bisa jadi nu kahiji ge politik. saurang tokoh pasantren tangtu jembar,
manehna bisa wae nikahkeun budakna ka saurang raja kapir keur udagan nu
leuwih gede. conto sejenna, nu bisa nguatan hal ieu kajadian dikawinkeun
awewe budak syaih bantong (cina islam) ka brawijaya (raja pamungkas
majapahit, hindu). ti rahim ieu putri cina bakal ngajuru raden patah, nu
daek teu daek bisa disebutkeun salasahiji faktor rugrugna majapahit.

ti dinya nikah beda agama, utamana ka pangawasa nagri geus lumrah jaman
baheula.

nu nomer opat, lamun urang sami percaya yen nu disebut siliwangi teh sri
baduga maharaja, urang nyarandekeun kana unggelan nu aya dina batutulis.
dina eta batu kaunggel ngaran sejen sri baduga teh sri sang ratu dewata.
dina islam kecap dewa teu aya sanes? nu gaduhna pan hindu. duka lamun kecap
ieu dipake ku urang islam jaman harita mah.

saterusna dina baris panganggeusan, kasebut, sri baduga teh nu nyieun
undakan ka leuweung samida, aya pamanggih nu nyebutkeun samida teh tangkal
nu sok dipake pikeun upacara srada. upacara keur nyampurnakeun arwah dina
agama hindu. malah mun percanten kana pamanggih mang saleh (danasasmita),
sri baduga teh disradakeun ku anakna. ieu ge di dumasaran kana pananggalan
nu aya dina batu tulis, nu jangkep 12 taun sanggeus sri baduga maot.

ketang nu disebut di luhur ge sami mung teori, nu lega kamungkinan salahna.
nuhun

2010/12/12 <[email protected]>

>
>
> 1. Pernikahan sareng subang larang nu islam nganggo nikah cara islam,
> hartosna siliwangi tos islam
> 2. Penyebaran islam ti lingkup karaton, dipingpin ku sunan rohmat nyaeta
> siliwangi tea
> 3. Cirebon jeung banten teu bisa ngaklaim nagara misah ti pajajaran, da
> dihandapeun kakawasaan pajajaran. Patalukan pajajaran.
> 4. Teu aya katerangan nu nyebut di tungtung hirupna siliwangi masih keneh
> hindu.
> 5. Sunda wiwitan tos ka singkirkeun ti awal agama2 dunia lebet ka tatar
> sunda saperti budha, hindu, islam, kristen jsb.
> 6. Carita nu dijieun ku walanda, cirebon, mataram jeung banten soal agama
> siliwangi di jungkir balikeun jang kapentingan pulitik kudeta maranehna ka
> pajajaran
>
> Referensina nya pilari we nyalira na internet
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * mh <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Sun, 12 Dec 2010 21:51:15 +0700
> *To: *Ki Sunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam?
>
>
>
> Cing baraya berendelkeun indikator nu kapanggih nu nuduhkeun aya
> hubungan antara Prabu Siliwangi jeung Islam
> -mh-
>   
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke