Hatur nuhun tos dikutap-kutip. Bade mairan iklanna wungkul, isinamah can 
kauntup ku elmu kula ngeunaan Adam Tunggal. Eta website teu gratis, kula mayar. 
Teks nu aslina di alamat ieu, http://www.visitbaduyvillage.com/ . Mun aya di 
web nu lian, eta tiasa kenging ngopi atanapi kenging RSS, sapertos nu di 
Jakarta Post. 

Upami aya dulur nu bade nulis di baduyvillage mangga, ngan kedah ngangge bahasa 
Inggris, tulisanana orisinal, pamikiran sorangan, jeung perkawis Baduy atanapi 
Sunda. (Iklan oge ieu kitu?, punteh ah bongan dimimitian)

Nuhun, mangga dipangjawabkeun kunu sanes.
Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu,
Tong Caah kabanjiran, mun geus banjir mah sangsara
TRL



↑ Grab this Headline Animator


  ----- Original Message ----- 
  From: Maman 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, December 14, 2010 7:51 PM
  Subject: [kisunda] Adam Tunggal


    
  Ngutip ti wewebsitan damelan kang Rifki, geuningan ayana dina kharatisan? 
padahal pan upami dinu wadah nu resmi nyalira mah mung peryogi acis 400 
rebu(bandwidth unlimited, kapasitas data 300 MB). :)
  Bilih bade ku abdi didaptarkeun. he.he.he. iklan. Keun we etamah bubuka 
wungkul.
  Si kuring mah ayeuna hoyong mairan seratan anu dikutip tina website eta.

  Every individual of the Baduy is the embodiment of these unveiled mystical 
codes. They are responsible to take care "the Nation," which is now referring 
to the Republic of Indonesia and the whole world globally. The sacred duties 
call them to "ngabaratapakeun" and "ngabaratanghikeun" wiwitan.

  "Kami lain embung hirup kawas jalma lain. Kusabab kudu aya nu neguhkeun, 
matuhkeun wiwitan tea, kami kudu sanggup ngabaratapakeun-ngabaratanghikeun 
titipan ti Adam Tunggal" 

  (Suhada, Masyarakat Baduy Dalam Rentang Sejarah, 2007)
  ===
  Asa hemeng, maca seratan tina kutipan lisan Pu'un Suhada.
  Nyukcruk galur mapay raratan, tungtung-tungtungna ampir kabeh nu boga agama 
ti Nabi Ibrohim boga kayakinan
  yen urang-urang sakabeh jelema turunan ti Adam (tunggal), teras ceuk 
keterangan mah Hawa tina tulang sulbi
  nabi Adam.

  Upami ditingal dina geograpi, asa tebih pisan wewengkon Timur Tengah sareng 
Wewengkon Kanekes, tapi naha
  bet aya istilah anu sami : Adam ???

  Numutkeun oge hiji riwayat, turuna Adam ka dunia teh lelebahan na di India, 
teras tepang sareng Siti Hawa di Jabal Rahmah di Mekah Saudi Arabia ( mapah 
kitu Nabi Adam ti India ka Mekah, atanapi naek Onta ?).

  Soal asal muasal jelema, upami ngudag kana syareat mah moal meunang asanamah 
jawaban anu munel, acan deui
  pamikiran teori evolusi, wah matak butak sirah.

  Si kuring mah, osok dilumpatkeun kana kahakekatan(escapisme kitu?), kaitanna 
sereng perkawis Adam Tunggal teh numutkeun emutan abdi mah ngandung makna yen 
Adam teh Nunggal sareng Alam ieu, taneuh, bumi angin cai,
  seuneu ngahiji di ka-Adaman jeung turunan-nana, kumaha teknis sareng proses 
na mah wallohualam bisowab.

  Sebat we mitos, mung ku urang Kanekes mah eta janten ideologi (pola pikir) 
anu dijalankeun dina kahirupan
  nyata sapopoe, naon nyatana MIARA ALAM SEMESTA IEU anu mangrupakeun titipan 
ti Adam Tunggal. Jelas pisan
  naon anu diucapkeun jeung dilakukeun : sanggup 
ngabaratapakeun-ngabaratanghikeun titipan ti Adam Tunggal.
  Upami aya syahadatnamah tiasa wae dikedallisankeun ieu : 
'Ashaduallailahailleloh waashadu anna Adam khalifatulloh"

  Baktos
  mz



  

<<visitbaduyvillage.1.gif>>

Kirim email ke