Nuhun Mang Oman kanggo nambihan wawasan... Leres naon ceuk Mang Oman, tiasa jadi jutaan taun kapengker arab teh lautan nu pang jero-jerona, teu aneh didinya loba minyak.Upami mekah mah jiga "mangkok' dikulilingan ku gunung, posisina leuwih handap tibatan permukaan laut, matak teu aneh aya zam-zam (water, bahasa arab kuno) anu hasil intrusi air laut. Mangga lajengkeun mang Oman.... TM
--- Pada Ming, 12/12/10, oman abdurahman <[email protected]> menulis: Dari: oman abdurahman <[email protected]> Judul: Re: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui. Kepada: [email protected] Tanggal: Minggu, 12 Desember, 2010, 4:09 AM KT, 1) Baheula teh iraha? Lamun ukuran baheula teh waktu sajarah nalika manusa modern aya, taneuh Arab-Mesir geus gersang siga ayeuna. Ceuk itungan geologi, pembentukan (origin) sedimen anu ngawangun padang pasir ayeuna teh lumangsung 300 jutaan taun kaliwat. Prosesna teu sakali jadi sabab dina mangsa Oligocen (30 jutaan tahun kaliwat = 30 Million ago = 30 Ma) masih aya pembentukan muka bumi tanah tandus di eta wewengkon. Si kuring bisa mastikeun, yen di jaman nepi ka 10.000 taun ka tukang (perkiraan umur Adam as) eta wewengkon geus ngarupakeun kawasan tandus. Sok sanajan kitu, sakumaha ayeuna kapanggih, di sababaraha kawasan heureut di kawasan Arab teh aya oge kawasan-kawasan anu subur makmur (model Thaif). Upami surfing di google, mangga anggo kecap konci: "geological history of arabian dessert" atawa "origin of arabian dessert", jst. 2) Minyak, sakumaha diguar ku kang Waluya, kajadianana tina fossil jasad renik (sato atawa tutuwuhan anu leutik pisan), sabangsa foraminifera atawa ganggang. Jadi, henteu pantes disebut sasatoan atawa tatangkalan sabenerna mah (imej urang lamun nyebut "sato" pasti gede bungkeuleukanana, pon kitu deui lamun nyebut "tangkal", pasti katingal langsung ku panon). Tah upama fossil tatangkalan mah anu ngahasikeun batubara jeung dulur-dulurna (gambut, jsb). Sumber piminyakeun teh di laut, lain di darat. Jadi, anu disebut foraminifera jeung ganggang teh (anu lamun jadi fossil terus ngaliwatan proses geologi anu waktuna jutaan taun nepi ka ratusan juta taun) teh hirupna di laut. Perlu waktu jutaan taun ngaliwatan proses tekanan jeung tektonik nepi ka eta fossil teh jadi minyak tur ngageser lokasina jadi ka darat (darat soteh luhurna, da handapna mah bisa wae sarua jeung baheulana: dasar laut) Di Arab teu kapanggih batubara. Hal ieu nuduhkeun yen dina mangsa baheula (jutaan taun kaliwat) eta lingkungan teh lain lingkungan darat (tempat tatangkalan jeung sato darat harirup). 3) Lamun Sundaland harita darat, nya teu kudu sundaland wae anu darat teh. Lingkungan sabudeureunana, saperti daratan Muangtahi, Birma, jst ayeuna, bisa wae harita mangrupa daratan. Cag sakitu heula. manar 2010/12/12 Jalak Pakuan <[email protected]> Kang Engkus abdi kantos naros nu tacan aya nu ngawaler, ngajelaskeun: 1. Taneuh arab-mesir (ayeuna) baheulana teh kawas ayeuna gurun, gersang? 2. Kulantaran arab boga minyak nu tina fosil, fosil tina sasatoan/tatangkalan purba, naha teu mungkin baheulana aya tatangkalan kai/sasatoan? 3. Lamun sundaland nu boga tangkal kai jeung sasatoan, naha harita lempengan/land diluar sundaland teu boga tatangkalan jeung sasatoan? hatur nuhun JP Makarya Mawa Raharja Dari: engkus ruswana <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sab, 11 Desember, 2010 23:56:44 Judul: Bls: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui. Kapal gede tina kai, dijieun di luhur Gunung, terus memeh banjir aya hujan dordar gelap, sakabeh sasatoan asup ka parahu Nabi Nuh........ jadi nilik dina katerangan ieu, Nabi Nuh teh urang mana atuh..... jeung kajadianana dimana kira-kira nya...... da ari ceuk Prof Santos mah, carita model kieu teh disimpulkeun di wewengkon [paparan sunda (sunda land), kajadian es mencair akibat Gunung Krakatau bitu, atawa mungkin leuwih kolot deui waktu kajadian Gunung Toba Bitu....... --- Pada Sen, 29/11/10, Jalak Pakuan <[email protected]> menulis: Dari: Jalak Pakuan <[email protected]> Judul: Bls: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui. Kepada: [email protected] Tanggal: Senin, 29 November, 2010, 9:27 AM Dina kasus merapi pasukan terakhir nu nangtukeun cenah heulang, enya bae sanggeus rombongan heulang haliber ninggalkeun, Merapi ngajelegur. Dari: mh <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Ming, 28 November, 2010 17:53:51 Judul: Re: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui. 2010/11/29 Akang Tajimalela <[email protected]>  Sugan tiasa janten inspirasi kanggo wargi milis... Kantos maca perkawis Nabi Nuh tina buku sakola dasar, disebatkeun Nabi Nuh/Noah (Big Boat, bahasa Israel kuno,) ngadamel kapal cai anu ageung diluhur gunung, dugikeun anjeunan disebatkeun teu waras ku masyarakatna. Sateuacan banjir gede,disebatkeun dina carita di mimitian ku hujan gede jeung guludug teu eureun2, Nabi sareng pengikutna berbondong-bondong naek ke kapal termasuk sato2 anu liar kalebet anu piaraan, tidak termasuk kaum pembangkang nu malahan ngolok2 Nabi Noah (Big Boat) sareng umatna Aya anu "menarik" keur ditaliti ku urang2 (anu logis), sato2 tiasa naek kapal nyalira tanpa ada yang meng"komando" atau memberi perintah dina kaayaan hujan gede jeung guludug teu eureun2.Mun ningali kajadian kiwari basa keur tsunami gede di Aceh,aya beja ti koran leuwih saeutik sato anu paeh tibatan jelema anu maot.Sabaraha jam/menit sateuacan kajadian, ceuk beja kaayan jiga anu "sepi" tina sato2. Janten jelas upami sato2 kenging "indra" anu langkung seukeut tibatan manusia, Indra2 ieu tiasa dimanfaat keun kanggo kamanusiaan.Ngan hanjakal jarang dimanfaat keun kuurang-urang ayeuna komo ditaliti mah.Salah sahiji cara supados urang tiasa manfaatkeun Indra2 sato ieu, urang teh diparentahkeun "deukeut" jeung sato2 anu ngabogaan Indra2 eta. ngeunaan sato boga rasa, boga indra, atawa cohagna mah bisa nikir, uing boga dua dongeng nu kaalaman ku sorangan: dongeng ka-hiji: ari pagawean uing keur budak teh, teu beda jeung pagawean kangjeng nabi tea, hehehe, nyaeta tukang ngangon domba. caritana uing boga inguan domba, lumayan pinuh sakandang. unggal poe mun usum halodo, tiap balik sakola teh tugas utama uing ngencarkeun domba, digiring, ngadon diangon ka tegalan nepi ka ampir magrib. ngan orokaya, lamun geus sore ngaharib-harib ka asar, pagawean ngangon teh sok kabengbat ku ngadengekeun dongeng mang jaya, lalakon si buntung jago tutugan. tah sakadang domba nu keur anteng ngeremus jukut teh ku uing sok dibuburak, sina mulang. kulantaran balad dombana loba keneh nu can diampihkeun, nya sok hararese digiringkeunana. nya kapaksa, pecut jawabna. tah tetela lila-lila domba teh jiga nu ngarti, mun ninggali rentang-rentang uing di kajauhan ngadeukeutan maranehna, ceulina rancung ngarebingan, panonna gular-giler ka sisi ka gigir, terus malibir ngajauhan uing. dina kasus di luhur katangen yen sato hewan ge bisa mikir ngaliwatan naon nu kaalaman ku manehna salila hirup. nu matak teu aneh mun aya bencana alam, sok kabejakeun sato hewan liar, geus leuwih awal turun gunung. tapi teu kabeh sabenerna mah sato inguan mah, jigana instingna geus ngurangan. geuning kasus merapi ge, ngaleuya sapi jengker. dongeng kaduana ke disambung mun pareng. -mh-  Diantara 124.000 nabi-nabi hampir 90 persen na adalah peternak, 100 persenna "Menak" (tukang bura-bere).Basa keur Rasullullah nyebarkeun agama, salian ti rombongan jelema, anjeuna oge nyandak sato, domba jeung onta. Manfaat Onta jeung Domba didieu pikeun alat "navigasi" kanggo milarian daerah cai, lantaran domba jeung onta gaduh Indra (insting) kanggo milarian cai, manfaat nu sanesna keur berlindung ti badai pasir anu janten sering kajadian, jelema tiasa nagog keur nyumput diantara sato2.Mun aya badai domba2 merapatkan barisan jeung sesama domba. Mataksaha nu ngarampok sato2 eta kenging hukuman nu leuwih berat tibatan nyolong harta nu sanes dina aturan hukumna di padang pasir. Kulantaran "Menak" (tukang bura-bere) mun kanjeng Rasul mendakan kulawargi nu gaduh murangkalih, kulawargi eta sok dititipan sato, utamina anak domba, maksudna keur kaulinan budakna, ameh deukeut jeung sato, ngalatih insting budak sareng kahirupan kulawargi eta (tiasa ternak jeung nginum susuna). "Engke mun ngeus gede ieu budak, domba ieu urang peuncit...mun anakan, anakna jeung maneh" ceuk rasul Indungna domba urang peuncit...tah ieu nu nepikeun kiwari disebut "Ekah". "Ekah" atau kurban dalam konteks sosial mah "kurban", ber-kurban keur kahirupan orang lain, keur kamanusiaan, janten bentukna kurban tiasa "kurban" tanaga, pikiran, jeung harta, tidak mesti di  di"potong" atau jadi bagi-bagi daging jiga ayeuna, nu kitu mah "doktrin" tukang dagang...."Supados ditarima ku Gusti Pangeran sapina kudu anu 50 juta, nu sakitu mah langsung surga, lantaran gagah"...hahahah...bisaan wae tukang dagang mah. Janten naon dilakukeun ku para nabi diantarana Muhammad, aya unsur ke "arif lokal" misalna kudu deukeut jeung sato,keur alat navigasi, unsur sosialnya menaikan kehidupan batur, dimodalan usaha sareng tiasa tuang susu keur kesehatan, unsur agamana nya ke iklasannya membantu orang.Solusi sederhana, simpel namun jitu dilakukeun ku Muhammad. Tos heula, mugia kaharti (logis meuereun) sareng hapunteun kanggo bahasana, biasa pabaliut. Nu kieu mah saukur panambah pangaweruh urang, khususi milis, moal aya dina buku atanapi sakola mana wae...matak tok diperdebatkeun jeung batur,urang Israel, Ulama, komo tukang dagang mah...sok galak....haha TM
