Hatur nuhun pisan KO tos mairan kalayan ngabeberkeunan mun ceuk nalar mah tos 
runtuy ngan mokaha jadi terang aya hal2 nu perlu panalungtikan keur leuwih 
negeskeun validitas dasar/premis. Tah geuning aya bahan bilih bade S3 KO.

salam
KO
 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Ming, 12 Desember, 2010 07:29:37
Judul: Re: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui.

  
KT, ieu mah quick reply wae, mangga dibabaran dihandapeun padalisan postingan 
salira anu kapilih di handap ieu:

2010/12/12 Jalak Pakuan <[email protected]>

  
Kang Tirta (KT): 

Hatur nuhun KO, taaaaah salah saurang boga lalakon geology tos kaluar. Ieu 
diskusi sabenerna mah keur nguji pernyataan:
>1.  Nabi Nuh nyieun parahu tina kai jeung ngangkut sasatoan. 
==> abdi (manar) : Ieu statement diaku aya dina kitab samawi anu mana wae. Di 
dieu (teu katuliskeun dina statement di luhur mah) aya anu ngeleketek. Yen 
parahu Nabi Nuh a.s teh badag kacida, yen anu diangkut teh sasatoan lengkep 
tina 
rupa-rupa sasatoan anu aya di muka bumi, masing2 sajodo (kalayan asumsina 
pikeun 
nyalametkeun bangsa sasatoan. 


Kukituna, thesis na kang Engkus rada asup akal. lamun tea mah enya kitu 
kaayanana, tangtu Nabi Nuh a.s teh (samemeh banjir) aya di hiji wewengkon 
daratan anu subur ku tutuwuhan (nepi ka teu susah nyiar kai baradag) jeung 
lengkep rupa-rupa sasatoanana. Naha eta wewengkon teh Sundaland atawa lain, 
kuring teu bisa mastikeun. Ngan sahenteuna, thesis kang Engkus (anu anjeunna 
mah 
tersirat nuduhkeun yen patempatan Nabi Nuh a.s teh di Sundaland) rada asup akal 
(logis).

KT:

2.  Nu aya tatangkalan kai jeung sasatoan nyaeta sundaland;
==> manar: Lain Sundaland wae. Herita, deukeut wewengkon Saudi oge, atawa 
minimal di daratan India, loba wewengkon anu pinuh ku tatangkalan jeung 
sasatoan 


 KT:
3.  Jadi Nabi Nuh cicing di Sundaland. 
>Kasimpulan eta ngabantah anggepan Nabi Nuh ti timur tengah nu taneuhna 
>gersang/gurun. Kasimpulan kadua Nabi Nuh lain urang arab (mun diteruskeun Nabi 
>Nuh urang sunda sabab cicing di sundaland).
>
> ===>manar:  Can tangtu kang. Kacindekan yen nabi Nuh as - memeh lalayaran 
>alatan alam harita banjir badag - ayana di Sundaland kawilang masih atah. 
>Masih 
>perlu panalungtikan. Ngan, keur hiji kamungkinan mah bisa wae diasongkeun. 
>Ongkoh rarangkay teorina cukup kuat (sakumaha dina pamairan si kuring di luhur)

KT: 

Ku kituna sim kuring ngadamel patarosan nu urang sasarengan tingal 
kamungkinan2ana.
>1. Time frame, baheula tangtos disalaraskeun jeung padungdengan: baheula jaman 
>Nabi Nuh;
>2. Masalah minyak mah hiji cara nguji, duka aya cara sanesna nu langkung afdol 
>nu tujuanana ngayakinkeun naha ti jaman Nabi Nuh nepi ka kiwari timur tengah 
>teh 
>konsisten gurun/taneuh gersang?
>==> manar: Anu no 1 sapuk.
       Anu no 2: Ari kaayaan timur tengah gurun/taneuh gersang mah si kuring 
yakin geus ti jaman baheula, maksudna ti jaman Nabi Nuh as., malah ti 
samemehna. 
Ngan, sakumaha dina postingan si kuring tadi/samemeh ieu, tetep di wewengkon 
timur tengah oge aya enclave2 anu hejo atawa subur ku tutuwuhan (model 
wewengkon 
Thaif). 


Ngan (ngan deui wae), naha ieu enclave teh jaman baheula cukup lega jeung cukup 
subur ku tutuwuhan baradag jeung sasatoan anu aneka rupa? Inget, ayana sasatoan 
anu aneka rupa - ceuk elmu ekologi - pasti nuduhkeun wewengkon leuweung anu 
lega 
tur iklimna luyu sakumaha anu dibutuhkeun pikeun hirupna rupa-rupa sasatoan. 


 KT:
Masalah minyak sim kuring teu terang da lain widangna, teu ngartos. Ieu mah 
common sense we timur tengah kiwari boga minyak pengeboran darat jeung 
laut. Korelasina aya minyak aya fossil. Lamun fossil tina jasad renik 
naha renik 
eta ngan renik nyorangan atawa salah sahiji mata rante kadaharan?
>
> Ieu sim kuring tos ngalungkeun surelek nu eusina nyutat tina artikel pakait 
>Oman salah sahiji wewengkon di timur tengah. 
>
>
>
>"Fossil hunting in the desert is great! From rocks in an old oil well in 
>central 
>Oman come samples of the earliest plants found in the world. Deep wells in 
>south 
>Oman have recovered possibly the oldest volcanic glass in the world. Other 
>rocks 
>have released remains of some of the oldest fish in the world."
>
>Salengkepna tiasa dibaca di http://cgmme.com/Article.aspx?CId=Oman&Txt=1
>
>(halah punten KO ieu mah kaleresan digugel kaluar ieu sanes ngahaja milari 
>indentitas nu sami)
>===> manar: Hebat KT nepi ka mukaan pergeologian sagala hehehe. 
Fokus utama tina statemen anu dicutat ku KT nyaeta kana kalimah "the earliest 
plant in the world" jeung "the oldest volcanic glass in the world". KT terang 
sabaraha juta taun ka tukang umur tutuwuhan pangkolotna? jeung sabaraha juta 
taun ka tukang umur batuan gelas vulkanik pangkolotna? Mangga, taros (surfing) 
wae (abah) google. Ngan, perkiraan kuring, pasti kana jutaan taun katukang. 
Waktu kuring mukaan wikipedia, tetela, umur tutuwuhan pangkolotna teh kl 450 
juta taun ka tukang. Dihandap ieu cutanana:

#Bryophytes first appeared during the early Palaeozoic (~450 million years 
ago). 
They can only survive where moisture is available for significant periods, 
although some species are desiccation tolerant. Most species of bryophytes 
remain small throughout their life cycle. This involves an alternation between 
two generations: a haploid stage, called the gametophyte, and a diploid stage, 
called the sporophyte. The sporophyte is short-lived and remains dependent on 
its parent gametophyte. (Sumber: 
http://www.newworldencyclopedia.org/entry/Plant)#.

Komo old volcanic mah, da memeh aya tutuwuhan oge tangtu aya habitatna heula 
anu 
diantarana diwangun ku babatuan. Batuan gelas vulkanik (obsidian) pangkolotna 
baris leuwih kolot deui.

Jadi, kacindekanana, lamun data hasil pengeboran di Oman rek dihubungkeun jeung 
ayana leuweung di jazirah Arab, asa jauh teuing tina segi waktu. Maksudna, 
henteu bisa dipake dukungan data keur diskusi Nabi Nuh vis a vis Sundaland 
(dina 
raraga ngarojong atawa nolak).

KT:

Mangga tah kapan aya earliest plants from rocks. Volcanic glass teu terang 
persis hartosna tapi ceuk pengetahuan dimana aya volcanic didinya tempatna 
subur, lamun tempat subur nya kamungkinan aya tutuwuhan jeung sasatoan.
===> manar: Teu salawasna Kang. Lamun eta kagiatan vulkani teh ngarupakeun 
bagean tina runtuyan orogenesa (pembentukan gunung2) anu jangka waktuna bisa 
jutaan taun tapi terus terusan aya gunung bitu nepi ka henteu berkembang hiji 
lingkungan anu cocok keur kahirupan tutuwuhan jeung sasatoan, nya moal 
berkembang tutuwuhan jeung sasatoan. Dina berkembangna oge kawates pisan, alias 
henteu sagala tutuwuhan jeung pepelakan aya. Maksudna, dina hiji mangsa nun 
jutaan taun ka tukang di muka bumi ieu kungsi aya kajadian ting beledugna 
gunungapi, anu eta gunungapi teh teu kudu luhur atawa teu kudu berkembang 
heula. 




>KT:

Tungtungna urang balik deui, naha timur tengah ti jaman Nabi Nuh nepi ka kiwari 
konsisten gurun, taneuh gersang??

 ===> manar: lebah dieu kuring konsisten, ti Jaman Nabi Nuh as nepi ka ayeuna 
eta wewengkon timur tengah teh geus jadi gurun. Kajaba lamun aya bukti kuat anu 
nuduhkeun sabalikna. Ari data fossil tina pengeboran minyak anu di Oman mah 
nuduhkeun jaman anu mangjuta-juta taun jauhna satukangeun jaman Nabi Nuh as.


>KT:

3. Katerangan KO negeskeun darat lain sundaland hungkul, jadi kamungkinan ayana 
tatangkalan jeung sasatoan lain dominasi single mutlak sundaland. Hartina Nabi 
Nuh teu bisa dimutlakeun ayana di sundaland!
>
>Mangga KO, kang Engkus, Mh, wargi sanesna lajengkeun deui..
>
>baktos,
>JP
> 
>Makarya Mawa Raharja
>
>
>===> manar: Sapuk. Nabi Nuh teu bisa dimutlakeun di Sundaland ayana 
>
>manar
>"Sun Rawayan Raksaning Gusti" 
> 
>



Kirim email ke