> From: Aschev Schuraschev
> Kang, sim kuring kantos maca buku Perang, Dagang, Persahabatan: 
> Surat-surat Sultan Banten iasana Titik Pudjiastuti. Dina > seratanana 
> Titik ngan nalungtik naskah-naskah / serat-serat Sultan Banten dina basa 
> Arab, Makayu sareng Jawa hungkul.
> Seratanana nujul kana naskah-naskah nu aya di Indonesia sareng nu aya di 
> Walanda. Padahal pan interaksi Banten teh
> sareng urang Sunda oge, kalebet urang Galuh sareng Sukapura mangsa 
> Priangan (Jabar Wetan-Kidul) dikawasa Mataram. > Patarosan sim kuring 
> kanggo kang tibagus Rifki, upami uninga, ku naon kinten-kintenna teu aya 
> serat-serat Sultan Banten
> dina basa Sunda anu kapendak ku titik Pudjiastuti?

Ngiring mairan, lamun teu lepat ieu oge. Cenah mah ti saprakna Tatar 
Priangan di kawasa ku Mataram tepi ka dikawasa ku Walanda, "basa resmi" para 
menak Priangan teh Basa Jawa!. Panginten dina interkasi  anatara Priangan 
jeung Kasultanan Banten oge, Basa nu digunakeun nya Basa Jawa oge. Jadi moal 
mendakan naskah-naskah "resmi" di jaman harita dina Basa Sunda. Basa Sunda 
nembe "hudang" deui, ku alpukahna Panghulu Besar Garut Moh Musa jeung Hoelle 
(nu ngadegkeun kota Garut)  di abad ka 19 ( Tingali buku : Semangat Baru, 
Mikihiro). Tadina mah Basa Sunda geus kamarginalisasi, tepi ka urang walanda 
/ inggris oge nyarebutna Basa Jawa Gunung .......

Baktos,
WALUYA 



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke