KT, ieu mah quick reply wae, mangga dibabaran dihandapeun padalisan
postingan salira anu kapilih di handap ieu:

2010/12/12 Jalak Pakuan <[email protected]>

>
>
> Kang Tirta (KT):

> Hatur nuhun KO, taaaaah salah saurang boga lalakon geology tos kaluar. Ieu
> diskusi sabenerna mah keur nguji pernyataan:
> 1.  Nabi Nuh nyieun parahu tina kai jeung ngangkut sasatoan.
>

==> abdi (manar) : Ieu statement diaku aya dina kitab samawi anu mana wae. Di
dieu (teu katuliskeun dina statement di luhur mah) aya anu ngeleketek. Yen
parahu Nabi Nuh a.s teh badag kacida, yen anu diangkut teh sasatoan lengkep
tina rupa-rupa sasatoan anu aya di muka bumi, masing2 sajodo (kalayan
asumsina pikeun nyalametkeun bangsa sasatoan.

Kukituna, thesis na kang Engkus rada asup akal. lamun tea mah enya kitu
kaayanana, tangtu Nabi Nuh a.s teh (samemeh banjir) aya di hiji wewengkon
daratan anu subur ku tutuwuhan (nepi ka teu susah nyiar kai baradag) jeung
lengkep rupa-rupa sasatoanana. Naha eta wewengkon teh Sundaland atawa lain,
kuring teu bisa mastikeun. Ngan sahenteuna, thesis kang Engkus (anu anjeunna
mah tersirat nuduhkeun yen patempatan Nabi Nuh a.s teh di Sundaland) rada
asup akal (logis).

KT:

> 2.  Nu aya tatangkalan kai jeung sasatoan nyaeta sundaland;
>

==> manar: Lain Sundaland wae. Herita, deukeut wewengkon Saudi oge, atawa
minimal di daratan India, loba wewengkon anu pinuh ku tatangkalan jeung
sasatoan

 KT:

> 3.  Jadi Nabi Nuh cicing di Sundaland.
> Kasimpulan eta ngabantah anggepan Nabi Nuh ti timur tengah nu taneuhna
> gersang/gurun. Kasimpulan kadua Nabi Nuh lain urang arab (mun diteruskeun
> Nabi Nuh urang sunda sabab cicing di sundaland).
>
>
>  ===>manar:  Can tangtu kang. Kacindekan yen nabi Nuh as - memeh lalayaran
> alatan alam harita banjir badag - ayana di Sundaland kawilang masih atah.
> Masih perlu panalungtikan. Ngan, keur hiji kamungkinan mah bisa wae
> diasongkeun. Ongkoh rarangkay teorina cukup kuat (sakumaha dina pamairan
> si kuring di luhur)
>

KT:

> Ku kituna sim kuring ngadamel patarosan nu urang sasarengan tingal
> kamungkinan2ana.
> 1. Time frame, baheula tangtos disalaraskeun jeung padungdengan: baheula
> jaman Nabi Nuh;
> 2. Masalah minyak mah hiji cara nguji, duka aya cara sanesna nu langkung
> afdol nu tujuanana ngayakinkeun naha ti jaman Nabi Nuh nepi ka kiwari timur
> tengah teh konsisten gurun/taneuh gersang?
>
>
==> manar: Anu no 1 sapuk.
       Anu no 2: Ari kaayaan timur tengah gurun/taneuh gersang mah si kuring
yakin geus ti jaman baheula, maksudna ti jaman Nabi Nuh as., malah ti
samemehna. Ngan, sakumaha dina postingan si kuring tadi/samemeh ieu, tetep
di wewengkon timur tengah oge aya enclave2 anu hejo atawa subur ku tutuwuhan
(model wewengkon Thaif).

Ngan (ngan deui wae), naha ieu enclave teh jaman baheula cukup lega jeung
cukup subur ku tutuwuhan baradag jeung sasatoan anu aneka rupa? Inget, ayana
sasatoan anu aneka rupa - ceuk elmu ekologi - pasti nuduhkeun wewengkon
leuweung anu lega tur iklimna luyu sakumaha anu dibutuhkeun pikeun hirupna
rupa-rupa sasatoan.

 KT:

> Masalah minyak sim kuring teu terang da lain widangna, teu ngartos. Ieu mah
> common sense we timur tengah kiwari boga minyak pengeboran darat jeung
> laut. Korelasina aya minyak aya fossil. Lamun fossil tina jasad renik
> naha renik eta ngan renik nyorangan atawa salah sahiji mata rante kadaharan?
>
>  Ieu sim kuring tos ngalungkeun surelek nu eusina nyutat tina artikel
> pakait Oman salah sahiji wewengkon di timur tengah.
>
> "Fossil hunting in the desert is great! From rocks in an old oil well in
> central Oman come samples of the earliest plants found in the world. Deep
> wells in south Oman have recovered possibly the oldest volcanic glass in the
> world. Other rocks have released remains of some of the oldest fish in the
> world."
>
> Salengkepna tiasa dibaca di http://cgmme.com/Article.aspx?CId=Oman&Txt=1
>
> (halah punten KO ieu mah kaleresan digugel kaluar ieu sanes ngahaja milari
> indentitas nu sami)
>
>
===> manar: Hebat KT nepi ka mukaan pergeologian sagala hehehe.
Fokus utama tina statemen anu dicutat ku KT nyaeta kana kalimah "the
earliest plant in the world" jeung "the oldest volcanic glass in the world".
KT terang sabaraha juta taun ka tukang umur tutuwuhan pangkolotna? jeung
sabaraha juta taun ka tukang umur batuan gelas vulkanik pangkolotna? Mangga,
taros (surfing) wae (abah) google. Ngan, perkiraan kuring, pasti kana jutaan
taun katukang. Waktu kuring mukaan wikipedia, tetela, umur tutuwuhan
pangkolotna teh kl 450 juta taun ka tukang. Dihandap ieu cutanana:

#Bryophytes <http://www.newworldencyclopedia.org/entry/Bryophyte> first
appeared during the early
Palaeozoic<http://www.newworldencyclopedia.org/entry/Palaeozoic>(~450
million years ago). They can only survive where moisture is available
for significant periods, although some
species<http://www.newworldencyclopedia.org/entry/Species>are
desiccation tolerant. Most species of bryophytes remain small
throughout
their life cycle <http://www.newworldencyclopedia.org/entry/Life_cycle>.
This involves an alternation between two generations: a haploid stage,
called the gametophyte, and a diploid stage, called the sporophyte. The
sporophyte is short-lived and remains dependent on its parent gametophyte.
(Sumber: http://www.newworldencyclopedia.org/entry/Plant)#.

Komo old volcanic mah, da memeh aya tutuwuhan oge tangtu aya habitatna heula
anu diantarana diwangun ku babatuan. Batuan gelas vulkanik (obsidian)
pangkolotna baris leuwih kolot deui.

Jadi, kacindekanana, lamun data hasil pengeboran di Oman rek dihubungkeun
jeung ayana leuweung di jazirah Arab, asa jauh teuing tina segi waktu.
Maksudna, henteu bisa dipake dukungan data keur diskusi Nabi Nuh vis a vis
Sundaland (dina raraga ngarojong atawa nolak).

KT:

> Mangga tah kapan aya earliest plants from rocks. Volcanic glass teu terang
> persis hartosna tapi ceuk pengetahuan dimana aya volcanic didinya tempatna
> subur, lamun tempat subur nya kamungkinan aya tutuwuhan jeung sasatoan.
>

===> manar: Teu salawasna Kang. Lamun eta kagiatan vulkani teh ngarupakeun
bagean tina runtuyan orogenesa (pembentukan gunung2) anu jangka waktuna bisa
jutaan taun tapi terus terusan aya gunung bitu nepi ka henteu berkembang
hiji lingkungan anu cocok keur kahirupan tutuwuhan jeung sasatoan, nya moal
berkembang tutuwuhan jeung sasatoan. Dina berkembangna oge kawates pisan,
alias henteu sagala tutuwuhan jeung pepelakan aya. Maksudna, dina hiji
mangsa nun jutaan taun ka tukang di muka bumi ieu kungsi aya kajadian ting
beledugna gunungapi, anu eta gunungapi teh teu kudu luhur atawa teu kudu
berkembang heula.


>
KT:

> Tungtungna urang balik deui, naha timur tengah ti jaman Nabi Nuh nepi ka
> kiwari konsisten gurun, taneuh gersang??
>

 ===> manar: lebah dieu kuring konsisten, ti Jaman Nabi Nuh as nepi ka
ayeuna eta wewengkon timur tengah teh geus jadi gurun. Kajaba lamun aya
bukti kuat anu nuduhkeun sabalikna. Ari data fossil tina pengeboran minyak
anu di Oman mah nuduhkeun jaman anu mangjuta-juta taun jauhna satukangeun
jaman Nabi Nuh as.

>
>
KT:

> 3. Katerangan KO negeskeun darat lain sundaland hungkul, jadi kamungkinan
> ayana tatangkalan jeung sasatoan lain dominasi single mutlak sundaland.
> Hartina Nabi Nuh teu bisa dimutlakeun ayana di sundaland!
>
> Mangga KO, kang Engkus, Mh, wargi sanesna lajengkeun deui..
>
> baktos,
> JP
>
> Makarya Mawa Raharja
>
> ===> manar: Sapuk. Nabi Nuh teu bisa dimutlakeun di Sundaland ayana
>
>
> manar
> "Sun Rawayan Raksaning Gusti"
>
>
>
>  
>

Kirim email ke