>Judul: Re: [kisunda] Sundaland >>> >>> >>> >>>Enya seug, ari sugan teh keur nguruskeun mana anu leuwih ti heula, kecap >>>"Sunda" >>>atawa "Indonesia". Ari pek teh keur ngutak-ngatik huruf :). >>> >>>Ka para wargi sadaya, muga ulah lepat nya panampian. Maksudna ngasrogkeun >>>data >>>yen kecap "Sunda" leuwih ti heula ti kecap "Indonesia" di ieu milist lain >>>arek >>>ngutik-ngutik atawa nyisikudi soal "Sunda" vs "Indonesia" (dina harti NKRI). >>>Tetep, Tatar Sunda teh bagean tina NKRI sakumaha urang Sunda eta bagian tina >>>Bangsa Indonesia. Jadi, ngasongkeun patarosan pilihan antara Sunda (wilayah >>>tatar budaya/suku) aya di (nyicingan) Indonesia (dina harti NKRI) atawa >>>"Indonesia aya (nyicingan) di Sunda" eta henteu relevan. >>> >>>Ieu mah nyaritakeun, yen dina elmu geologi jeung geografi khususna aya anu >>>disebut "Sundaland" jeung...yen kecap Sunda mucunghulna leuwih ti heula >>>tinimbang kecap "Indonesia" (wayahna da sakitu kaayaanana). Eta cenah >>>perkara >>>naha "Sundaland" teh hartina "taneuh Sunda"? Wah jauh teuing saeheulaanan >>>mah. >>>Boro-boro sakitu legana, taneuh anu aya ge dijarualan ka ...saha wae nu >>>gaduh >>>artos. >>> >>>manar >>> >>> >>> >>> >>> >>> >>> >>> >>>2010/12/9 Dudi Herlianto <[email protected]> >>> >>> >>>>mang oman, nu dijantenken masalah (hahay) ku sikuring mah sanes sundana, >>>>mung >>>>anagram 'ini soenda' sareng 'indonesia'. sababna mah, aya panganter nu >>>>nyebatkeun yen kalimah 'ini soenda' (janten sanes ukur kecap 'sunda') >>>>langkung >>>>payun tinimbang 'indonesia'. nu jadi kahariwang, najan rumaos kaleuleuwihi, >>>>bisi >>>>jadi aya anggapan yen kecap 'indonesia' teh asalna tina 'ini soenda'. nu >>>>tungtungna, tatar indonesia teh bogana urang sunda. urang sejenna ukur >>>>numpang, >>>>nu bisa unggal waktu diusir.... tuh pan leres, kaleuleuwihi, hihi... >>>> >>>> >>>>2010/12/9 oman abdurahman <[email protected]> >>>> >>>> >>>> >>>>>Kecap "Sunda" geus aya ti taun abad ka-6 M atawa ceuk sakaol ti abad ka 10 >>>>>M >>>>>(kumaha benerna titimangsa prasasti Kebon Kopi wae). Hal eta sakumaha dina >>>>>prasasti Kebon Kopi (http://id.wikipedia.org/wiki/Sunda). Jadi, kecap >>>>>"Indonesia" mah jauh leuwih ngora alias leuwih ti heula kecap "Sunda". >>>>> >>>>>manar >>>>> >>>>> >>>>> >>>>>2010/12/9 Dudi Herlianto <[email protected]> >>>>> >>>>> >>>>> >>>>>>ejaan eta (nu ngangge oe) teh ejaan van ophuijsen. nu dijieun taun 1901. >>>>>>sedengkeun kecap indonesia (bade ngangge van ophuijsen atawa eyd sami >>>>>>wae) geus >>>>>>aya ti taun 1850, dina artikel nu ditulis ku james richardson logan. >>>>>>janten >>>>>>ageung keneh kamungkinan 'indonesia' heula manan 'ini soenda'. ku kituna >>>>>>naon nu >>>>>>diserat ku kang asep, ageung kamungkinan mung meleg-meleg heureuy. >>>>>> >>>>>>halah naha kuring mah jadi serieus nya? :p >>>>>>'ini teh soesoe, eneng mau?', 'mau, tapi tidak pake teh'. hehe >>>>>> >>>>>> >>>>>> >>>>>>2010/12/9 Aschev Schuraschev <[email protected]> >>>>>> >>>>>> >>>>>>>Langkung payun "ini soenda" atuh. Pan sateuacan Indonesia ngadeg, urang >>>>>>>Walanda >>>>>>>ngajar maos ka bangsawan pribumi. Kieu cenah: >>>>>>> >>>>>>> >>>>>>>Ini Boedi. >>>>>>>Ini roemah Budi. >>>>>>> >>>>>>> >>>>>>>Ini Soenda. >>>>>>>Kang Doedi oerang Soenda >>>>>>> >>>>>>> >>>>>>>Atos ah heureuyna, bilih kaleuleuwihi. Mangga dilajengkeun obrolan >>>>>>>dariana. Sim >>>>>>>kuring bade ngadepong deui. >>>>>>> >>>>>>> >>>>>>> >>>>>>> >>>>>>>--- On Thu, 12/9/10, Dudi Herlianto <[email protected]> wrote: >>>>>>> >>>>>>> >>>>>>>>From: Dudi Herlianto <[email protected]> >>>>>>>>Subject: Re: [kisunda] Sundaland >>>>>>>>To: [email protected] >>>>>>>>Date: Thursday, December 9, 2010, 1:24 AM >>>>>>>> >>>>>>>> >>>>>>>> >>>>>>>> >>>>>>>>nu kieu mun teu lepat namina anagram. heureuy aksara.... >>>>>>>>sareng, saur saha 'ini soenda' nu ti payun? boa 'ini soenda' teh ti >>>>>>>>pengker >>>>>>>>sanggeus indonesia aya. >>>>>>>> >>>>>>>> >>>>>>>>2010/12/9 Aschev Schuraschev <[email protected]> >>>>>>>> >>>>>>>> >>>>>>>>>Upami teu acan engeuh ku warna, urang gentos atuh ku angka. >>>>>>>>> >>>>>>>>> >>>>>>>>>Kapungkur U teh diserta OE. Janten INI SUNDA kapungkur diserat INI >>SOENDA. >>>>>>>>> >>>>>>>>> >>>>>>>>>I N I S O E N D A >>>>>>>>>12 3 4 5 6 7 8 9 >>>>>>>>> >>>>>>>>> >>>>>>>>>Upami ayeuna diserat deui (nanggo EYD) bari diutak-atik aksarana, nya >>>>>janten: >>>>>>>>> >>>>>>>>> >>>>>>>>>I N D O N E S I A >>>>>>>>>12 8 5 7 6 4 3 9 >>>>>>>>> >>>>>>>>> >>>>>>>>> >>>>>>>>> >>>>>>>>>--- >>>>>>>>> >>>>>>>> >>>>>>>> >>>>>>>>-- >>>>>>>>d-: dudi herlianto :-q >>>>>>>>paciringan.wordpress.com >>>>>>>>kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk >>>>>>>> >>>>>>> >>>>>> >>>>>__ >>>> >>>> >>>> >>>>-- >>>>d-: dudi herlianto :-q >>>>paciringan.wordpress.com >>>>kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk >>>> >>> >>> >> >
