> From: "Tubagus Rifki L" <[email protected]>
> Jadi, hipotesis pedah dikuasai Mataram teu aya bukti sajarah.
His enya pisan Banten mah teu dikawasa Mataram, ngan ari Priangan mah
jelas-jelas dikawasa Mataram nu terus dibikeun ka VOC kulantaran VOC mantuan
Sultan Amangkurat dina merangan dulurna. Di abad ka 16/17 aya tilu pilar
kakawasaan di Pulo Jawa: Banten, VOC di Batavia jeung Mataram di Wetan.
Priangan (Baca Sumedang Larang nu mangrupakeun karajaan leutik) katingalina
leuwih biluk ka Mataram tinimbang ka Banten, Pangawasa Sumedang Larang
diangkat ku Sultan Mataram. Tapi hiji waktu aya saurang pangeran Sumedang nu
teu "sugema" nu lumpat ka Banten, terus nuntut kakawasaan di Sumedang nu
dikawasa ku dulurna nu diangkat ku Mataram. Sang Pangeran ieu mawa/ dibere
balad ti Banten, nyerebu Sumedang dina poe Jumaah, pas keur Idul Fitri.
Tapi serbuan ieu gagal, Bupati Sumedang Rangga Gede salamet, lamun teu salah
mah lumpat/ ngungsi ka Indramayu. Poho deui terusna mah, ngan nu jelas,
cenah tina kajadian eta, di Priangan aya larangan teu meunang lebaran poe
Jumaah .....
Hahaha ...jadi kamana wae, dilajeng Kang Tubagus!
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/