Waduh, beurat pisan patarosan teh kang, sakumaha gedena eta parahu supaya bisa 
ngangkut sajodo-sajodo tina sasatoan darat. Moal milu ngajawab ah sieun kuma 
onam, inggis ku bisi rempan ku sugan.




________________________________
From: Jalak Pakuan <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Sun, December 12, 2010 5:41:39 PM
Subject: Bls: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui.

  
Hatur nuhun KO, taaaaah salah saurang boga lalakon geology tos kaluar. Ieu 
diskusi sabenerna mah keur nguji pernyataan:
1.  Nabi Nuh nyieun parahu tina kai jeung ngangkut sasatoan. 
2.  Nu aya tatangkalan kai jeung sasatoan nyaeta sundaland;
3.  Jadi Nabi Nuh cicing di Sundaland. 
Kasimpulan eta ngabantah anggepan Nabi Nuh ti timur tengah nu taneuhna 
gersang/gurun. Kasimpulan kadua Nabi Nuh lain urang arab (mun diteruskeun Nabi 
Nuh urang sunda sabab cicing di sundaland).


Ku kituna sim kuring ngadamel patarosan nu urang sasarengan tingal 
kamungkinan2ana.
1. Time frame, baheula tangtos disalaraskeun jeung padungdengan: baheula jaman 
Nabi Nuh;
2. Masalah minyak mah hiji cara nguji, duka aya cara sanesna nu langkung afdol 
nu tujuanana ngayakinkeun naha ti jaman Nabi Nuh nepi ka kiwari timur tengah 
teh 
konsisten gurun/taneuh gersang?

Masalah minyak sim kuring teu terang da lain widangna, teu ngartos. Ieu mah 
common sense we timur tengah kiwari boga minyak pengeboran darat jeung 
laut. Korelasina aya minyak aya fossil. Lamun fossil tina jasad renik 
naha renik 
eta ngan renik nyorangan atawa salah sahiji mata rante kadaharan?

 Ieu sim kuring tos ngalungkeun surelek nu eusina nyutat tina artikel pakait 
Oman salah sahiji wewengkon di timur tengah. 



"Fossil hunting in the desert is great! From rocks in an old oil well in 
central 
Oman come samples of the earliest plants found in the world. Deep wells in 
south 
Oman have recovered possibly the oldest volcanic glass in the world. Other 
rocks 
have released remains of some of the oldest fish in the world."

Salengkepna tiasa dibaca di http://cgmme.com/Article.aspx?CId=Oman&Txt=1

(halah punten KO ieu mah kaleresan digugel kaluar ieu sanes ngahaja milari 
indentitas nu sami)

Mangga tah kapan aya earliest plants from rocks. Volcanic glass teu terang 
persis hartosna tapi ceuk pengetahuan dimana aya volcanic didinya tempatna 
subur, lamun tempat subur nya kamungkinan aya tutuwuhan jeung sasatoan.

Tungtungna urang balik deui, naha timur tengah ti jaman Nabi Nuh nepi ka kiwari 
konsisten gurun, taneuh gersang??

3. Katerangan KO negeskeun darat lain sundaland hungkul, jadi kamungkinan ayana 
tatangkalan jeung sasatoan lain dominasi single mutlak sundaland. Hartina Nabi 
Nuh teu bisa dimutlakeun ayana di sundaland!

Mangga KO, kang Engkus, Mh, wargi sanesna lajengkeun deui..

baktos,
JP
 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Ming, 12 Desember, 2010 11:09:26
Judul: Re: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui.

  
KT,
1) Baheula teh iraha? Lamun ukuran baheula teh waktu sajarah nalika manusa 
modern aya, taneuh Arab-Mesir geus gersang siga ayeuna. Ceuk itungan geologi, 
pembentukan (origin) sedimen anu ngawangun padang pasir ayeuna teh lumangsung 
300 jutaan taun kaliwat. Prosesna teu sakali jadi sabab dina mangsa Oligocen 
(30 
jutaan tahun kaliwat = 30 Million ago = 30 Ma) masih aya pembentukan muka bumi 
tanah tandus di eta wewengkon. Si kuring bisa mastikeun, yen di jaman nepi ka 
10.000 taun ka tukang (perkiraan umur Adam as) eta wewengkon geus ngarupakeun 
kawasan tandus. Sok sanajan kitu, sakumaha ayeuna kapanggih, di sababaraha 
kawasan heureut di kawasan Arab teh aya oge kawasan-kawasan anu subur makmur 
(model Thaif).

Upami surfing di google, mangga anggo kecap konci: "geological history of 
arabian dessert" atawa "origin of arabian dessert", jst.

2) Minyak, sakumaha diguar ku kang Waluya, kajadianana tina fossil jasad renik 
(sato atawa tutuwuhan anu leutik pisan), sabangsa foraminifera atawa ganggang. 
Jadi, henteu pantes disebut sasatoan atawa tatangkalan sabenerna mah (imej 
urang 
lamun nyebut "sato" pasti gede bungkeuleukanana, pon kitu deui lamun nyebut 
"tangkal", pasti katingal langsung ku panon). Tah upama fossil tatangkalan mah 
anu ngahasikeun batubara jeung dulur-dulurna (gambut, jsb). 


Sumber piminyakeun teh di laut, lain di darat. Jadi, anu disebut foraminifera 
jeung ganggang teh (anu lamun jadi fossil terus ngaliwatan proses geologi anu 
waktuna jutaan taun nepi ka ratusan juta taun) teh hirupna di laut. Perlu waktu 
jutaan taun ngaliwatan proses tekanan jeung tektonik nepi ka eta fossil teh 
jadi 
minyak tur ngageser lokasina jadi ka darat (darat soteh luhurna, da handapna 
mah 
bisa wae sarua jeung baheulana: dasar laut) 


Di Arab teu kapanggih batubara. Hal ieu nuduhkeun yen dina mangsa baheula 
(jutaan taun kaliwat) eta lingkungan teh lain lingkungan darat (tempat 
tatangkalan jeung sato darat harirup).

 3) Lamun Sundaland harita darat, nya teu kudu sundaland wae anu darat teh. 
Lingkungan sabudeureunana, saperti daratan Muangtahi, Birma, jst ayeuna, bisa 
wae harita mangrupa daratan.

Cag sakitu heula.

manar


2010/12/12 Jalak Pakuan <[email protected]>

  
>Kang Engkus abdi kantos naros nu tacan aya nu ngawaler, ngajelaskeun:
>1. Taneuh arab-mesir (ayeuna) baheulana teh kawas ayeuna gurun, gersang?  
>2. Kulantaran arab boga minyak nu tina fosil, fosil tina sasatoan/tatangkalan 
>purba, naha teu mungkin baheulana aya tatangkalan kai/sasatoan? 
>3. Lamun sundaland nu boga tangkal kai jeung sasatoan, naha harita 
>lempengan/land diluar sundaland teu boga tatangkalan jeung sasatoan?
>
>
>hatur nuhun
>JP
>
>Makarya Mawa Raharja
>
>
>
>
>
________________________________
Dari: engkus ruswana <[email protected]>
>Kepada: [email protected]
>Terkirim: Sab, 11 Desember, 2010 23:56:44 
>
>Judul: Bls: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui.
>
>
>  
>Kapal gede tina kai, dijieun di luhur Gunung, terus memeh banjir aya hujan 
>dordar gelap, sakabeh sasatoan asup ka parahu Nabi Nuh........ jadi nilik dina 
>katerangan ieu, Nabi Nuh teh urang mana atuh..... jeung kajadianana dimana 
>kira-kira nya...... da ari ceuk Prof Santos mah, carita model kieu teh 
>disimpulkeun di wewengkon [paparan sunda (sunda land), kajadian es mencair 
>akibat Gunung Krakatau bitu, atawa mungkin leuwih kolot deui waktu kajadian 
>Gunung Toba Bitu....... 
>
>
>--- Pada Sen, 29/11/10, Jalak Pakuan <[email protected]> menulis:
>
>
>>Dari: Jalak Pakuan <[email protected]>
>>Judul: Bls: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui.
>>Kepada: [email protected]
>>Tanggal: Senin, 29 November, 2010, 9:27 AM
>>
>>
>>  
>>Dina kasus merapi pasukan terakhir nu nangtukeun cenah heulang, enya bae 
>>sanggeus rombongan heulang haliber ninggalkeun, Merapi ngajelegur. 
>>
>> 
>> 
>> 
>>
________________________________

>>Dari: mh <[email protected]>
>>Kepada: [email protected]
>>Terkirim: Ming, 28 November, 2010 17:53:51
>>Judul: Re: [kisunda] Nabi Nuh, Muhammad jeung sato deui.
>>
>>  
>>
>>
>>
>>2010/11/29 Akang Tajimalela <[email protected]>
>>
>>  
>>>
>>>>
>>>>Sugan tiasa janten inspirasi kanggo wargi milis...
>>>>
>>>>
>>>>Kantos maca perkawis Nabi Nuh tina buku sakola dasar, disebatkeun Nabi 
>>>>Nuh/Noah 
>>>>(Big Boat, bahasa Israel kuno,) ngadamel kapal cai anu ageung diluhur 
>>>>gunung, 
>>>>dugikeun anjeunan disebatkeun teu waras ku masyarakatna. Sateuacan banjir 
>>>>gede,disebatkeun dina carita di mimitian ku hujan gede jeung guludug teu 
>>>>eureun2, Nabi sareng pengikutna berbondong-bondong naek ke kapal termasuk 
>>>>sato2 
>>>>anu liar kalebet anu piaraan, tidak termasuk kaum pembangkang nu malahan 
>>>>ngolok2 
>>>>Nabi Noah (Big Boat) sareng umatna
>>>>
>>>>
>>>>Aya anu "menarik" keur ditaliti ku urang2 (anu logis), sato2 tiasa naek 
>>>>kapal 
>>>>nyalira tanpa ada yang meng"komando" atau memberi perintah dina kaayaan 
>>>>hujan 
>>>>gede jeung guludug teu eureun2.Mun ningali kajadian kiwari basa keur 
>>>>tsunami 
>>>>gede di Aceh,aya beja ti koran leuwih saeutik sato anu paeh tibatan jelema 
>>>>anu 
>>>>maot.Sabaraha jam/menit sateuacan kajadian, ceuk beja kaayan jiga anu 
>>>>"sepi" 
>>>>tina sato2. Janten jelas upami sato2 kenging "indra" anu langkung seukeut 
>>>>tibatan manusia, Indra2 ieu tiasa dimanfaat keun kanggo kamanusiaan.Ngan 
>>>>hanjakal jarang dimanfaat keun kuurang-urang ayeuna komo ditaliti mah.Salah 
>>>>sahiji cara supados urang tiasa manfaatkeun Indra2 sato ieu, urang teh 
>>>>diparentahkeun "deukeut" jeung sato2 anu ngabogaan Indra2 eta.      
>>>>
>
>ngeunaan sato boga rasa, boga indra, atawa cohagna mah bisa nikir, uing boga 
>dua 
>dongeng nu kaalaman ku sorangan:
>
>dongeng ka-hiji: ari pagawean uing keur budak teh, teu beda jeung pagawean 
>kangjeng nabi tea, hehehe, nyaeta tukang
>ngangon domba. caritana uing boga inguan domba, lumayan pinuh sakandang. 
>unggal 
>poe mun usum halodo, tiap balik
>sakola teh tugas utama uing ngencarkeun domba, digiring, ngadon diangon ka 
>tegalan nepi ka ampir magrib. ngan orokaya, 
>
>lamun geus sore ngaharib-harib ka asar, pagawean ngangon teh sok kabengbat ku 
>ngadengekeun dongeng mang jaya, 
>
>lalakon si buntung jago tutugan. tah sakadang domba nu keur anteng ngeremus 
>jukut teh ku uing sok dibuburak, sina mulang.
>kulantaran balad dombana loba keneh nu can diampihkeun, nya sok hararese 
>digiringkeunana. nya kapaksa, pecut jawabna.
>
>tah tetela lila-lila domba teh jiga nu ngarti, mun ninggali rentang-rentang 
>uing 
>di kajauhan ngadeukeutan maranehna, ceulina 
>
>rancung ngarebingan, panonna gular-giler ka sisi ka gigir, terus malibir 
>ngajauhan uing. 
>
>
>dina kasus di luhur katangen yen sato hewan ge bisa mikir ngaliwatan naon nu 
>kaalaman ku manehna salila hirup. nu matak
>teu aneh mun aya bencana alam, sok kabejakeun sato hewan liar, geus leuwih 
>awal 
>turun gunung. tapi teu kabeh sabenerna mah
>sato inguan mah, jigana instingna geus ngurangan. geuning kasus merapi ge, 
>ngaleuya sapi jengker.
>
>dongeng kaduana ke disambung mun pareng.
>-mh-
>
> 
>
>
>>>
>>>Diantara 124.000 nabi-nabi hampir 90 persen na adalah peternak, 100 persenna 
>>>"Menak" (tukang bura-bere).Basa keur Rasullullah nyebarkeun agama, salian ti 
>>>rombongan jelema, anjeuna oge nyandak sato, domba jeung onta. Manfaat Onta 
>>>jeung 
>>>Domba didieu pikeun alat "navigasi" kanggo milarian daerah cai, lantaran 
>>>domba 
>>>jeung onta gaduh Indra (insting) kanggo milarian cai, manfaat nu sanesna 
>>>keur 
>>>berlindung ti badai pasir anu janten sering kajadian, jelema tiasa nagog 
>>>keur 
>>>nyumput diantara sato2.Mun aya badai domba2 merapatkan barisan jeung sesama 
>>>domba. Mataksaha nu ngarampok sato2 eta kenging hukuman nu leuwih berat 
>>>tibatan 
>>>nyolong harta nu sanes dina aturan hukumna di padang pasir.
>>>
>>>
>>>
>>>Kulantaran "Menak" (tukang bura-bere) mun kanjeng Rasul mendakan kulawargi 
>>>nu 
>>>gaduh murangkalih, kulawargi eta sok dititipan sato, utamina anak domba, 
>>>maksudna keur kaulinan budakna, ameh deukeut jeung sato, ngalatih insting 
>>>budak 
>>>sareng kahirupan kulawargi eta (tiasa ternak jeung nginum susuna). "Engke 
>>>mun 
>>>ngeus gede ieu budak, domba ieu urang peuncit...mun anakan, anakna jeung 
>>>maneh" 
>>>ceuk rasul Indungna domba urang peuncit...tah ieu nu nepikeun kiwari disebut 
>>>"Ekah". 
>>>
>>>
>>>"Ekah" atau kurban dalam konteks sosial mah "kurban", ber-kurban keur 
>>>kahirupan 
>>>orang lain, keur kamanusiaan, janten bentukna kurban tiasa "kurban" tanaga, 
>>>pikiran, jeung harta, tidak mesti di  di"potong" atau jadi bagi-bagi daging 
>>>jiga ayeuna, nu kitu mah "doktrin" tukang dagang...."Supados ditarima ku 
>>>Gusti 
>>>Pangeran sapina kudu anu 50 juta, nu sakitu mah langsung surga, lantaran 
>>>gagah"...hahahah...bisaan wae tukang dagang mah.
>>>
>>>
>>>Janten naon dilakukeun ku para nabi diantarana Muhammad, aya unsur ke "arif 
>>>lokal" misalna kudu deukeut jeung sato,keur alat navigasi, unsur sosialnya 
>>>menaikan kehidupan batur, dimodalan usaha sareng tiasa tuang susu keur 
>>>kesehatan, unsur agamana nya ke iklasannya membantu orang.Solusi sederhana, 
>>>simpel namun jitu dilakukeun ku Muhammad.
>>>
>>>
>>>Tos heula, mugia kaharti (logis meuereun) sareng hapunteun kanggo bahasana, 
>>>biasa pabaliut. Nu kieu mah saukur panambah pangaweruh urang, khususi milis, 
>>>moal aya dina buku atanapi sakola mana wae...matak tok diperdebatkeun jeung 
>>>batur,urang Israel, Ulama, komo tukang dagang mah...sok galak....haha
>>>
>>>
>>>TM      
>>
>>
>> 
>
> 
> 
>





      

Kirim email ke