Pami kang Dudi geer kasindiran teu nanaon tapi pami geer ka wanoja taaah eta nu 
jadi masalah pami teu tuntas heu heu .......Cerewed? ah teu nanaon ari nu 
cerewed teh kalebet jalmi asertif! Asertif ka sunda/kasundaan mantap kang.


 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: Dudi Herlianto <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Jum, 10 Desember, 2010 14:08:52
Judul: Re: Sindrom Luar Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan

  
haha, asa kasindiran. kuring sok rajeun cerewed di milis, padahal di dunya 
enyaan mah kuring teh cicingeun. naha asup kana 'si luar leor' ieu atawa aya 
sindrom rendah diri kitu nya? atawa dua-duana?


2010/12/10 Aschev Schuraschev <[email protected]>

  
>Sapagodos sareng kang Tirta.
>
>
>Sajabi ti eta, gaya urang nulis di ieu milis teu acan tangtos ngagambarkeun 
>sifat aslina dina dunya nyata. Tiasa wae aya nu nulis di ieu milis nu 
>katingalna 
>galak tapi dina hirup kumbuh di dunya nyata saleresna mah teu galak malah 
>someah 
>dipikanyaah ku batur dugi ka sukses dina karirna. Matak kitu oge gaduh elmuna 
>panginten. Kepribadian ganda? Duka tah, teu terang. Tapi sae wae upami 
>dipasihan 
>elmu psikologi deui mah. Susuganan janten nambihan kawijaksanaan, henteu galak 
>dina milis.
>
>
>Perkawis luar-leor dina ngabahas hiji jejer, sim kuring reueus aya kang Tirta 
>(oge ka mh) nu parantos kersa ngamoderasian sababaraha jejer, ngarahkeun 
>diskusi, sanaos teu acan disimpulkeun / dicindekkeun. Kang Tirta ulah kapok 
>janten moderator jejer (sanes moderator lalulintas milis). Saprak lebet ka  
>ieu 
>milis kirang langkung taun 1996, sim kuring mah positif pisan ka kang Tirta 
>teh. 
>Ageung pisan kabelana ka urang Sunda.
>
>
>Cag heula.
>
>
>Hatur nuhun.
>
>
>Aschev Schuraschev
>(ngaran asli: Asep)
>
>
>
>--- On Thu, 12/9/10, Jalak Pakuan <[email protected]> wrote:
>
>
>>From: Jalak Pakuan <[email protected]>
>>Subject: Sindrom Luar  Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan
>>To: [email protected]
>>Date: Thursday, December 9, 2010, 11:27 PM
>>
>>
>>
>>  
>>Sae KO pami seueur topik bahasan, tapi  kapan ceuk babasaan "menu dahareun 
>>salawasna leuwih loba batan kamampuan ngadahar",  bisa2 sanes kamerkaan deui 
>>tapi nepi ka utah. Kitu oge dina ngabahas ari luar leor kamana-mana bari teu 
>>araranggeus ngabahasna mah asa manglebarkeun sabab numutkeun sim kuring nu 
>>narulis di milis baroga uteuk, pangalaman nu hade. Teu puguh naon nu kaala 
>>dina 
>>padungdengan lian ti pagetreng pahereng2, mending lamun nepi ka "sepakat dina 
>>perbedaan". Ari ieu mah lus les teu jelas. Memang hakna narulis tapi lamun 
>>niat 
>>hade mah kapan dina rapat moal jadi nanaon lamun hujan interupsi, interupsi 
>>diinterupsi terus we nepi ka poho kana substansi nu dibahas, dirapatkeun.
>>
>>Ah sakalian we kuring nek nempo konsistensi, staying power urang sunda di ieu 
>>milis bisa keyeng henteu lamun  ngabahas hiji pasualan/topik nepi ka tuntas, 
>>atawa lumpatna kitu imej/image urang sunda nu "tukang ngabodor". Ceuk 
>>sababaraha 
>>babaturan stereotip urang sunda mah teu bisa jadi pamimpin sabab loba 
>>heureuyna.
>>
>>Kurang leuwihna nyuhunkeun dihapunten ka sadaya bilih nyugak ngaraheutkeun 
>>intelektual, psikis, hargadiri asa dipapatahan. Anapon KO ditulis sanes 
>>khususon 
>>ka KO, pedah kenal we jembar manahna jeung moderator deuih jadi apal maksud 
>>tulisan ieu.
>>
>>salam,
>>wilujeng jumaahan ka nu muslim
>>JP
>>
>> 
>>Makarya Mawa Raharja 
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

 

Kirim email ke