haha, asa kasindiran. kuring sok rajeun cerewed di milis, padahal di dunya
enyaan mah kuring teh cicingeun. naha asup kana 'si luar leor' ieu atawa aya
sindrom rendah diri kitu nya? atawa dua-duana?

2010/12/10 Aschev Schuraschev <[email protected]>

>
>
> Sapagodos sareng kang Tirta.
>
> Sajabi ti eta, gaya urang nulis di ieu milis teu acan tangtos ngagambarkeun
> sifat aslina dina dunya nyata. Tiasa wae aya nu nulis di ieu milis nu
> katingalna galak tapi dina hirup kumbuh di dunya nyata saleresna mah teu
> galak malah someah dipikanyaah ku batur dugi ka sukses dina karirna. Matak
> kitu oge gaduh elmuna panginten. Kepribadian ganda? Duka tah, teu
> terang. Tapi sae wae upami dipasihan elmu psikologi deui mah. Susuganan
> janten nambihan kawijaksanaan, henteu galak dina milis.
>
> Perkawis luar-leor dina ngabahas hiji jejer, sim kuring reueus aya kang
> Tirta (oge ka mh) nu parantos kersa ngamoderasian sababaraha jejer,
> ngarahkeun diskusi, sanaos teu acan disimpulkeun / dicindekkeun. Kang Tirta
> ulah kapok janten moderator jejer (sanes moderator lalulintas milis). Saprak
> lebet ka ieu milis kirang langkung taun 1996, sim kuring mah positif pisan
> ka kang Tirta teh. Ageung pisan kabelana ka urang Sunda.
>
> Cag heula.
>
> Hatur nuhun.
>
> Aschev Schuraschev
> (ngaran asli: Asep)
>
>
>
> --- On *Thu, 12/9/10, Jalak Pakuan <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: Jalak Pakuan <[email protected]>
> Subject: Sindrom Luar Leor? Bls: [kisunda] Psikologi jeung Kapamimpinan
> To: [email protected]
> Date: Thursday, December 9, 2010, 11:27 PM
>
>
>
>
> Sae KO pami seueur topik bahasan, tapi  kapan ceuk babasaan "menu dahareun
> salawasna leuwih loba batan kamampuan ngadahar",  bisa2 sanes kamerkaan deui
> tapi nepi ka utah. Kitu oge dina ngabahas ari luar leor kamana-mana bari teu
> araranggeus ngabahasna mah asa manglebarkeun sabab numutkeun sim kuring nu
> narulis di milis baroga uteuk, pangalaman nu hade. Teu puguh naon nu kaala
> dina padungdengan lian ti pagetreng pahereng2, mending lamun nepi ka
> "sepakat dina perbedaan". Ari ieu mah lus les teu jelas. Memang hakna
> narulis tapi lamun niat hade mah kapan dina rapat moal jadi nanaon lamun
> hujan interupsi, interupsi diinterupsi terus we nepi ka poho kana substansi
> nu dibahas, dirapatkeun.
>
> Ah sakalian we kuring nek nempo konsistensi, staying power urang sunda di
> ieu milis bisa keyeng henteu lamun ngabahas hiji pasualan/topik nepi ka
> tuntas, atawa lumpatna kitu imej/image urang sunda nu "tukang ngabodor".
> Ceuk sababaraha babaturan stereotip urang sunda mah teu bisa jadi pamimpin
> sabab loba heureuyna.
>
> Kurang leuwihna nyuhunkeun dihapunten ka sadaya bilih nyugak ngaraheutkeun
> intelektual, psikis, hargadiri asa dipapatahan. Anapon KO ditulis sanes
> khususon ka KO, pedah kenal we jembar manahna jeung moderator deuih jadi
> apal maksud tulisan ieu.
>
> salam,
> wilujeng jumaahan ka nu muslim
> JP
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke