Lamun raja kawin ka rahayat biasa, ageman raja beda jeung ageman calon
geureuhana na,
numana nu paling mungkin nya:

1. Raja pindah ageman, nyaluyukeun jeung ageman calon geureuhana
2. Calon geureuha pindah ageman, nyaluyukeun jeung ageman sang raja

2010/12/13 Dudi Herlianto <[email protected]>

>
>
> bisa jadi nu kahiji ge politik. saurang tokoh pasantren tangtu jembar,
> manehna bisa wae nikahkeun budakna ka saurang raja kapir keur udagan nu
> leuwih gede. conto sejenna, nu bisa nguatan hal ieu kajadian dikawinkeun
> awewe budak syaih bantong (cina islam) ka brawijaya (raja pamungkas
> majapahit, hindu). ti rahim ieu putri cina bakal ngajuru raden patah, nu
> daek teu daek bisa disebutkeun salasahiji faktor rugrugna majapahit.
>
> ti dinya nikah beda agama, utamana ka pangawasa nagri geus lumrah jaman
> baheula.
>
> nu nomer opat, lamun urang sami percaya yen nu disebut siliwangi teh sri
> baduga maharaja, urang nyarandekeun kana unggelan nu aya dina batutulis.
> dina eta batu kaunggel ngaran sejen sri baduga teh sri sang ratu dewata.
> dina islam kecap dewa teu aya sanes? nu gaduhna pan hindu. duka lamun kecap
> ieu dipake ku urang islam jaman harita mah.
>
> saterusna dina baris panganggeusan, kasebut, sri baduga teh nu nyieun
> undakan ka leuweung samida, aya pamanggih nu nyebutkeun samida teh tangkal
> nu sok dipake pikeun upacara srada. upacara keur nyampurnakeun arwah dina
> agama hindu. malah mun percanten kana pamanggih mang saleh (danasasmita),
> sri baduga teh disradakeun ku anakna. ieu ge di dumasaran kana pananggalan
> nu aya dina batu tulis, nu jangkep 12 taun sanggeus sri baduga maot.
>
> ketang nu disebut di luhur ge sami mung teori, nu lega kamungkinan salahna.
> nuhun
>
> 2010/12/12 <[email protected]>
>
>>
>>
>> 1. Pernikahan sareng subang larang nu islam nganggo nikah cara islam,
>> hartosna siliwangi tos islam
>> 2. Penyebaran islam ti lingkup karaton, dipingpin ku sunan rohmat nyaeta
>> siliwangi tea
>> 3. Cirebon jeung banten teu bisa ngaklaim nagara misah ti pajajaran, da
>> dihandapeun kakawasaan pajajaran. Patalukan pajajaran.
>> 4. Teu aya katerangan nu nyebut di tungtung hirupna siliwangi masih keneh
>> hindu.
>> 5. Sunda wiwitan tos ka singkirkeun ti awal agama2 dunia lebet ka tatar
>> sunda saperti budha, hindu, islam, kristen jsb.
>> 6. Carita nu dijieun ku walanda, cirebon, mataram jeung banten soal agama
>> siliwangi di jungkir balikeun jang kapentingan pulitik kudeta maranehna ka
>> pajajaran
>>
>> Referensina nya pilari we nyalira na internet
>>
>> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>> ------------------------------
>> *From: * mh <[email protected]>
>> *Sender: * [email protected]
>> *Date: *Sun, 12 Dec 2010 21:51:15 +0700
>> *To: *Ki Sunda<[email protected]>
>> *ReplyTo: * [email protected]
>> *Subject: *[kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam?
>>
>>
>>
>> Cing baraya berendelkeun indikator nu kapanggih nu nuduhkeun aya
>> hubungan antara Prabu Siliwangi jeung Islam
>> -mh-
>>   _,___
>>
>

Kirim email ke