Baraya,

Ngabageakeun Mh anu geus ngamimitian posting guaran ilmiah populer ngeunaan
psikologi atawa kajiwaan, si kuring kacida bungahna lamun di milist kisunda
digedekeun guaran-guaran perkara psikologi atawa kajiwaan. Aya hadena
sababaraha dulur urang anu parigel atawa anu widang akademisna urusan
kajiwaan ieu diajak aktif atawa dihaturanan icikibung di ieu milist.

Apan ceuk sawatara ahli, aya 4 disiplin elmu anu wajib dipikawanoh tur
dilarapkeun kalawan parigel ku hiji pamimpin, lamun kapamimpinanana hayang
sukses. Anu opat teh nyaeta: filsafat, hukum, psikologi jeung komunikasi.
Keun lah elmu2 alam jeung sosial sejenna mah loba ahlina, kari ngamenej wae.
Tapi anu 4 eta mah mutlak kudu aya di hiji pamimpin.

Mangga dilajengkeun.

manar

Kirim email ke