Leres kang, moal aya urang islam nu nyerahkeun anakna dikawin ku agama sejen, 
murtad atuh? Jelas hukumna dina islam, mending teu ngaku anak batan kudu anak 
pindah ageman. Islam heuras pisan dina soal ieu. Janten ieu ge bisa jadi faktor 
utama.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Jalak Pakuan <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Mon, 13 Dec 2010 18:43:05 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Bls: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam?

Mh ulah khilafff paktor mertua...saha calon mertua....

 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: mh <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sen, 13 Desember, 2010 16:48:44
Judul: Re: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam?

  
Lamun raja kawin ka rahayat biasa, ageman raja beda jeung ageman calon 
geureuhana na, 

numana nu paling mungkin nya:

1. Raja pindah ageman, nyaluyukeun jeung ageman calon geureuhana
2. Calon geureuha pindah ageman, nyaluyukeun jeung ageman sang raja


2010/12/13 Dudi Herlianto <[email protected]>

  
>bisa jadi nu kahiji ge politik. saurang tokoh pasantren tangtu jembar, manehna 
>bisa wae nikahkeun budakna ka saurang raja kapir keur udagan nu leuwih gede. 
>conto sejenna, nu bisa nguatan hal ieu kajadian dikawinkeun awewe budak syaih 
>bantong (cina islam) ka brawijaya (raja pamungkas majapahit, hindu). ti rahim 
>ieu putri cina bakal ngajuru raden patah, nu daek teu daek bisa disebutkeun 
>salasahiji faktor rugrugna majapahit.
>
>ti dinya nikah beda agama, utamana ka pangawasa nagri geus lumrah jaman 
baheula.
>
>nu nomer opat, lamun urang sami percaya yen nu disebut siliwangi teh sri 
>baduga 
>maharaja, urang nyarandekeun kana unggelan nu aya dina batutulis. dina eta 
>batu 
>kaunggel ngaran sejen sri baduga teh sri sang ratu dewata. dina islam kecap 
>dewa 
>teu aya sanes? nu gaduhna pan hindu. duka lamun kecap ieu dipake ku urang 
>islam 
>jaman harita mah.
>
>saterusna dina baris panganggeusan, kasebut, sri baduga teh nu nyieun undakan 
>ka 
>leuweung samida, aya pamanggih nu nyebutkeun samida teh tangkal nu sok dipake 
>pikeun upacara srada. upacara keur nyampurnakeun arwah dina agama hindu. malah 
>mun percanten kana pamanggih mang saleh (danasasmita), sri baduga teh 
>disradakeun ku anakna. ieu ge di dumasaran kana pananggalan nu aya dina batu 
>tulis, nu jangkep 12 taun sanggeus sri baduga maot.
>
>ketang nu disebut di luhur ge sami mung teori, nu lega kamungkinan salahna. 
>nuhun
>
>
>2010/12/12 <[email protected]>
>
>  
>>1. Pernikahan sareng subang larang nu islam nganggo nikah cara islam, 
>>hartosna 
>>siliwangi tos islam
>>2. Penyebaran islam ti lingkup karaton, dipingpin ku sunan rohmat nyaeta 
>>siliwangi tea
>>3. Cirebon jeung banten teu bisa ngaklaim nagara misah ti pajajaran, da 
>>dihandapeun kakawasaan pajajaran. Patalukan pajajaran.
>>4. Teu aya katerangan nu nyebut di tungtung hirupna siliwangi masih keneh 
>hindu.
>>5. Sunda wiwitan tos ka singkirkeun ti awal agama2 dunia lebet ka tatar sunda 
>>saperti budha, hindu, islam, kristen jsb.
>>6. Carita nu dijieun ku walanda, cirebon, mataram jeung banten soal agama 
>>siliwangi di jungkir balikeun jang kapentingan pulitik kudeta maranehna ka 
>>pajajaran
>>
>>Referensina nya pilari we nyalira na internet
>>Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

>>From:  mh <[email protected]> 
>>Sender:  [email protected] 
>>Date: Sun, 12 Dec 2010 21:51:15 +0700
>>To: Ki Sunda<[email protected]>
>>ReplyTo:  [email protected] 
>>Subject: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam?
>>
>>  
>>Cing baraya berendelkeun indikator nu kapanggih nu nuduhkeun aya 
>>hubungan antara Prabu Siliwangi jeung Islam
>>-mh-
>>
>>_,___
 


Kirim email ke