> jawana banten mah leuwih deukeut ka carita demak, karajaan nu nurunkeun 
> mataram islam...

Enya kang Dud, lamun jeung Demak deukut. Pan Sunan Gunung Jati nu lain raja teh 
dibantuan ku tangatara Demak geusan nguasai Banten nu harita aya karajaan Sunda 
di Banten Girang. Ngan cik beja, karajaan Sunda Banten Girang ieu jijieunan 
Jawa basa Raja Kartanagara nyerebu ka Sriwijaya (Negarakertagama, Mpu Tantular).

Makana kadieunakeun Banten Girang dikekeak ku Padjajaran nu aya di Pakuan Bogor 
saketar taun 1333 M(Carita Parahyangan.) Sanggeus Banten Girang dikuasai 
Pajajaran, teu pati diurus ku Pajajajaran sabab harita Pajajaran geh keur aya 
dina kamunduran. Jadi Banten Girang Jiga kota tak bertuan, loba panyamun 
(nyampe ka kiwari jaman propinsi.

Sabarang Pajajaran runtuh, Banten Girang jadi inceran Demak. Tah, ngan teu 
kaharti keneh, kunaon Hasanudin, nu urang Sunda, akina Sunda, teu make bahasa 
Sunda. Naon jiga anak kula kitu nu kiwari cicing di serang lamun diajak ngomong 
Sunda ku kula, tatanya naon hartina, (anak kula ngomong jawa Serang)

Poklah pang teangankeun kunaon eta Raja-raja Islam di Banten kalah make basa 
jawi batan sunda.

Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
Kathah karya kabecikan, gawe baluarti bata kalawan kawis
TRL(K) K ditambihan ku kang Asep...ngeunaheun meureun mun jadi TERELEK

--- In [email protected], Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote:
>
> jawana banten mah leuwih deukeut ka carita demak, karajaan nu nurunkeun
> mataram islam...
> 
> 2010/12/10 Waluya <waluya2...@...>
> 
> >
> >
> > > From: "Tubagus Rifki L" <tbri...@... <tbrifki%40gmail.com>>
> >
> > > Jadi, hipotesis pedah dikuasai Mataram teu aya bukti sajarah.
> >
> > His enya pisan Banten mah teu dikawasa Mataram, ngan ari Priangan mah
> > jelas-jelas dikawasa Mataram nu terus dibikeun ka VOC kulantaran VOC
> > mantuan
> > Sultan Amangkurat dina merangan dulurna. Di abad ka 16/17 aya tilu pilar
> > kakawasaan di Pulo Jawa: Banten, VOC di Batavia jeung Mataram di Wetan.
> > Priangan (Baca Sumedang Larang nu mangrupakeun karajaan leutik) katingalina
> >
> > leuwih biluk ka Mataram tinimbang ka Banten, Pangawasa Sumedang Larang
> > diangkat ku Sultan Mataram. Tapi hiji waktu aya saurang pangeran Sumedang
> > nu
> > teu "sugema" nu lumpat ka Banten, terus nuntut kakawasaan di Sumedang nu
> > dikawasa ku dulurna nu diangkat ku Mataram. Sang Pangeran ieu mawa/ dibere
> > balad ti Banten, nyerebu Sumedang dina poe Jumaah, pas keur Idul Fitri.
> > Tapi serbuan ieu gagal, Bupati Sumedang Rangga Gede salamet, lamun teu
> > salah
> > mah lumpat/ ngungsi ka Indramayu. Poho deui terusna mah, ngan nu jelas,
> > cenah tina kajadian eta, di Priangan aya larangan teu meunang lebaran poe
> > Jumaah .....
> >
> > Hahaha ...jadi kamana wae, dilajeng Kang Tubagus!
> >
> > Baktos,
> > WALUYA
> >
> >  __
> > ___
> >
> 
> 
> 
> -- 
> d-: dudi herlianto :-q
> paciringan.wordpress.com
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke