Kahatur kang Tubagus Rifki Luthfi Kartadiredja, Kang, sim kuring kantos maca buku Perang, Dagang, Persahabatan: Surat-surat Sultan Banten iasana Titik Pudjiastuti. Dina seratanana Titik ngan nalungtik naskah-naskah / serat-serat Sultan Banten dina basa Arab, Makayu sareng Jawa hungkul. Seratanana nujul kana naskah-naskah nu aya di Indonesia sareng nu aya di Walanda. Padahal pan interaksi Banten teh sareng urang Sunda oge, kalebet urang Galuh sareng Sukapura mangsa Priangan (Jabar Wetan-Kidul) dikawasa Mataram. Patarosan sim kuring kanggo kang tibagus Rifki, upami uninga, ku naon kinten-kintenna teu aya serat-serat Sultan Banten dina basa Sunda anu kapendak ku titik Pudjiastuti? Hatur nuhun sateuacanna, Aschev Schuraschev(Ngaran asli: Asep)
