tiasa janten kitu. kuring di dieu sanes deuk nyebut siliwangi hindu atawa islam. kuring ngan ukur ngimbangan naon nu ditulis ku bah imun. nu tos yakin, siliwangi (baduga) teh islam
2010/12/13 Aschev Schuraschev <[email protected]> > > > Geningan dina tembang Sunda sok aya rumpaka "kasebat ngaran keur budak, > kasebit *ngaran keur leutik*, kasebut ngaran keur lembut. Dina kanyataan > kapungkur oge gening para ningrat gaduh ngaran keur leutik oge ngaran keur > sepuh. Aranjeunna mindeng gaduh jenengan langkung ti hiji. Komo deui Prabu > Siliwangi nu kasebat raja, tiasa gaduh jenengan langkung seueur, kalebet > jenengan Hinduna. > > Nujul kana batu tulis, anu nyerat teh pan sanes Prabu Siliwangi nu tos > pupus tapi anu sanesna. Tiasa wae anu nulis teh kulawargina anu masih ngagem > Hindu anu ngaraos langkung afdol nga-abadi-keun rajana ku jenengan Hindu > batan jenengan Siliwangi. > > Perkawis Sri Baduga nu ngadamel undakan ka leuweung samida, kedah > ditalungtik iraha-irahana. Upamina wae anjeunna kawitna ngagem Hindu, nya > wajar upami anjeunna kantos ngamumule tangkal samida. Tangtosna timeframe > dina mangsana anjeunna ngagem Hindu. > > Hatur nuhun. > Asep > > > > > --- On *Mon, 12/13/10, Dudi Herlianto <[email protected]>* wrote: > > > From: Dudi Herlianto <[email protected]> > Subject: Re: [kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? > To: [email protected] > Date: Monday, December 13, 2010, 12:24 AM > > > > > bisa jadi nu kahiji ge politik. saurang tokoh pasantren tangtu jembar, > manehna bisa wae nikahkeun budakna ka saurang raja kapir keur udagan nu > leuwih gede. conto sejenna, nu bisa nguatan hal ieu kajadian dikawinkeun > awewe budak syaih bantong (cina islam) ka brawijaya (raja pamungkas > majapahit, hindu). ti rahim ieu putri cina bakal ngajuru raden patah, nu > daek teu daek bisa disebutkeun salasahiji faktor rugrugna majapahit. > > ti dinya nikah beda agama, utamana ka pangawasa nagri geus lumrah jaman > baheula. > > nu nomer opat, lamun urang sami percaya yen nu disebut siliwangi teh sri > baduga maharaja, urang nyarandekeun kana unggelan nu aya dina batutulis. > dina eta batu kaunggel ngaran sejen sri baduga teh sri sang ratu dewata. > dina islam kecap dewa teu aya sanes? nu gaduhna pan hindu. duka lamun kecap > ieu dipake ku urang islam jaman harita mah. > > saterusna dina baris panganggeusan, kasebut, sri baduga teh nu nyieun > undakan ka leuweung samida, aya pamanggih nu nyebutkeun samida teh tangkal > nu sok dipake pikeun upacara srada. upacara keur nyampurnakeun arwah dina > agama hindu. malah mun percanten kana pamanggih mang saleh (danasasmita), > sri baduga teh disradakeun ku anakna. ieu ge di dumasaran kana pananggalan > nu aya dina batu tulis, nu jangkep 12 taun sanggeus sri baduga maot. > > ketang nu disebut di luhur ge sami mung teori, nu lega kamungkinan salahna. > nuhun > > 2010/12/12 <[email protected]<http://mc/[email protected]> > > > > > > 1. Pernikahan sareng subang larang nu islam nganggo nikah cara islam, > hartosna siliwangi tos islam > 2. Penyebaran islam ti lingkup karaton, dipingpin ku sunan rohmat nyaeta > siliwangi tea > 3. Cirebon jeung banten teu bisa ngaklaim nagara misah ti pajajaran, da > dihandapeun kakawasaan pajajaran. Patalukan pajajaran. > 4. Teu aya katerangan nu nyebut di tungtung hirupna siliwangi masih keneh > hindu. > 5. Sunda wiwitan tos ka singkirkeun ti awal agama2 dunia lebet ka tatar > sunda saperti budha, hindu, islam, kristen jsb. > 6. Carita nu dijieun ku walanda, cirebon, mataram jeung banten soal agama > siliwangi di jungkir balikeun jang kapentingan pulitik kudeta maranehna ka > pajajaran > > Referensina nya pilari we nyalira na internet > > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * mh <[email protected] <http://mc/[email protected]>> > *Sender: * > [email protected]<http://mc/[email protected]> > *Date: *Sun, 12 Dec 2010 21:51:15 +0700 > *To: *Ki > Sunda<[email protected]<http://mc/[email protected]> > > > *ReplyTo: * > [email protected]<http://mc/[email protected]> > *Subject: *[kisunda] Wacana - Prabu Siliwangi vs Islam? > > > > Cing baraya berendelkeun indikator nu kapanggih nu nuduhkeun aya > hubungan antara Prabu Siliwangi jeung Islam > -mh- > _,___ > > > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > paciringan.wordpress.com > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > > > > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
