Kang Asep oge baraya sadaya  naha di milis sami sareng di dunya nyata duka atuh 
kumaha kumahana, ngan ceuk sim kuring mah tebih teuing kana kepribadian ganda 
ieu mah konsistensina bae salaku aktor, pamaen sinetron. 


Tapi nu janten perhatosan sim kuring mah pan aya paribasa kahade kana carita 
atawa tulisan eta ngagambarkeun eusi polo, pikiran. Lamun jadi kabiasaan 
nyarita, nulis toloheor, sembarangan nya pikiran oge kabiasakeun toloheor, 
sembarangan. Nu kitu ku alm. Prof Slamet Imam Santosonu disebat tulisan/pikiran 
cakar ayam. Bahayana nyaeta lumpatna kana kabiasaan/perilakui nu jadina cakar 
ayam oge. Nya ayeuna urang tapelkeun kana dinamika milis ieu luar leor, "hit 
and 
run" tara tuntas ngabahas hiji jejer...... Perlu panalungtikan seurieus oge 
kunaon2na.

Punten bilih panjang carita ayeuna mah geura emutan sasarengan urang asyik 
masyuk  madungdengkeun nu luar leor, sagala diheureuykeun, sagala dipaseakeun 
kaagungan karuhun, kapamimpinan, atlantis jste. tapi ari di luar ingetan, imej, 
citra urang sunda teh diwakilan ku  si kabayan, oneng, sule....... 


Kontradiktif? Paradox? 

salam
olohox

 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: Aschev Schuraschev <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Jum, 10 Desember, 2010 13:58:03
Judul: Re: Sindrom Luar  Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan

  
Sapagodos sareng kang Tirta.

Sajabi ti eta, gaya urang nulis di ieu milis teu acan tangtos ngagambarkeun 
sifat aslina dina dunya nyata. Tiasa wae aya nu nulis di ieu milis nu 
katingalna 
galak tapi dina hirup kumbuh di dunya nyata saleresna mah teu galak malah 
someah 
dipikanyaah ku batur dugi ka sukses dina karirna. Matak kitu oge gaduh elmuna 
panginten. Kepribadian ganda? Duka tah, teu terang. Tapi sae wae upami 
dipasihan 
elmu psikologi deui mah. Susuganan janten nambihan kawijaksanaan, henteu galak 
dina milis.

Perkawis luar-leor dina ngabahas hiji jejer, sim kuring reueus aya kang Tirta 
(oge ka mh) nu parantos kersa ngamoderasian sababaraha jejer, ngarahkeun 
diskusi, sanaos teu acan disimpulkeun / dicindekkeun. Kang Tirta ulah kapok 
janten moderator jejer (sanes moderator lalulintas milis). Saprak lebet ka  ieu 
milis kirang langkung taun 1996, sim kuring mah positif pisan ka kang Tirta 
teh. 
Ageung pisan kabelana ka urang Sunda.

Cag heula.

Hatur nuhun.

Aschev Schuraschev
(ngaran asli: Asep)



--- On Thu, 12/9/10, Jalak Pakuan <[email protected]> wrote:


>From: Jalak Pakuan <[email protected]>
>Subject: Sindrom Luar  Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan
>To: [email protected]
>Date: Thursday, December 9, 2010, 11:27 PM
>
>
>  
>Sae KO pami seueur topik bahasan, tapi  kapan ceuk babasaan "menu dahareun 
>salawasna leuwih loba batan kamampuan ngadahar",  bisa2 sanes kamerkaan deui 
>tapi nepi ka utah. Kitu oge dina ngabahas ari luar leor kamana-mana bari teu 
>araranggeus ngabahasna mah asa manglebarkeun sabab numutkeun sim kuring nu 
>narulis di milis baroga uteuk, pangalaman nu hade. Teu puguh naon nu kaala 
>dina 
>padungdengan lian ti pagetreng pahereng2, mending lamun nepi ka "sepakat dina 
>perbedaan". Ari ieu mah lus les teu jelas. Memang hakna narulis tapi lamun 
>niat 
>hade mah kapan dina rapat moal jadi nanaon lamun hujan interupsi, interupsi 
>diinterupsi terus we nepi ka poho kana substansi nu dibahas, dirapatkeun.
>
>Ah sakalian we kuring nek nempo konsistensi, staying power urang sunda di ieu 
>milis bisa keyeng henteu lamun  ngabahas hiji pasualan/topik nepi ka tuntas, 
>atawa lumpatna kitu imej/image urang sunda nu "tukang ngabodor". Ceuk 
>sababaraha 
>babaturan stereotip urang sunda mah teu bisa jadi pamimpin sabab loba 
>heureuyna.
>
>Kurang leuwihna nyuhunkeun dihapunten ka sadaya bilih nyugak ngaraheutkeun 
>intelektual, psikis, hargadiri asa dipapatahan. Anapon KO ditulis sanes 
>khususon 
>ka KO, pedah kenal we jembar manahna jeung moderator deuih jadi apal maksud 
>tulisan ieu.
>
>salam,
>wilujeng jumaahan ka nu muslim
>JP
>
> 
>Makarya Mawa Raharja
>
>
>
>
>
________________________________
Dari: oman abdurahman <[email protected]>
>Kepada: [email protected]
>Terkirim: Jum, 10 Desember, 2010 09:56:49
>Judul: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan
>
>  
>Baraya,
>
>Ngabageakeun Mh anu geus ngamimitian posting guaran ilmiah populer ngeunaan 
>psikologi atawa kajiwaan, si kuring kacida bungahna lamun di milist kisunda 
>digedekeun guaran-guaran perkara psikologi atawa kajiwaan. Aya hadena 
>sababaraha 
>dulur urang anu parigel atawa anu widang akademisna urusan kajiwaan ieu diajak 
>aktif atawa dihaturanan icikibung di ieu milist.
>
>Apan ceuk sawatara ahli, aya 4 disiplin elmu anu wajib dipikawanoh tur 
>dilarapkeun kalawan parigel ku hiji pamimpin, lamun kapamimpinanana hayang 
>sukses. Anu opat teh nyaeta: filsafat, hukum, psikologi jeung komunikasi. Keun 
>lah elmu2 alam jeung sosial sejenna mah loba ahlina, kari ngamenej wae. Tapi 
>anu 
>4 eta mah mutlak kudu aya di hiji pamimpin.
>
>Mangga dilajengkeun.
>
>manar
>
>
>
> 

 

Kirim email ke